Kamis, 06 Mei 2010

Kosmologi Sunda


Lampah tunggal na rasa ngeunah,/ Paduun na bumi prelaya/ Maneja ya prawesa,/ Ka mana eta ngahingras,/ Luput tega kana ngababu/ Saha nu di pajar leuwih,/ Sakur nu di kahyangan, Hengan pwah Betari Sri,/ Henteu babandinganna,/ Hengan pwah lekawati/ Kena reujeung na ngajadi,/ Ngukun serba endah mulia Drebya larang sidahan,/ Meuyeut pabogana sareanana,/ Nu saeur na boeh larang,/ Pawiwit sarba swarga,/ Beuti mimeunang ta kamari.


Nu ngeusi na Gunung Cupu,/ Mnadala si Pangebuhhan,/ Ngaranna Sari Dewata./ Nu ngeusina gedong manik,/ Deung pwah Wiru Mananggay,/ Deung nu bagala di larang,/ Pahi sarwa geulisna,/ Euweuh keneh teu kapade,/ Geulisna Dayang Trusnawati,/ Nu geulis hanteu bandingna,/ Saukur bumi kanycana.


Nu ngeusina Gunung Jati,/ Bukit Tri Jantra si Jati,/ Dina bukit Palasari,/ Mandala si Pasekulan,/ Ngaranna Bungawari,/ Ujung Gangga Marangwati,/ Tajak Barat ka maksahan,/ Ngaran na Puncak Akasa.


Saur pwah Batari Sri:/ “Ka saha geussan ngahiras, Di sakala di niskala/ Manguni di kahyangan,/ Mo ma dina laku tuhu,/ Na jati mapanadita,/ Kena henteu kabinaya,/ Manguni di kahyangan,/ Pada jalma pahi seba,/ Pahi seba kanu bisa Lamunna nyaho di bener,/ Lamun tustu di laksana.”

Saur pwah Sang Hyang Sri :/ “Sama pun maha pandita,/ Peupeujeuh pagahan aing,/ Di mana eta geusanna, Nu jati da pajarna leuwih.” Samaur Mahapandita/ Nembalan sabda dewata:/ “Samapun lamun kitu,/ Ayeuna na patineungngeun,/ Arem reureungeukeun sarea abah,/ Na nahang eta ngaranna,/ Eta naha ngaranna,/ Ulah bara pipatingtim,/ Eta nu dipilarangngan.

Upamana urang leumpang,/ Lamun sindang bara eta, Geusan mo dating kana kayang,/ Dihusir muku katepi,/ Disiar muku katimu,/ Kasamur ku paramanuh,/ Pabaur di awar-rawar,/ Samar ku na gelar hujan,/ Pajemur di mega wungu,/ Kapindingan ku akasa, / Kasamur ku tejaditya”.

“Wulan diserangkeun mata,/ Kajeueung leungit sangkilang di caang, / Na kalangkangan kasurup pan / Kajeujeung muku katemu, / Ja di husir beuki jauh, / Didangtangngan beuki leumpang, / Dating ka kalang dewata, / Ditungtuk beuki kasamur, / Samilang di kahyangan.”

“Datang ka bumi Kanycana, / Samara rahina sada, / Kapeungpeuk ku langitu ageing, / Kapinduingan maha linglang,/ Ja kaparikusta ku tutur,/ Karasa ku katresna,/ Kabita ku rasa ngeunah,/ Kawalikut ku rasa haying,/ Bogoh ka rasa utama,/ Sindang dina rasa tunggal,/ Mangkat ka nu hurung branang siang,/ Murub muncar pakatonnan,/ Na ka eta na pamuru agung,/ Eta na pangmeungpeuk ageing,/ Mana mo dating ka tangkal, / Manah mo cunduk ka puhun.”

“Muku nyorang ka jagal,/ Haying dek nepi ka jati,/ Haying deukeut kana andelan,/ Ja ageing teuing kahayang,/ Ja anggeus meunang duuman,/ Ti batara maha yogya,/ Pangruwatan sabwana,/ Di sakala niskala,/ Hanteu aya muliana,/ Lamun anggeus ditinggalkeun, / Ku pwah Batari Sri, / Batara tuna saranta.”

