Kamis, 03 Oktober 2013

Pendakian Sri Ajnyana


H-1
Sakit geui ngareungeuheun, cicing hanteu dék ma-tingtim, usma ku raga sarira. Béngkéng upapen rasana,
5. dosa a(ng)geus kanyahoan, ngeureuy teuing gawé hala, hanteu burung katalayah. Ja kini teuing rasa na, kasasar jadi manusa.
10. Sauma sang Sri Ajnyana: 'Adiing, ambet ka dini. Mulah ceurik nangtung dinya. Dini di lahunan aing Tuluy dirawu dipangku
15. Adiing aing ngalahun. Teher direduk na gelung, buuk panjang dirundaykeun, teher dikawul na beuheung, dicium diremek penyu, /lr/
20 diulas-ulas awakna.  Adiing Puah Aci Kembang, sakit ceurik beuteung heula. Mungku mangka a(ng)geus tineung. Adiing urang matingtim.
25 Lamun diturut tineunging, éboh ta ngamasih dosa,

H. 2
turun ka madiapada, Saur Puah Aci Kembang-. 'Lanceuk- ing sang Sri Ajnyana,
30. sakati(ng)kah aing milu: Ulah aing diti(ng)galkeun, sakaleumpang kundang aing, sorga papa deungeun aing, jeung kasih hamo kapalang.
35 Laki hiji kahavanging. Mumul aing palaksana. Ja dék leumpang enam-onam, lanceuking sang Sri Ajnyana. Deungeun Puah Aci Kembang.  40 kaintar diri ti sorga, turun ka ma/diapada. /Iv/ Sia leumpang sumoréang, teher reu(m)bay na cimata, waas di na kasorgaan.
45 'Nu mangkaing sakit ceurik, béngkéng teuing ku awaking, hanteu burung kasangsara, awaking jadi manusa, kapataka di buana.
50 Turun aing ka Damalung, datang ka lurah Pantara(n), didulur ku hujan poyan, ari ari katumbiri Téka metu kukus sanghub,
55 kuwung-kuwung tébéh timur, téja siang tébéh wétan, ki(ng)kila déwa mangjanma. Saturun jadi manusa, ayeuna mangrupa janma,
60 ngayuga raga sarira. mipangawak raja tamah. Datang panca mahabuta, reujeung deung panca indria, milu mawak mangsarira.
65  Butakala ngawisé/ sa, /2r/ nu awor kana ajnyana, milu ngahanan di raga, nyu(m)putan atma premana. Hilang na rasa wisésa, turun ke dunia. Jawab Puah Aci Kembang: Kakanda Sri Ajnyana,

H – 3
70 tutur kaimur ku lupa; hilang na cipta nirmala, kasilihan cipta mala, sangkan ning réa kahaya(ng), ku pangéndah rupawama. 75 Aya deui ti sakitu,
75 nu mangka aing kaduhung, kasasar katalanjuran, asih uni lulut asih, t(e)resna lupa wisésa,
80 malina di raja tamah, sangkan janma kapataka, kalolita di buana, kaimur ku rupa boga, sangsaya ku warna sadana,

85 kasurupan pangan inum, kala malina di raga, kabalik ka kama ratih, nu mangka kata/lanjuran, /2v/ kapataka di buana,

90 rumaket mo bisa mintar, kasaputan ku pangéndah, kabawa ku warna sadana, hurip sumurup lumangkah. Sanghiang Sumaradana,

95 nu mangka kamalinaan. Ayeuna aing ngarasa, sajuting mangrupa janma, hanteu i(ng)gat nemu mala, kasakit pati(n)dih-ti(n)dih,

100 na lara hanteu pegatna, hanteu beunang dita(m)baan, manggih lara sadakala. Urang ta matak manusa, halay teuing kalolita,

105 mangkuk di madiapada, a(ng)geus ngarasa na lara, na hésé bala pataka. Lamun kaangen sakitu, sakit geui ngareungeuheun.

