Rabu, 21 April 2010

Ratu Pakuan


Ini carita Ratu Pakuan/ Ti Gunung Kumbang/ Gunung Giri Maya Seda/ Petapaan Pwahaci Mambang Siyang/ Nitis ka Rucita Wangi/ Ahis Tuhan Jaya Sakti/ Seuweu Patih Sang Atus Wangi/ Munding Cina pulang dagang/ Basa pula ti lumajang/ Sakelel miduwa basa/ Nu beunghar di pabeyan/ Gunung Tara Maya Seda/ Bukit Si Panglipur Manik/ Patapaan Pwahaci Mambang Kuning/ Nitis ka Manik Dewata

Ka Sang Raja Angsa/ Ahis Ratu Premana Tuhan Paksajati/ Seuweuna Serepong Wangi/ Nu beunghar di Taal Wangi/ Gunung Cupu Bukit Tanporasih/ Patapaan Pwahaci Nirwati/ Nu nitis ka Tambo Agung nu Leuwih kasih/ Ahis Tuhan Rahmacute/ Seuweu Patih Parebu Wangi Serepong/ sira Punara Putih ti Sumedanglarang

Gunung Cupu Bukit Tanpor asih/ Mandala Tanpa Wahanan/ Sri Gina Bukit Manghening/ Patanjala panenjoan/ Gunung Si Purnawijaya/ Peuntaseun Sanghiyang Linggamanik/ Di Sanghiyang Windupatala nu euyeuna/ Gunung Lenggang patapaan Pwahaci Manireka/ Nitis ka Subanglarang/ Ahisna Jayapremana

Seuweuna Jero Kuningan/ Mangkubumi Singapura/ Nu beunghar di Sumurwangi/ Gunung Cupu Bukit Tanporasih/ Mandala Tanpo Manghening/ Sri Gina Bukit Manghening/ Mandala Tejapetala/ Patapaan Hinten Mananggay/ Nitis ka Majalarang/ Ahisna Tajimalela Panji Romahiyang/ Seuweuna Demung Tabela panji Ronajaya

Dayeuhna di Singapura/ Gunung Lenggang Mandala Herang/ Bukit Si Panglipur Manik/ Mandala Tanpa Wahanan/ Sri Gina Bukit Manghening/ Patanjala Panenjoan/ Peuntaseun Sahyang Goan/ Gunung Si Purnawijaya/ Lumenggang larang sorangan/ di Sanghyang Keusik Manik Matu Mirah

hanjuan di kebang homas/ patapaan raga Pwaherang Manik/ nitis kanu geulis rajamantri/ nu geulis palang ngajadi/ nu micaya sisit peuting cangkang beurang/ kala hese panonpoe/ miawak seda karuna/ ahis Tuhan Sunten Agung Sang Raja Gunung/ seuweuna juru labuhan/ dayeuhna di Pagulingan/ mangkubumi di Sumedanglarang/ ngapwahan moheta bedas

nu ngirutan haci dewata/ Gungung Guruh Bukti Sripebakti/ Salaka Sanghyang Nusa/ Di susuku Gunung Kumbang/ Bukit Si Salaka Mirah/ Mandala Sri Kapundutan/ Di Sanghyang Salalading/ Nu mepek na Bumi Manik/  Patapaan Bagawat Sang Jalajala/ Susulan watek Dewata/ Murba di Bumi Pakuan/

Gunung Paguh mandala Kumpay Bwana/ Patapaan Batara Tunggal/ Nu nitis ka Sunten Agung/ Ngapuhan moheta bedas/ Mahanan di Gunung Kumbang/ Gunung Gorak Mandala Terus Patala/ Patapaan Batara Jaya Merang/ Nu nitis ka Amuk Murugul/ Sang Mantri Agung Mereja Sang Mantri Jaya/ Seuweu Tuhan Lampung Jambul/ Kidang Sawakul patumuhan/