“Kahyangan eta paeh,/ Ja batara nu leuwih sepi,/ Batara nu leuwih sapa,/ Para yuga tan pahurip/ Suwung na bumi kanycana,/ Manguni bumi sakala/ Leungit sari ning pretiwi,/ Hilang maya ning akasa,/ Aditya tanpa hibar,/ Wulan lintang adikara,/ Na bayu teka kasarung,/ Na sabda teka kasasar,/ Na hedap teka mo bener,/ Na bwana henteu asri,/ Na alumi kata dankurang,/ Sarwo santwa tan pahedap,/ Nyabda to bitan na pamuni,/ Rehe bapek ka bwana,/ Na bumi suwung nguluwung,/ Bwaga larang tan paregrata,/ Masih maram tan papawirat,/ Serba endah rupa dewa,/ Na naha hade-hadena,/ Lamun hanteu bari asri,/ Manusa beuki pralaya,/ Raja wiku menak rama,/ Samilang ratu prebu,/ Saukur jalma manusa,/ Saeusi bumi sakala,/ Kuru aking nganarangan,/ Sarira umarany-aray,/ Raga hanteu muliana,/ Kasangsara sadakala,/ Ja diri hurip pretiwi,/ Ja mangkat hurip sakala,/ Na deuk salin sarining bwana,/ Jalma loba sadakala”.

Saur sang Maha Pandita:/ “Ulah diturut pabuta,/ pabu hengan sakini,/ mungwan raka sakala,/ sakala mawa sarira,/ samilang di bumi naraka,/ rakut di pipanyangsangan,/ bayu dipitali hurip,/ sabda dipirahasea,/ lamun teuing sabda jati,/na hedap dipipamener,/ ama dipipangirasan,/lamun keuna cipta herang,/ pangawakna rasa wisesa,/turut jati pileuwih,/ tutur sakala diraga,/ja aing jalma lagena,/henteu acan kabinaya.”

Awaking banwa nista,/ Nru nungguwan raga sakala,/ Mangkuk ngalungguhkeun maneh,/ Ja hanteu ka beungbeuratan,/ Teu acan kapihutangan,/ Ku prebu hiyang kalih,/ Manguni jalma sajagat,/ Teu acan kapihutangan,/ Ku prebu hiyang kaling,/ Manguni jalma sajagat,/ Teu acan kapihutangan,/ Sakali hanteu nu kasih,/ Euweuh nu haat sabat,/ Geusan katineungeun bara,/ Ti sakala ka niskala,/ Catap ta leumpang ngala rasa,/ Ja hanteu meunang duumman,/ Ti batara baha tagya,/ Dipala a maka da eta,/ Ja nyaho inya rasa ta,/ Katwan ta ngaduum maneh,/ Miboga na cipta herang,/ Kaya pwalah ning gagana,/ Tutur jati langgeng tanggeuh,/ Maka herang mana linglang,/ Kaya langit ning katiga,/ Pandang ngarasa wisesa,/ Sakala nunggwan raga,/ Eta nu dipidrebya,/ Katwan kalilirran,/ Pameta awak rasa tunggal,/ Paduummman ti heula,/ Ka seudahan dewa sang hulun,/ Eta mullah katariwal,/ Pakeun na mangan tapa,/ Mangkuk di bumi sangkala,/Ulah deuk nyangsara raga,/ Ulah rea nu pretapa,/ Dek mrewinci na sarira,/ Na raga langgeng lamunna,/ Kalikuh na eusi manah,/ Laya ka nu mawa raga,/ Kalolita ku ka tresna,/ Salah nu di pikatresna,/ Tresna bala sorangan,/ Lamun hamo bisa nyabut,/ Eta polah ning ta hana,/ Pakeun na jeta na hana,/ Raga sarira tan pa rupa tan pareka,/ Tan hana I swar luhur,/ Kadi bawa ning pratiwi,/ Kaya atas ning bwana,/ Ngupamakeun maneh,/ Raga aing ayeuna ini,/ Upamana aing nyatu,/ Ngahareupan kejo pulen,/ Lauk bincu luak herang,/ Nya sarira nu manah,/ Mo makatajam jadi tahi,/ Lawanna yeu/ nyeu dibawa ka picaryeun,/ Lamun datang ka ukuran,/ Ditinggalkeun ku hurip,/ Muku dipikatresna,/ Jang bisa masrahkeun maneh,/ Ning nyapa hamo ca,/ Burung tulus wisesa, / Saur pwaha Batari Sri :/“samapun Maha Pandita,/kumaha aing ayeuna,/ lamun diturut ning (h) era/kanu pretapa hayang,/ deuk nu milu satapa,/ lamun ning kaala waya,/ kamalinaan kuna twaha”.