110 Na ngeureuy hanteu ti heula,

H – 4
purah/ nuturkeun peundeuri, ngeureuy teuing gawe heula, kapataka di buana. Sakalih jeueung awaking,
115 lamun dek nyaho di ulah, mulah dek ngeunteung di eunteung, mulah dek muruy di dulang. Aing pipamuruyaneun: mulah dek ma(ng)gav.'e hala,
120 sugan bitan aing ini, kain tar diri ti sorga, kasasar jadi manusa, ku tuahing gawe hala. Mulah dek nurutan inya,
125 rea-rea kabalaan, lamun betan aing ini. Nlanaing mintar ti bala, munggah ti madiapada. Rasaing teu kapegatan,
130 kawandca ku bancana, kasaputan raja tamah, tutur diimur ku lupa, lupa / di rasa baheula, /3v/ lipi di geui bahari,
135 kasaputan mahabuta, wujuk dina pangan inum, kala ngahanan di raga, deung kitu ngidi sakalih, panas tineung panas hate,
140 cipta kroda budi hangkara, 140 sangkan janma neumu mala, atma lumebu/h/ ning kawah. Sangkanna katalanjuran, kapataka di buana,
145 sakit geui samangsara. Janma di madiapada, maru nyaho di maneh papa, mangkuk di bumi sakala. Halay mo ngi(n)dahan tuah,
150 ngajadi manusa ini,  selalu mengikuti di belakang, sangat menyesal berbuat jahat, celaka di dunia,
H – 5 :
a(ng)geus ngarasa na bala. Halay teuing hamo jira, a(ng)geus neumukeun na lara. Lamun kaangen sakitu,
155 ku ngaing di rarasakeun. Kena waya jeueung aing, Reungeu / ing ti nu baheula, /4r/ eusi tangtu kabuyutan, pitutur mahapandita,
160 pakeun ngalokat na mala. Ku ngaing dipitineungkeun, anggur aing asup gunung, sugan aya nu wilasa, haat logawa nyaraman.
165 Ku ngaing dilaksanakeun. Diri aing ti acaran, tuluy aing asup gunung. Datang aing ka panjaran, nemu nu asih wilasa,
170 nu wilasa haat heman, nyeueung aing kapataka. Saur sang mahapandita: 'Unun, anaking sumanger! Na naha beja ka dini,
175 datang ka hareupeun aing, umun nyembah mawa kembang? Na naha dipitanyakeun? Nyaur na bo / ncah sakini: /4v/ 'Kami menta dicaraman,
180 pakeuning diri ti sakit, pakeuning nepi ka jati, pakeun munggah ti buana, mintar ti madiapada. Nyaur sang mahapandita:
185 'Utun, anaking sumanger! Cicing dara nu matingtim, reungeukeun aing pupulih, denge panyaraman aing. Hala na tuah eureunan.
190 Mulah cicing kawaranan

H- 6
mulah dék cipta hangkara, budi rusit giri wanci, mulah téréh kabangbrangan, kasurupan ambek hala.
195 Anaking, baruk pamali, salah rasa pada janma. Lun k(e)roda panas bara, bisi na atma di kawah, nyorang na geni korawa,
200 wot gonggang / labuhan bulan, 200 jauhna satungtung jeueung, kaliung ku tasik lebu, awor deung geni korawa. Sorangeun nu gawé hala,
205 éta kápapaanana. Anaking, aing magahan: mulah dék manggawé hala, bisi sia dipahala, disangsara ku sang Yama.
210 Reungeu panyaraman aing, 210 ja hayang dék ruhat mala, cupat ti madiapada, awakana pasuk tapa. Éta na pangruhat mala,
215 angkatan ratu déwata. Kawasakeun sandi tapa, angkatan déwa premana, déwa yuni hening budi. Endah ajnyana hiang wisésa.
220 Sakitu pitutur aing.' Sauma buyut sakini: 'Teuteuing ogé na rampés premana, ajnyana hiang wisésa a/tisti sira rahayu'. /5v/
225 Pitutur mahapandita, tibana ka sariraing, tiis sarasa Cisanti, nyerep ka na jero angen, paracna ka na ajnyana.
230 Ku ngaing dirarasakeun, ku ngaing dipitineungkeun, jauh-jauh diparanan,