Ti nu geulis Sang Titi Sang Geulis Wangi/ Ngapuhan moheta bodas/ Tujuh Sanghyang Mahut Putih/ Nu mungguh di Handaru/ Deung Sanghyang Linggamanik/ Deung Sanghyang Hindithinditan/ Nu mungguh si siki panon/ Deung Sanghyang Karang Curi/ Nu mungguh tumpak di huntu/ Deung Sanghyang Cadas Gumantung/ Nu mungguh di tungtung letah/

Deung Sanghyang Cadas Putih Gumalasar/ Nu mungguh di harigu/ Deung Sanghayang Adong Agung/ Sagede munding saadi/ Nu mungguh tulang tonggong/ Deung Sanghyang Bitung Wulung patet ka langit/ Nu mungguh tumpak di siki eta/ Reujeungna ngajadi Gunung Paguh/ Mandala Hibar Bwana/ Patapaan Batara Wisnu Dewa/

Nitis ka Tajimalela Panji Rohmahiyang/ Gunung Jajar Sri Lenggang/ Patapaan Buyut Sang Herang/ Nitis ka Rahmacute/ Gunung Tilu mandala Reka Maya/ Patapaan Batara Wisnu/ Nitis Jayasakti/ Gunung Manik mandala Si Nata Lenggang/ Patapaan Batara Wisnu Wisesa/ Nitis ka Jayapremana/Halayna hanteu kabita/ Ku nu geulis tus dilaki/ Dicarita Ngabetkasih/ Kadeungeun sakamaruhan
…….

Bur payung agung nagawah tugu/ Nu sahur manuk sabda tunggal/ Nu deuk mulih ka Pakuan/ Saundur ti dalem timur/ Kadaton wetan buruhan/ Si mahut putih gede manik/ Maya datar ngaranna/ Sunijalaya ngaranna/ Dalem Sri Kencana Manik/ Bumi ringit cipta ririyak/

Di Sanghyang Pandan Larang/ Dalem si Pawindu Hurip/ Bumi hiji beunang ngukir/ Kadua beunang ngareka/ Katilu bumi bubut/ Kahopatna limas kumereb/ Kalima badawang sarat/ Kegenep bumi tepep/ Katujuhna hanjung meru/ Kadalapan tumpang sanga/ Kasalapan pangencayan/ Hanjung pengherit deung rekeng/ Rekeng pagerit deung hanjung/

Ngaranna Dalem kalangsu/ Bumi manik kamaricik/ Ngaranna Ganggang Hopatih/ Bumi ricik di Sanghyang Sumurbandung/ Dina gelar pametonan/ Katanon panto ranjang/ Di Sanghiyang Wana Datar/

Malangna tuah paseban/ Bale bubut bale mangu/ Bale watangan bale tulis/ Lamena di bale sitan pawahanan/ Pamoha pangulag tenah/ Saha nu angkat ti heula/ Tan liyan Girang Nanggaranan/ Nu nangganan para putri nu geulis/ Nu ceput agung bang jaya/ Kandegana Kentring Manik Mayang Sunda/

Bok janur larang bancana/Ahisna Amuk Murugul/Sang Mantri Agung Mareja Sang Mantri Jaya/Seuweu Tuhan Lampung Jambul/ Kidang sawakul patimuhan/ Ti nu Geulis Sang Titi Sang Geulis Wangi/ Bur ti heula ley pandeuri/ Iyu nahun suhunan/ Baluk karas himbal kararange/ Besek jati dipasagi bubuleud emas/

Tetek taleh salaka/ Sasaka gading ditapak liman/ Baaneun ka Pakuan/ Bur jolian homas/ Dipucakan ku camara gading/ Dililingga ku homas/ Ngaranna tan garantay/ Dipuncakan ku mirah/ Tupak dikarang mataja/ Singasari keri kanan/Payung wilis lilingga gading/ Dipuncakan ku manik molah/ Payung getas lilinggaan/ Dipuncakan homas/ Deung payung saberelian/