Saur sang Maha Pandita :/ “Na aing hayang sorangan,/ mumul rea na pretapa,/aing hengan sakini,/ ngareungeu sora sakita”. Saur pwah Sang Hyang Sri :/“Sang Maha Pandita,/ja lurusan tineung aing,/aing misasat sakalih,/lamun ning sakapituhwan,/aing ngalebur na bumi,/maka inya salin puji,/dek nyangsara pwon Sang Hyang Lemah,/kena lawas kageugeuleuhan,/hayang dek inya pawitra,/nurut sabasa baheula,/sabasa manten bwana kreta,/aing nyaraha aing nyarahan,/aing dek nyarahan inya,/aing nyieun larung kangkang,/larung keukeuh pakeun na madem,/nu disangsara sadakala,/ kena banding rasa pala,/ rea carek sabda milu renyeh,/ rea carek kabalat ku jalma,/nurut hamo ngapungeun,/ pamatahhan jalma manusa,/eta hamwa dek na calik (awaking),/ awaking ka gilang-gilang,/ mileuwih na rajatamah,/mileuwih na paheut-paheur,/ mileuwih na merang ngateul,/pahit hanyir biuk haseum,/ sakitu dipajar ngeunah,/ beuki ku jalma prica,/ ayeuna beunang ngimisil,/ sari eta pamiceunan di pasar,/ luhur goce majar maneh,/ rampes wahye majar utama,/ lamuna hunyur made gunung,/ cecendet made kiara,/awut-awut tapwa eastu,/ si gebonan ta pamenak.

Sup na bayu wulan waya,/ Aditiya sunyia paramareta,/ Eta nu nyeungceungkeun urang,/ Kuwuli kun a pretiwi,/ Karawaca kun a akasa,/ Nu wengi nu leuwih ilik,/ Beurang nu liwat awas,/ Panding kana upadrawa,/ Cadu sakti sang pandita,/ Nyamuni iyatna-yatna,/ Pakeun mengparkeun prelaya,/ Jagra tanghi tan kasilir,/ Tutur ja ti ajali,/ Pagahan na rasa ngeunah,/ Pakeuning nandangan di raga,/ Hapa mawa sa rira,/ Pakeun ngalaan ta ka awak,/ Ya manarawangngan,/ Kaya pwalah ning kawaranan,/ Buntul-buntul akasa pretiwi,/ Geus ingkahkeun aja mana,/ Kaya dalima agka,/ Kadi cai dibansulang,/ Kaya langnglit di katiga,/ Kaya mirah bingah tara,/Herang hana tan pwana,/Aci ngeunah ngalagena,/ Herang putih rupa jari,/ Sakitu panghaatan aing,/ Ka nu watek mangan hayu,/ Manguni di wong sajagat,/ Lamuna bwagwah di benet”.