H-7
hésé-hésé dipigawé, bala-bala dipiguna,
235 ku ngaing dikawasakeun, kéna mangka ruat mala. A(ng)geus karegep sakitu, mangka langgeng hérang tineung, aring teher tiim deui,
240 tingkah suka budi suka, na rasa langgeng sunia. Pitutur mahapandita, linyih beunang aing nyapu, kumacacang di buruan.
245 Suka angenéng ayeuna, nyeueung mamaya ning kembang, nu mangka kahudang di angen. Ku ngaing dirarasakeun, nu mana nu mang/ka suka, / 6r/
250 mangkuk di bumi sakala, nu mana mangka kabita, ku nu beu(ng)har waya(ng) tapa. Réa hulun mo kasuruh, réa rama mo katitah,
255 mungku mangka ruat mala, mo mangka ngadongkap sorga. Gumanti bala pataka, ja éta dora bancana, mo mangka lokat mamala.
260 Dipajar drebia larang, omas pirak mirah hi(n)ten, dodot maraja mulia, urang ku murian inya, hamo sorga hamo moktah,
265 ngageugeufh] drebia larang. Aya nu larang ti mirah, ti na bogaing ti raga. [ms. ti ga] Kami/1/ tawak kaliliran, disebutna kabuyutan.
270 Kéna a(ng)geus katariwal, hanteu nu murian inya,
H-8
samar geusanna ngaha / nan. / 6v/ Leutik ti siki sasawi, samar manan tapak kumbang, 275 ngale(ng)gang di awang-awang, tapakan kuntul manglayang, samar geusanna ngahanan. Ja huning d6k lokat mala, siar mulah jauh teuing
280 ider sakuliling raga. Siar sari ning ajnyana, eusi patitis ning rasa. Na boga mana kateumu, nu disebut manik wastu,
285 na cipta ngaro windukeun. Lamun karegep sakitu, eta pakeun ruat mala. Deuuk ngawindukeun maneh, disi(la) teher samadi,
290 teumu rasa manik wastu, rasa herang manah linglang, bitan manik inisuhan. Lamun karegep sakitu, eta pakeun lokat mala.
295 Aya deui ti sa / kitu: /7r/ ja hayang liwat ti sorga, siar na manik premana, kurungan aci wisesa, rasa na suka sunia,
300 aring teher tiim geui, ambek langgeng herang tineung, ngaran(n)a sari ajnyana. Lamun karegep sakitu, ngadongkap ka kahiangan.
305 Aya deui ti sakitu: ja hayang liwat ti inya, mintar tina kahiangan, rasa na langgeng sunia. Lamun karegep sakitu,
310 sadulur na rasa jati, na rasa hanteu sangsaya, kateumu rasa wisesa, sanghiang ajnyana sidi,
H - 9
disebut sanghiang hayu,
315 eusi kembang bungawari, pangawak rahina sada, ngaran(n)a darma wisésa. Eusina rasa wisésa, dipajar kaupadésan,
320 A(ng)geus karegep/sakitu,/7v/ mangka cicing bétan candi, mangka meneng bétan batu, santosa bétan hareca, ngawakan sanghiang Darma.
325 Lamun kawasa sakitu, bijil na sembawa jati, kadi cai di ron sulang, bitan manik [kjinisuhan, bijil ti raga sarira. //0/
330 Datang sang Déwa Laksana, titahan ti kahiangan, ti kadaton Pancamirah, ngoganna sang Sri Ajnyana. Sacunduk sia ka batur
335 tuluy sia dicundukkeun: 'Ampés nu deudeuukanan!' Némbal sang Déwa Laksana: 'Naréma na pa(ng)nyunduk keun'. Saurna sang Sri Ajnyana:
340 'Sumanger, mulang nu tunggang! Dini calik deukeut aing. Kami sono nanya béja: naha / nu dipisadéa, 8r/ mana nu datang ka dini?'
345 Né(m)bal sang Déwa Laksana, saurna karah sakini: 'Kami pun suruhan ngogan, titahan ti kahiangan, ngogan na sang Sri Ajnyana.
350 Kéna aya na auman, ayeuna di kasorgaan.' Saurna sang Sri Ajnyana: 'Ari roha urang mangkat'. Saur sang Déwa Laksana:
355 'Ayeuna nam urang mangkat'. 355 Tuluy nu dilaksanakeun.
H – 10
Mangkat na sang Sri Ajnyana, deungeun sang Déwa Laksana, awak hancang kadi kumbang. 360 Sadiri ti p(e)retiwi, na leumpang ngajalantara, turut anuh paramanuh. Sadatang ka awang-awang, ka tengaheun ning akasa,
365 kalawan p(e)retiwi, cunduk ka sanghiang Li/mur, /8v/ kasorgaan na halimun. Sadatang ka Yogadita, kasorgaan hiang méga,
370 datang ka na Taranggana, kasorgaan hiang wintang. Liwat sau(n)dak ti inya, datang aing ka Sadinem, kasorgaan hiang Wulan,
375 datang ka G(e)rehananda, kasorgaan hiang Rahu. Liwat aing ti sakitu, datang ka na cukang omas, téka hérang léndor lésang,