Beunang ngagaler ku lungsir/ Tapo terung homas keloh/ Gelewer paraja papan/ Kikiceup deungeun liliyeuk/ Deg semut sama diulur/ Betana tatama pindah/ Bur kadi kuta sri manglayang/ Lumenggung di awang awang/ Juru kadi ti pandeuri/ Juru kandaga ti heula/ Deung sawung galing kiwa tengen/ Ditengah kidang kancana/

Saha nju di singabarong/ Bur ti heula ley pandeuri/ Satagana lahin deuhi/ Nu Geulis Tan Bunga Sari/ Ahis Tuhan Bima Raja/ Putri ti Lohdatar Luhar/ Deung nu geulis Sriwati/ Ahisan Munding Dalima/ Putri ti Gunung Kayapu/ Deung nu Geulis Raja Kalapa/ Ahis Tuhan Bima Kalang/ Putri ti Kalapa Jajar/ Deung nu Geulis Limur Kasih/ Ahisna Panji Bomapati/ Putri ti Pasir Batang/ Bur nu nurut lakiyan/ Tujuhan sapilanceukan/ Haritacang Haristacu/ Harikeling Harismaya/ Seuweu Parebu di Tanjung Wetan/ Nu pupus sapihunungan/ Nu hilang ku ketang mosoh ku bajo/ Paheh ku wangi sagara/ Deung nu geulis Dewi Samatra Ratu Larang/

Ahisna Kebo Tape Panji Tagehan Wangi/ Putri ti Tanjung Nagara/ Bur nu nurut lakiyan/ Haning cina Sri Wangi/ Sari Putri Batari/ Tarahan wang/ Seuweu susuhunan Makabo/ Nu pupus sapihunungan/ Deung nu geulis Maya Pakembangan/ Nu pupus sapihunungan/ Hilang di Karang Sidulang/ Deung nu geulis Dewi Banding/ Ahisna munding Dalingin/ Putri ti Kutawaringin/ Deung nu Geulis Aci Manglaya/ Ahisna kebo Manglaya/ Putri Tungtung Pasang/ Deung nu Geulis Dewi Rarage/ Ahisna Tulang Kalang Bate/ Putri ti nusa pali/ Kabogoh kuna jeneng putri/ Hapur kembang hideung santen/ Maromon kenana carang/ Sairung deung Embo Agung/ Satarang deung Raja Angsa/ Sapipi deung Ngabetkasih/ Irung kadi pala kurung/ Panon kadi kaca cina/

Barentik na bulu panon/ Taktak taraju jawaeun/ Hejo kelek teu buluhan/ Ngarana twa si danuh/ Pangaruh reya maru/ Pangawet diboga salaki/ Bengsal teu dipiwarang/ Deung nu geulis Dewi Raja Kabalahan/ Ahisna Lembu Pepeteng/ Putri ti Pasuketan/ Bogoh kuna jeneng putri/ Jembut awak kambuy beuteung/ Parandane digedekeun/ Da ahis kandaga Lante/ Bur ti heula ley pandeuri/ Sataganan lahin deuhi/ Nu geulisna Tunjung Mambang Sari/ Ahisna Gajah Bungbang/ Putri ti Pulo Kambangan
..........

Hana Caraka/ Data sawala/ Pada jaya/ Nya maga batanga/ Sadu pun/ Sugan aya sastra/ Leuwih suda baan/ Kurang wuwuhan/ Beunang diajar nulis/ Gunung Larang Sri Manganti. Cag (***)


Disadur Oleh Agus Setia Permana
Dari Naskah Ratu Pakuan. Oleh Drs. Atja, Ratu Pakuan, 1970.
Disadur dari Lima Abad Sasra Sunda – Sebuah Antologi – Jilid 1,
Geger Sunten – Juni 2000.

Hatur Punten

Untuk perbaikan dan sarana dimohon untuk tinggalkan PESAN, Jawaban dan Hasinya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun



Rajah Cikuray.wmv by Agus 1960