Ini kawih paningkes,/Na marasa pandita,/Hamo daek karakitan,/Nuturkeun na jati soranagan,/ Nuturkeun na jalan nu beres,/Hanteu jalan na dwa tilu,/Nu leutik sajalan salah,/Hanteu ngenca ngatuhu,/Ja datyang kana tangkal,/Mangsa a tilas mangsana,/Pateupang (pateu) mangsana tapa,/ Ka mana aing nuturkeun,/Nu bener nwajwa (ka) nu nyaho,/Mumul dek nyingkah ti inya,/ Kena rea pasimpangannana,/Pindah kabuki kalingan,/Kitu wang jalma ini,/Ulah deuk nyingkah ti jalma,/Lamun timu na janma mulia,/ Eta dipungkurkeun,/ Muku kena ulah jatuh,/ Nyingkah ulah deuk papasah,/ Ja eukeur napi ka jati,/ Lagu cunduk kana puhun,/Nu dipajar ambu aya,/Eta sarwa deung jalma,/Basana jalma sorangan,/Di mana eta geusanna,/Lamun na eta katimu,/ Nyaho di maneh pandita,/Na suka jati wisesa,/Eukeur milu deungeun jalma,/ Mangsa jalma ngalagena,/ Teu waya aing,/ Kena eta salah hurip,/Nu salah sabdana malyeuk,/ Tapa paseudeuk rasa ngeunah,/ Hayang milu deungeun sabda hedap,/ Pawekas manghadep wa(pe)hye,/ Nu mangka lina bumi prelaya,/ Na bwana metukeun rajah tanam,/ Reya katara jalma prica,/ Ateuna asa nu mitwa inya,/ Playas lamun bener,/ Nu nyaho di pamali,/ Mileuweuh rasa wahye,/ Hilang na rasa utama,/ Keuleu kasib ku rasa,/ Ama karajeungeun nena,/ Lupa tan kahanan tutur,/ Jadi atma paliwara,/ Asing na raga prelaya,/ Budi ma na ahika,/ Jadi tri ywada sahana,/Mi(lu)ji ka kanisrayan,/ Ayeuna wang geus ka tukang,/ Ku jalma manusa eta,/ Ku balik ka sang Korawa,/ Nurut na pwalah sang Dwarna,/ Bwagwah pwalah si Darma,/ Kena eta puhun carut,/ Jadi sabda precakala,/ Jadi bumi precakala,/ Milu nucarek wangsalan,/ Ja na hedap ma ha(m)pang/(ha)mo bener teka leungit,/ ta sabda jati ma,/ jalma sabda pretiwi,/da lit carek cakrem,/ carekeng abelegerder(r)an,/ teumu nu rasa pandita,/ lamun maha purusa jati,/ milu mangun hayu,/ metu na cipta utama,/ mijil na jati ning hurip,/ bayu jati sabda jati,/(han)teu rupa di niskala,/ tembey (ka)tebus bayuna,/lamun kareungeu sabdana,/ umangen-angen hedapna,/ nyorang tineung nu mijauhkeun,/ boh ka magung bonh ka ha(n)dap,/ ja ditetus buka gunung,/ja(t)di can ka wurung(an)/ mo acan metu na gnal,/ byakta bijilna ti panon pangreungeu,/ pindah ka asup tan pegat,/nu deukeut para(h)yuga/, di Niskala di sakala,/ mullah di geuna pretiwi,/apan teja bayu akasa,/ sangkan jalma kalolita,/ kabawa ku prayuga,/ milu di ganal byakta/ tu merep din u sakatinga,/ milu awor di manusa,/ hyang dewa parayuga,/ sangkan can wulang walih,/ (sa)mar hanteu ni(k)sakala,/ sakala maujar ngeuna(h),/ para manuh ja (dadi) na dewa,/ manusa sarwa di pada,/ jalma (kena) papasah eusina,/ lipi di geusan jati,/ lupa di geusan tangkal,/ a(ng)geu kapungkur nu puluh,/ katalatah kawisesa,/ teka mijil seda sakti,/ pangwastu bumi sakala,/ jadi dewa parayuga,/ pahi mijil(a) seda sakti,/ dipajar hurip ning bumi,/ lawan na hurip ning bwana,/ sangkan na keuna ku priharin,/ ngupah(h)an hedap dewata,/ ti pakeun kasangsayan,/ ja dewata kala sakala,/ kitu kabar(u) urang,/ wiku lamun na muja ka dewata,/ leungit kawikwan(n)ana,/ pandita lamun samara,/ dipihadep hyang dewata,/ hilang ning kapanditaan,/ ja kasasarkeun ku tineung,/sarwa di ka tresna,/tresna bala sorangan,/ja beunang na ngawayakeun,/ hamo kitu urang janma,/ mana janma sorang(ng)an,/ nu dipajarkan nu pa(n)dita,/ tangkal ning sajagat,/ prawata ningrat kabe(h),/nya ma urang pandita,/ulah keh ku akwan,/ lamun sina(ng)gu(h) pandita,/nu sakala jati wisesa,/malah milu ka yugana,/bwagwah di rupa simsawa,/kena eta tangkal papasakan,/keuna ku (na) mala,/di sakala di niskala,/hanteu luputan mala,/dewata ning ku mala,/ja ang(ng)geus diri ti jati,/ja ang(ng)geus jauh ti puhun,/ja ang(ng)geus ngaga(n) na tangkal,/malina ka kahyangan,/bwagwah kana rupa rampes,/sindang di bimi kencana,/ kabita kunu hurung herang,/murub muncar pakatonan,/ ngara(n)na rahina sada,/ dipajar geusan batara,/ dipajar geusan batari,/babapa para dewa(ta),/ pagwa wo(ng) sabwana,/ kalawan wekas ni(ng) dama,/sakitu dipajar kuwih,/ku nusya wiku lokka,/muku ai(ng) kabarukan,/ ja beunang nata wayakeun,/milu di parayuga,/milu ngadewa byakta,/ja eukeur katwan kareungeu,/ mu karasa kaprisa,/nu kasikep kagamel,/ dipikahhanan ku raga waya,/ panyangsangan ulah dipi inya,/ja bisa masahkeun maneh,/mu maka beurat gudala,/lemah cai cadas gantung,/tageunah dina pretiwi,/lukut jukut serba beuti,/tangtarukan tada kurang,/ kusa madi sarba pala,/ mandala di sasapwan,/ caa(ng) radin purbatisti,/gaga sawah during ambu,/ papahayu wawangun(n)an,/ jieun tangan di saka(la),/ pakeun ngawastu na raga,/ mulah milu di kahanan,/sugan (n)urang kaasup(p)an,/ ken area parayuga,/reubeut tepi ti paramanuh,/kukus sanghub awur-awur,/reungeukeun bwana mega(b),/ hujan angina riwut barat(e),/ sada gugur ketug kijat,/ gelap geureuh genter pater,/ lidun tegwar tuger larap,/ byar sama(ng)kana,/ haliyusus haliwawat,/ kulem kalawan rahina,/bulan be(n)tang aditya,/ kuwung-kuwung kawang-kawang,/katumbiri teja mer(r)ang,/ kalawan hwah hali(ng)rang,/angina ing nirawarana,/ langeu tuge nirasraya,/manungi swanga patala,/ sunyi paramareta,/da pajagala nitala,/hane swar hane luhur,/ kahanan para dewata,/sangkan kapu(ng)kur na puhun,/ kasurupan ka gunana,/ tresna ku parayuga,/ hanteu pakeun kabaruk(k)jan,/ ja eta pawe jalma,/ manah ta dikapahili,/ hanteu katimu geusanna ma,/sanajan masongan,/ka mana ta disiar,/ sisiar muku katimu,/mwana kunu twala nyehwa,/ nu nyaho maneh janma,/ hanteu nu kaadwa,/ eta tangkal sajagat,/ wa(y)yah na pangeusi bumi,/eukeur ganak byakta,/ lamun rupa gawe raga,/ jieun kahanan sarira,/ lamun hir gawe hayu,/ lamun pahi gawe sabda,/ lamun rasa gawe tineung,/ku naha mana na kini,/ku naha mana sabda,/ku naha mana na bayu,/ku naha mana na sarira,/lamun nu ti mu puhun,/nu inya sinangguh sinagwa,/pandita di jati raga sorangan,/ nu dipajarkeun di tamwa,/bari-bari dicareka(n),/ mo beuna(ng) diajap-ajap,/ hamo a(ng)geus ku pertapa,/ kena reta nu ditapa,/ rea nu nyangsara raga,/ hanteu mungguh kahyangan,/ ngatwahkeu(n ) sabda baru(k),/ bramasidi para manguyu,/ indang-indang pangajaran,/ tiagi dipangebonan,/ ngabetara ngabetari,/ ngaharingit ngahajere,/ soroweca nu make sasararanaan,/ sesedaan sasaktiyan,/ ngageur(r)alakeun aji mantra,/ leuwih na puspa/ widina na(n) bumi sakala,/ameng-ameng jugi swara,/ lelekasan wawayieun,/ atita ma(h)ha purusa,/nu dek ruwat dasa mala,/nya man area pretapa,/huni dek meunang papala,/sasacu reuluh cangwali,/asi(ng) na twea inya,/palias lamun nu tuhu.