380 gédog lénggor umarenjoy, téka hérang sérék sérab, ngagancang di awang-awang, na jalan lain sorangeun, ku na wiku bogoh pundung,
385 ku guriang bogoh keuyang, tiagi bogoh garingsing, e/bon-ebon bogoh torong, /9r/ indang-indang bogoh bedang, puputut bogoh burungut.
390 Mo nyorang datang ka inya, lamun sakitu na polah. moma wiku asing tuhu, guriang asing laksana, ku ameng tuhu temen,
395 ku tiagi asing suci, lun indang suci laksana, lun putut tuhu di guru,
H – 11 :
lun ebon tuhu di tapa, mulah mitineung ka tukang,
400 manana datang ka inya. /0/ Maliwat aing ti inya, ngadongkap taraje omas, datang ka na kasorgaan, ka kadaton Pancamirah.
405 Ayeuna auman ageung,            kumpulan para dewata. Sakoeh dewata / kabeh, /9v/ dewa alas dewa tegal, dewa gunung pahi kumpul,
410 sakoeh d6wa prebumi, ayeuna auman ageung. Naha nu dipiauman? Nyeueung manusa prelaya, nu sida pakadang-kadang,
415 gurudoha mindradoha, nu sida padoha-doha, hanteu wedi ku pamali, ngadeg na punakali, ngahanakeun na pamali,
420 ngalebur siksa pitutur, ngareseh siksaan ageuing. Manusa beuki ngabondan, mawa pitineungeunana, kasurupan mahabuta,
425 pada ngahanan di raga, milu awor di ajnyana. Sumurup Batara Kala, reujeung deung buta iaksa, milu ngahanan di ra / ga, /lOr/
430 nyurupan janma manusa, sangkanna kewala keudeu, ngalebur siksa pitutur, ngalaan agama kreta, kasilihan ku p(e)reca.
435 Ayeuna dek disaraan. Saur sang Dewa Niskala, nyaraan nu gawe hala: 'Turun buta Kala murka
H – 12
deungeun iaksa simoha,
440 nyurupan janma manusa,   sangkan perang deung baraya, pasea deung kula kadang, nu lupa katalanjuran. Turun na alit mangganal,
445 alu(s) sabda sabda kala, aweuhan geni tan lampo. Ayeuna ageung salama, hanteu beunang ditambaan. Manusa mulah mo (i)yatna,
450 hala na tuah eureunan. Mu / lah kroda panas bara, /10v/ salah rasa pada janma: éta na tuah eureunan. Kéna waya jeueung reungeu,
455 pangeusi auman ageung,' pasieun aya di dini. Manusa dék diaraan, nyeueung inya p(e)relaya, kasurupan buta kala,
460 lupa di na pasangkanan, lipi di na wuat jati. Manusa mulah sandéha, lamun datang na sanghara. Saa(ng)geus auman ini,
465 déwata pahi jimbaran ngahusir kahananana. Jimbaran sang Sri Ajnyana ti kadaton Pancamirah. Sadiri aing ti inya,
470 milang-milang kasorgaan,   jeueung aing tébéh wétan mé/ru ditihang salaka, / llr/ dipiwaton pirak Ciña, dideudeul ku beusi Keling,
475 saréna salaka Keling, dijeujeutan ornas ngora, imah maneuh dikarancang, diukir ditiru kembang, digaléwéran ku lungsir,
480 beunang mu(n)cakan ku manik, dikikitiran ku hi(n)ten,
H-13
murug muncar pakatonan, brenang-siang sadakala. Ngaran(n)a Jambudrasana,
485 kahanan Isora Guru, husir(eun) nu asak tapa, lamun satia di sabda. Aya deui ti sakitu: jeueung aing tebeh kidul,
490 m6ru dihateup tambaga, tihangna tambaga sukla, sarena ta/ mbaga Cina, /llv/ dijeujeutan omas Cina. Imah maneuh dikarancang,
495 warnana ukir-ukiran, direka ditiru kembang, digaleweran ku lungsir, ruana b(e)renang-siang. Ngaran(na) B(e)rahmaloka, '
500 husireun nu tata brata, nu sia ngukus nyamida, lamun satia laksana, lamun langgeng herang tineung. Aya deui ti sakitu:
505 meru dihateupan omas, tihangna omas salaka, dijeujeutan omas Keling, imah maneuh dikarancang, direka ditiru kembang,
510 dikikitiran ku mirah, digaleweran ku lungsir, dikasangan laka Keling, husireun nu da/na punya, /12r/ lamun aring tiim geui,
515 lamun satia di suka, eta kasorgaanana. Nyor6ang aing ngalerkeun, aya meru tumpang teulu, ditihangan ku malela,
520 dihateupan tunjung putih, 520 didada(m)par beusi Cina, dikikitir purasani, dasarean ojar rati,
H – 14
dideudeul ku beusi kuning,