Saurna jati pandita:/ “Mana mo kapianggreuhan,/ku rea pretapa eta,/ eleh kun u dangacarya,/ lamun bisa milih rasa,/ si(ng)kah kahanan papa,/ lamun masahkeun maneh,/ mullah milu du kahanan,/ mana gunung mana are,/na gunung na cipta tuhu,/mandala na rasa ngeunah,/me sasapwa kret(t)a,/ na balay na badi suka,/na bumi na sabda jati,/muku palabu geusanna jau(h),/ eta milu mangjanma,/(u0lah ta dikapahali,/n urea ditapa eta,/asi(ng) nu mitwah inya,/wihru daek di hanteu,/mumul asup ka suwungna,/ja a(ng)geus ti nagarana,/heman kun a pamujian,/ kitu na tiru datat,/ja nyapwa di pameunang,/ pahi dek ma(ng)gih utama,/boho(h) ku raba kanycana.”


Saurna jati pandita :/ “Ai(ng) hamo kabarukan,/ nugwan ta dihanteuna,/mumul kajeueung ta geura,/ na tapa (ka) mana disiar,/ saluput hengan ta pabuta,/ pabuhengan sakini,/ natapa sareanana,/ ing ngupamakeun ninya,/ nu ngawak(k)an pretapa,/ upamana urang lintar,/tineung na hanteu,/ dek ku pwa bdas,/ sandingana nun galas(s)an,/muku daek pulang lengoh,/kitu nu watek ditapa,/ upamana leu(m)pang tadan,/hateu kulang kadas,/ sandigana urang ti dangas,/ kilang patapa bwaga,/ hayang deuk meunang nga apuga,/upamana urang sugih,/hayang dek meunang nga apuga,/ upamana urang sugih,/ hayang meunang manggih karang,/sardignana rea pare,/ ha(ya)ng geura sa(ng)geus leuit (ra).