525 dihotob ku beusi pamor, imah maneuh dikarancang, warnana ukir-ukiran, diréka ditiru kembang, dikikitiran ku hi(n)ten,
865 lamun aya wiku tuhu, mu huning kasih di kami, wiku tetes mangaji, wiku k(e)reta samaya, weruh di darma pitutur,

530 digaléwéran ku lungsir. Ngaran(n)a Utarapada, husireun nu sura prang. Lamun satia di guna, raga mo dipakatresna,
535 éta kasorgaan/ ana. /12v/ Saliwat aing ti inya, Leumpang ka sorga kancana, turun jalan gedé bongbong. Tajurna gandakusumah,
540 pinang eukeur kumarasi, pinang ading asri kuning. Di tengah bantar ngajajar kayu mas deung kayu puring, ngahapitan ti paminggir,
545 ha(n)juang sasipat mata, ha(n)deuleum salaput hulu, manyara madé paparas jawér kotok madé tonggong. Golang-golang situ mu(ng)kal, 550 patali patalu(m)bukan. Aya lebak dicukangan sumaray ditatanggaan, maléréng di pasigaran. Jalan ka bumi kancana,
555 bihini urutna nyapu, tapak sapu bérés kénéh, barenti/k marat nimurkeun. Ngare(m)bat na tapak jalan, ruum burat turut hawan,
560 malahar sapanjang jalan, ruum (m)inging ganda wangi, haseup dupa mrebuk aru(m). Énak dupa ruum seungit hawan ka bumi kancana,
565 nu mangkaing jeungjeueungeun
Hal 15
ku warna rang kekembangan. Siang na ha(n)dong rajuña, tatali deung ha(n)dong lungsir, manyara deung handong paray,
570 caréntam kembang taraté.  Jadi ti na panggir hawan kembang susun kembang menur, larang mulia angsana, malanti kembang do(ng)doman,
575 manyara deung wéra lancar, padna dadu kembang kacuk [da], padna putih ma(n)da kaki,, kasoré deung rané jahé, singugu hanoja di/lem. /13v/
580 Siang kembang jambu hiang, wéra tumpang kembang su(ng)sang, siang kembang soka larang, murug kembang hurur.g pa(n)jut, caréntam kembang daliman,
585 koléntang soka larangan, nagasari kayu manis. Sariang dauman [da] ngora, kembang turuy kembang tanjung, deungeun sekar hurung panjut.
590 Murug na kembang di manggung, 590 siang na kembang di ha(n)dap, bajra deung kembang jamaka, panggil deungeun puspa gading. A(ng)geus nata kekembangan,
595 na(n)jak ka sorga kancana. Aya lambur ngurung jalan, tihangna omas diukir, carénang premata hinten. Na taman tonggoheunana,
600 caina cane(m)brang hérang, / na kembang sakulilingna. /14r/ Pacar keling pacar galuh, kaluki sarunang keling, kasumba sekar asihan,
605 jadi (di) na pinggir taman.   Rumang kembang puspa lémbang, siang kembang paku ranti,
Hal – 16
kasturi jayanti keling, sri candu sekar manguni,
610 jro geulis saruni keling, karamean kembang gambir, ngaran kekembanganana. Na kembang wiru wangsana, bijil kembang angku dewa,
615 kembang siratu bancana. Nu ruum dipicucunduk, nu seungit dipisusu(m)ping, nu malahar dipiburat, nu rampes dipicacane,
620 haneut dipirupus beuteung. Nu wangi manan kasturi, nu mungkur ti kapur Barus, nu liwat ti candana,/kembang di na kasorgaan /14v/
625 hurung rumang sadakala. Ung-ung na sora ning kumbang, nyeuseupan sari ning kembang, nyeuruan engang teuwuhan, odeng teuweul deung sireupeun,
630 kamarang deung olan-olan. Ung-ung na bangbara tunggui, seah na bangbara catang, nyeuseupan sari ning kembang, kapigembang kapigancang,
635 kapisigul kapibarung, kapicengceng kapiroel, nu becet kapisarengseng, katitah ku barat daya, ngeuik bitan titil rari,
640 sada handaru kacapi, sada gangsa sampeongan, kabawa ku barat daya, ka luhur ning awang-awang. Di manggung sada di ha(n)dap,
645 sora u(m)bak-u(m)bakan.   Na(n)jak ka bumi ka/ncana, /15r/ nu mangkaing ngareungeuheun. hurung manan bentang timur,
Hal – 17
mabar manan supa lumar,
650 bétan bulan ngagantaran, bétan téja sabijilna, bétan kilat matak hujan, parapat kunang-kunangan, léko bang léko léko nyai,
655 bétan na panah kaludan, bétan poyan sabijilna bitan na sekar pamaja, bitan manik inisuhan, bétan ibun kapoyanan,
660 bétan kunang-kunang leumpang, bétan haripeupeut ngiceup, téka lumurup lumarap, ruana bumi kancana. Langu manan nyeueung gunung,
665 sakit manan nyorang tasik, so/no manan.nyorang dano, /15v/ waas mo nyeueung sagara, nyeueung na bumi kancana. Katineung na beubeuheula,
670 katineung na bibihari, basa aing mangkuk dini. Sono angenéng rasana, reu(m)bay-reu(m)bay cimataing, angenéng nangankeun inya.
675 Lawas teuing kapataka, kaintar diri ti sorga, turun ka madiapada, kasangsara di buana, na urang manggawé hala
680 Ayeuna aing ngarasa, teher reumbay [na] cimataing, na(n)jak ka bumi kancana. Sadatang aing ka inya, Teumu Puah Aci Kuning,
685 eukeur lungguh dina kasur, satapih giringsing wayang saamben gula manikem, disasa(m)pay laka Cina, masali(m)but lak(a) Keling,
690 sajajanur lungsir / putih. /16r/ Mireungeuh Poh Aci Kuning,
Hal – 18
nyoreang sali(ng)ger beuheung katuluyan deuleu teuteuh, teka imuc semu guyu,
695 amis na geui matingtim, na miangen ngalambara, sareseh londa maraya. Imuc teherna nyundukkeun: 'Amp6s nu deudeuukanan!'
700 Teherna nanya sadea: Na naha suka sumanger, maraya ka dini deui? Saur Puah Aci Kuning: 'Cunduk, cunduk ku ka dini!
705 Arih calik deukeut aing. Na naha suka sadea? Mana sinarieun teuing datang ka hareupeun aing? Naha nu dipisangsaya?
710 Saha nu dipikasono? Ngaran(n)a para dewata, keh onam puguh ngaran(n)a! Geura kami ngasorang / keun.' /16v/ Ne(m)bal na sang Sri Ajnyana:
715 'Manaing datang ka dini, nanyakeun Poh Aci Kembang, sugan waya ka beh dini.' Nyaur Puah Aci Kuning: 'Dingaran Poh Aci Kembang,
720 .sajutna diri ti sorga, hanteu waya ka beh dini, singkah kacaraman aing. Pesok awaking karunya aing nu sang Sri Ajnyana.
725 Nali teuing di nu moha kasih di nu palaksana. Nu ditineung hanteu nineung, teu kasih di awak sia, nya mana papasah jauh.
730 Aya deui kahayangna. Na janma lamunna kitu, ngaran(n)a moha ti urang. Sugan sia hamo nyaho: halay teuing meding nali.
Hal – 19
735 Horéang hénggan sok éta!  Pangeusina kasorgaan pideungeuneun / dumaréon. Na manéh sang Sri Ajnyana, na calik iser ka dini,
740 mangka deukeut ka awaking! Mulah halin walangati, kéna aing asih karunya, sono di na pangawakan. Awaking hayang matingtim/
745 Né(m)bal na sang Sri Ajnyana: 'Samapun sui pamali, bisi keuna ku haloan!' Némbal Puah Aci Kuning: 'Sang Sri Ajnyana, mu(ng)ku kaha.
750 Lamun mulah salah rasa, mulah dék salah ajnyana. Nr. manéh iser ka dini, mangka deukeut ka awaking! Ku naha mana ka kitu?
755 Tadi teuing na beubeuki, maléngsa dikasonoan, tambélar dimarayaan, kuciwa dikahayangan. Na rua dibéka / lain, /17v/
760 hamo Puah Aci Kembang, nu geulis di kasorgaan. Awaking dipilainkeun, Na manéh sang Sri Ajnyana, arih heu(m)pik émok aing,
765 kéna aing dék matingtim. Kumaha manusa ini, janma di madiapada mana hanteu nu ditapa, hanteu nu ngadongkap sorga?
770 Janma mangkuk di buana, huning teuing kalolita. Janma di madiapada, teu acan mungkur ti suka. Janma di bua(na) itu,
775 sabuatna manggih lara, hanteu dék ngarasa jera. Sabuat pangkalan mala,
Hal – 20
[sajkasangsara di buana, hanteu dék nyiar ka rampés,
780 hanteu hayang ruat mala. Manusaka / susurupan,/18r/ kaimur ku pangan inum, kasurupan ambek kroda, nu mangka papa sangsara,
785 mo mintar ti na buana. Sugan hamo kaliasan, na manéh sang Sri Ajnyana, énam ka bumi kancana. Dicokot leungeun ti kénca,
790 tuluy dijayak dibaan, asup ka bumi kancana, ka na méru tumpang sanga, tihang omas jati rupa, hateupna sarba kancana,
795 disaréan pirak Cina, dideudeul ku pirak putih, imah maneuh dikarancang.
Wamana ukir-ukiran, diréka ditiru kembang,
800 ruana hérang ngalénggang, gumilap lumarap-larap. Kadi / sekar pamajaan, /18v/ ruana bumi kancana. Saasup aing ka inya,
805 u(ng)gahingka manggung ranjang, na ka ranjang tujuh tumpang. Ranjang ta ditihang omas, beunang ngarancang ku mirah, disaréan omas ngora,
810 dijeujeutan omas cina, diwatonan mirah hi(n)ten, diturub ku pirak putih, beunang ngusap ku harémas. Halanghang kasangna laka,
815 manjeti beunang marada, kampuh alus diharémas, kasang tujuh kali nyingkab, di tengah limar parada, rangkepna ma(n)jeti kembang.
Hal – 21
820 Kula(m)buna laka ngora,     beunang numpal ku haremas, wulung ditu(m)pal parada, beunang ngadupa ku pahat. Ruum/ (m)ingingganda wangi,/19r/
825 malahar di manggung ranjang. Gumelar na tikar pahat, tikar seungit tambar lungsir, anggel dipopokan omas, elong panjang ti tunjangeun,
830 hurung subang ti hulueun, kacapi ti kajuaran, kari(n)ding di pago sanding, giringsing di pagulingan, deung ka(m)puh pamarungkutan,
835 boeh rea di sampayan, boeh endah sarba wama, na bo(eh) larang sagala. Saur Puah Aci Kuning: 'Na maneh sang Sri Ajnyana,
840 lamun hayang rampes pake, eta boeh di sampayan, inya rampes inya pake. Geura nu u(ng)gah ka ranjang/ Saurna sang Sri Ajnyana:
845 'Samapun sui pamali, bisi keuna ku haloan'./ Nembal Puah Aci Kuning: /19v/ 'Mulah halin walangati! Lamun mulah salah rasa,