Sandigana boga beas,/ Hayang nimu pabeasan,/(san) digana dina uyah,/ hayang nimu karakena,/ sandigana ingwan-ningwan,/hayang geura diparaban,/upamana nyobu manuk,/ku hayang inya pamikatma (kiku),/ upamana ngungkung anjing, /hayang aya(ng) kadaekna,/ sandigana ngurung hayam,/ hayang rampes pamuluna,/upamana dina k(e)bo,/ hayang nimu pakeun nguras,/ upamana na pakaya,/ haya(ng) dek meunang pangupamana,/ upamana dina hulu,/ hayang geura banwa ara,/ sandigana di sarama,/haya(ng) geura (?),/ sandigana asup imah,/ hayang tuluy nimu geusan,/bwandikeun ka sahala,/ti paya ni karsinidi,/ kasangan boeh larang,/hayang make rampas,/ di kasur majeti,/di keukeuppan putri geulis,/ pindah kabuki kalingngang,/ carek sasadigana,/ lamun y any prej nyahwa,/da kapak di linga mukaan,/ sandi siloka sawetna,/ nuturkeun tineung liyit,/maka kara,/mo bisa masahkeun maneh,/ karakitan katresna,/ percaya ta katresna,/ rea num ala ni inya,/mana papasah deung tangkal,/ sa(ng) pajauh deung puhun,/ na jati maha pandita,/ kadi jwala sa(didu)kala,/bogoh ti jati sorangan,/ hamo ti tadi geusanna,/aing nyandigakeun maneh,/di ngeucwa mas jati rupa,/ geusanna deung cupu manik(u),/ asupkeun ka guci keec,/keueung dina taman herang,/ muku husir ku cai,/ja eta heuleutna,/ samilang pahi hera(ng),/na (sa)bda mangsa,/muku kabaseuhan cai,/ kamandian ku maneh,/ku (ma)nik ta mo kabaseuhan,/ ka ka heuleut ku keec,/ja keec ta mo kabaseuhan,/ sangkilang pahi herang na,/hanteu meunang jalan asup,/saking leutikna cai,/ja ru(n)tah maur di hera(ng),/keec taman masa herang,/na ing kara sandi siloka,/na basa na janma manik,/eta jati pandita,/eta jati ning tapana,/eta mana pretapa cai,/na inya brata herang,/na kapanditaan sangkilang,/ pahi ta pahi katuduh pandita,/emut ku saru aci tapa,/ na kilang sarwa geusanna,/nu wruh deungeun nu puguh,/nu nyaho deungeun mo nyaho,/na jati herang salaman,/(na) juti herang sakeudeung,/ku mah(h)aleman n ataman,/lamun ka teu padu(n) hujan,/kaemohan ku cileuncang,/tereh kacampuh ku kiruh,/tuna kautamaan bresuhhan,/ care(k) ma sabda gopel,/metu nu saur marulu,/jadi na dudu timburu,/jadi kesit di situnggeu,/sangkan jalma sabda salah,/meutu keuna rajatamah,/sangkan jalma sabda salah,/ metu keuna rajatamah,/ maur di geusan sabda hedap,/sangkan meunang nyumpah,/ madahkeun jadi sabda,/panasngaran metu na angen(a),/ lamun rukacet ciduh adras,/bayu metu na sabda,/ kasuluh(h)an sabda harus,/getas ratu kruyang,/ kasingenan beureum beungeut,/ miram dada pada (e) urang,/di miteuha ning hamijakeu ana,/ eta nu maka prelaya,/sakanyobu dima tingkah,/ pregwala wekna awah,/wang awih ngalabwakga,/nu kreta ni(ng) tiba tikang,/nu tan(a) jadi budi su,/ mullah cocolongan bubunyian,/jadi budi nupu manghalangan,/ ngagetak ngabegal,/ mati-mati uwang sadu,/ ngajaur nu hanteu dosa,/hiri de(ng)ki nata napag,/pregi ngajuk ngajalanan,/mautang (ha)mo ngalarang,/bisa mirabi,/ngala batri sama basbi,/ hamo nyaho di pamali,/moha di(s) sabda na halimpu,/ da sabda barayan prira,/pagwalagwat lenu adu,/ psaduduu(r)an sumurup,/karasa kaprisa tan kausap,/kagarap tan kasikep,/ kagamel nir cipta,/tan hana warna,/tan hana tat u(ng)galnana,/ tan (n)I sor tan (n) lu(h)ur,/tan hana rahina wengi.


Ini kawih pani(ng)kes,/ Ni(ng)kes kawih sakabeh pun./ Tilas serana hika ra(h)hayu,/Ngagurit ku kala sasanang wula(n). Ini kang anulis Kai Raga,/ Eukeur tapa di Sut(a)nangtung./ Sugan kurang wuwuhan,/Leuwih sudaan. Cag(***)







Koropak 420
Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Dari Gambaran Kosmologi Sunda, Undang A. Darsa dan Edi S. Ekadjati, Kiblat - Bandung, 2006



Hatur Punten

Untuk perbaikan dan sarana dimohon untuk tinggalkan PESAN, Jawaban dan Hasinya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun



Rajah Cikuray.wmv by Agus 1960