850 mulah dek salah ajnyana. Pepetan raga sarira, mungku sangkan urang papa. Nam-onam urang ka ranjang. Cat u(ng)gah ka manggung ranjang,
855 deuuk di kasur ma(n)jeti, ti ha(n)dap na tikar pahat, tikar seungit ti gigireun, beunang lepuk ku omas. Saur Puah Aci Kuning:
860 'Ku ngaing sia dibeda, didoja na kapageuhan. Hanteu aya kawa(n)cica, mepetan raga sarira.
Hal - 22
Kini patingtiman aing:
870 awas di pasangkanan, iatna di / bayu biana, /20r/kawulik k(e)reta nguni, mangka langgeng herang tineung. Ja huning ka dini deui,
875 lajukeun na ambek suka, mulah tereh kawaranan, mulah dek geura kabawa ku pangendah rupawama. Lamun karegep sakitu,
880 mo burung ka dini deui. Manaing nyarek sakitu, sakit hayang tunggal tineung, deung nu tunggal nirt(e)resna, hayang satingkah sarua,
885 satuah sap(e)retapa. Awaking dek tunggal tineung. Lamun aya na manusa, nu huning mintar ti bala, reungeu panyaraman aing:
890 hala na tuah eureunan. Mulah dek cipta hangkara, salah rasa pada janma, mulah hiri mulah dengki, mulah tereh kabrangbangan,
895 kena na baruk pamali, bisi / kita labuh kawah, /20v/ ku sang Yamadipati, atma sumurup ning kawah, dipahala ku dewata.
Hal – 23
900 Reungeu panyaraman aing, pitutur pangruat mala, salusur na rasa jati, tutur jati langgeng tu(ng)geng, suka ajnyana sunia.
905 Lamun karegep sakitu, eta pakeun ruat mala.' // 0 // Nyaur na sang Sri Ajnyana: 'Sang tabe namasiwaya! Kami amit pulang deui/
910 Nyaur Puah Aci Kuning: 'Leumpang ma sia tatanghi, supagi ka dini deui. Na maneh sang Sri Ajnyana, mulah lawas kalolita,
915 sia di madiapada/Saleumpang sang Sri Ajnyana, diri ti sorga kancana, milang-milang kasorgaan, kaliwat na caturloka,
920 katukang buana Meukah, eta kasorgaan Siak. Liwat / sau/ n/ dak ti inya, / 21r/ katepi sanghiang Lengis. Eta geusan Manondari
925 deungeun Puah Nilasita rabi hiang Surugiwa, nu sia laksana bela, eta kasorgaanana. Maliwat aing ti inya,
930 datang ka Sangkan Herang. Eta geusan sanghiang Sri, ngawakan kapretiwian, buket dina kageresan, cicingan hamo surahan,
935 hamo purik mo garingsing, ja nyaho di maneh opoy. Maliwat aing ti inya, datang ka Sari Dewata, geusanna Wiru Mananggay,
940 deung nu bagal nanding larang, nu watek titiagian,
Hal – 24
meyet maneh mo lakian, heuyeuk dipake nyangraha, hanteu dipikatresna.
945 Ma/liwat aing ti inya, / 21v/ mu(ng)gah ti na Manarawang. £ta geusan sanghiang Sri, deung deuwi Satiawati, bela maraja Salia;
950 6ta kasorgaanana. A(ng)geus nata kasorgaan, milang-milang kalepasen, nu liwat ti kasorgaan. Sanepi ka Budi Keling,
955 datang ka Rahina Sada, nepi ka Rahina Wengi, geusan Puah Lakawati. Carekna karah sakini: 'Datang sang Atma Wisesa!
960 Sia sinarieun teuing!' Saur Puah Lakawati: 'Kami diajar nyundukkeun. Ampes nu dudeuukanan.' Nyaur na AtmaWisesa:
965 'Ampes nanggapan rahayu/Nanya Puah Lakawati: 'Na naha suka sadea? Mana sinarieun teuing datang / ka hareupeung aing?' /22r/
970 Nyaur na Atma Wisesa:            Manaing datang ka dini, ka hareupeun Lakawati, nanyakeun Poh Aci Kembang, sugan waya ka beh dini/
975 Nyaur Puah Lakawati: 'Dingaran Poh Aci Kembang, sajutna di(ri) ti sorga, kaintar jadi manusa, hanteu waya ka beh dini.'
980 Saur Puah Lakawati: Pésok awaking karunya aing ku Atma Wisésa.
Hal 25
Nali teuing ti na moha, kasih di nu palaksana.
985. Nu ditineung hanteu nineung.  Aya deui kahayangna, tuluy deui palaksana, kadeuneung bala pataka.Halay teuing nyiar deui,
990. palaksana di nu ha(a)t. Sakitu polahna urang, sapuluh kali ngajadi, mo eureun neumukeun mala, nya sakit / pati(n)dih-ti(n)dih, /22v/
995. na lara hanteu pegatna, hanteu beunang ditambaan. Halay teuing hamo jera, halay mo ngi(n)dahan tuah, janma di madiapada,
1000 janma mangkuk di buana, 1000 halay teuing hamo jera. Manaing nyarék sakitu, manaing tadi matingtim, mo bala manan manusa.
1005 Hanteu teuing kaliasan,    aing soté(h) nanya sia, na manéh sang Sri Ajnyana, kumaha beunang mangrasa, heubeul teuing kalolita,
1010 mangkuk di madiapada,   sia di tanah dunia, leuwih liwat neumu suka. Mana sia kalolita ku pangéndah rupawarna,
1015 nyalimur di na ajnyana, kasurupan mahabuta, t(e)resna lupa wisésa, asih uni lulut ta / kum, /23r/ malina lupa wisésa,
1020 nu irut nu kawalikut, nu beurat mo katanganan,

Hal 26
nu ngeukeupan marungkutan, nu sia nyukma di raga, nu beurat aram kawasa.
1025 Lamun aya nu laksana, ngawasakeun na sarira, ninggalkeun rasa t(e)resna, manana mintar ti bala, betah hampang mo sangsaya,
1030 ngaran(na) pangruhat mala/ Carék Puah Lakawati: 'Na manéh Aci Wisésa, huning ma diri ti sakit, hayang mintar ti bala,
1035 reungeukeun pitutur aing, 1035 na sangiang panca mrega, awakan n(a) sandi tapa, siar sari ning ajnyana. Lamun karegep na tutur,
1040 sukalanggenghérangtineung, 1040 andika tingkah mulia./Lamun karegep sakitu, /23v/ teumu tu sorga utama. Aya deui pigunaeun:
1045 ja hayang pulang ka jati, siar na ajnyana jati, regep kéh na rasa jati. Lamun rasa teu sangsaya, lamun karegep na tutur,
1050 a(ng)geus langgeng hérang 1050 tineung. Mulah sia kawa(n)cica ku pangéndah rupa warna. Lamun kawasa sakitu, na pakeun cunduk ka puhun,
1055 na pakeun datang ka tangkal, 1055 mulih ka jatina deui, ngadongkap jati tan hana.
Sakitu pitutur aing, mulah mo iatnakeun(eun),
1060 kéna réa pangwurungna, wisaya iatnakeuneun.' Nyaur na Atma Wisésa:
Hal 27
Sangtabe, namasiwaya! Kami amit pu/lang deui, /24r/
1065 turun ka madiapada. Leumpang na Atma Wisesa, turun ka tanah dunia, datang ka madiapada, cunduk ka na pangbaturan,
1070 datang ka Mandala Singkal, geusan aing laku tapa, miumit na sabda jati, mitutur sabda rahayu, miawak sabda yogia,
1075 mite(men) na sabda lemes, mileuwih basa basiki, patingtiman Aci Kuning, nu ngeusi bumi kancana, pitutuma Lakawati,
1080 nu ngeusi Rahina Wengi, siksaan Wiru Mananggay, nu ngeusi Rahina Sada, panyaraman para sorga. Ja dewa turun mangjanma,
1085 milu awor deung manusa, mangkuk di madiapada, nya puah tanah dunia.

Pun tla(s) sinurat ring wulan kawalu pun. Beunang diajar / sang anurat maha kasuhun pun /24v/. Beunang di Mandala Beutung Pamaringinan. Cisanti pun. Sammadana kuna sa(s)tra rocek.

Hatur Punten

Untuk perbaikan dan sarana dimohon untuk tinggalkan PESAN, Jawaban dan Hasinya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun



Rajah Cikuray.wmv by Agus 1960