Selasa, 20 April 2010

Sanghyang Siksa Kanda'Ng Karesyian


Ndah nihan warahakna sang sadu, de sang mamet hayu. Hana sanghyang siksakandang karesian ngaranya, kayatnakna wong sakabeh. Nihan ujar sang sadu ngagelarkeun sanghyang siksakandang karesian.

Ini sanghyang dasa kreta kundangeun urang reya. Asing nu dek nanjeurkeun sasana kreta pakeuneun heubeul hirup, heubeul nyewa na, jadiyan kuras. jadiyan tahun, deugdeug tanjeur jaya prang, Nyewana na urang reya.

Ini byakta sanghyang dasa kreta ngaranya, kalangkang dasa sila, maya-maya sanghyang dasa marga, kapretyaksaan dasa indriya na-keun ngretakeun bumi lamba di bumi tan parek.

Ini pakeun urang ngretakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranje kaeusi, huma kaomean, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowe waras, nyewana sama wong sarat. Sangkilang di lamba, trena taru lata galuma, hejo lembok tumuwuh sarba pala wohwohan, dadi na hujan, landung3 tahun, tumuwuh daek, maka hurip na urang reya. Inya eta sanghyang sasana kreta di lamba ngarana.

Ini sanghyang dasa kreta nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasa sila, ya maya-maya sanghyang dasa marga ta, kapretyaksaan na dasa indriya. Ini byakta: ceuli ulah barang denge mo ma nu sieup didenge kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na iunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinangguh utama ti pangreungeu. Mata ulah barang deuleu mo ma nu sieup dideuleu kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; he­ngan lamun kapahayu ma sinengguh utama ning deuleu. Kuril ulah dipake gulang-gasehan, ku panas ku tiis, kenana dora bancana, sang­kan nemu mala na Iunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti kulit. Letah ulah salah nu dirasakeun ke­nana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh tuama bijilna ti letah. Irung ulah salah ambeu kenana dora bancana. sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti irung. Sungut ulah barang carek kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamun kapahayu ma sinangguh utama bijihna ti sungut. Leu-ngeun mulah barang cokot kenana dora bancana na lunas papa nara­ka; hengan lamunna kapahayu ma sinangguh utama bijilna ti leungeun. Suku ulah barang tincak kenana dora bancana na lunas papa naraka; hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti suku. Payu ulah dipake keter kenana dora bancana na lunas papa naraka. hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti payu, Baga purusa ulah dipake kancoleh kenana dora bancana na lunas papa naraka. hengan lamunna kapahayu ma sinengguh utama dijilna ti baga lawan purusa, Ya ta sinangguh dasa kreta ngaranna. Anggeus kapahayu ma dora sapuluh, rampes twahna urang reya Maka nguni twah sang dewa ratu.

Nihan sinangguh dasa prebakti ngaranya. Anak bakti di bapa, ewe bakti di laki. hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado. wado bakti di mantri, mantri bakti di nu nangganan. nu nangganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata, dewata bakti di hyang. Ya ta sinangguh dasa prebakti ngaranna.

Ini na lakukeuneun. talatah sang sadu jati. Hong kara name sewaya. senibah ing hulun di sanghyang panca tatagata. Panca ngaran ing lima, tata ma ngaran ing sabda, gata ma ngaran ing raga, Ya eta ma ngaran ing sabda, gata ma ngaran ing raga. Ya eta ma pahayuan sareanana.

Panca aksara guru-guru ning janma. Panca aksara ma byakta nu katongton kawreton, kacaksuh ku indriya. Guru ma pananyaan na urang reya. Nya mana dingaranan guru ing janma. Sang moha sanggeusna aya bwana.

Ini byaktana. Ngaranya ya panca byapara. Sanghyang pretiwi, apah, teja, bayu mwang akasa. Carek sang sadu maha purusa. eta keh drebya urang. Kangken pretiwi kulit, kangken apah darah ciduh, kangken teja panon, kangken bayu tulang, kangken akasa kapala. Iya pretiwi di sarira ngaranya. Nya mana dikangkenkeun ku nu mawa bumi. Ya mangupati pra rama, resi, prabu, disi mwang tarahan.

Ini panca putra: pretiwi Sang Mangukuhan, apah Sang Katungmaralah, teja Sang Karungkalah, bayu Sang Sandanggreba, akasa Sang Wretikandayun.

Ini panca kusika: Sang Kusika di Gunung, Sang Garga di Rumbut, Sang Mesti di Mahameru, Sang Purusa di Madiri, Sang Patanjala di Panjulan. Lamun pahi kaopeksa sanghyang wuku lima dina bwana, boa halimpu ikang desa kabeh. Desa kabeh ngaranya: purba, daksina, pasima, utara, madya. Purba, timur, kahanan Hyang Isora, putih rupana; daksina, kidul, kahanan Hyang Brahma, mirah rupanya; Pasima, kulon kahanan Hyang Mahadewa, kuning rupana; utara, lor, kahanan Hyang Wisnu, hireng rupana; madya, tengah, kahanan Hyang Siwah, aneka warna rupanya. Nya mana sakitu sanghyang wuku lima dina bwana.

Ini wuku lima di maha pandita. Sandi ma karasa si tutur, tapa ma karasa si langlang lungguh ma karasa si pageuh, pretyaksa ma karasa sia sembawa, kaleupaseun ma karasa madumi tan kaduman, manghingetan tanpa hingan. Sakitu wuku lima di maha pandita. Nihan pawwitan ning kreta, sya sang dewata lima. Pahingawakan ngaran di maneh, pahi mireungeuh rua di manen. Hengan lamunna mo karasa ma kadyangga ning wilut tumemu wilutnya, bener tumemu benernya, Kitu keh eta, ku twah ning janma mana kreta, ku twah ning janma mana na layu.

Ini karma ning hulun, saka jalan urang hulun, Karma ma nga­ranya pibudieun, tingkah paripolah saka jalan ngaranya. Maka takut maka jarot, maka atong maka teuang di tingkah di pitwaheun, di ulah di pisabdaan, Maka nguni lamun hareupeun sang dewa ratu pun. Maka satya di kahulunan, maka lokat dasa kalesa, boa ruat mala mali papa, kapanggih ning kasorgaan. Lamun teungteuing ngawakan karma ning hulun, kitu eta leuwih madan usya ditindih ukir, ditapa di luhur gunung kena palarang ditapa dina luhur gajah, hunur singha; deukeut maha bancana.

Ini twah ing janma pigunacun na urang reya. Ulah mo turut sang hyang siksakandang karesian. Jaga rang dek luput ing na pancagati, sangsara. Mulah carut mulah sarereh, mulah nyangcarutkeun maneh. Kalingana nyangcarutkeun maneh ma ngaranya: nu aya dipajar hanteu, nu hanteu dipajar waya, nu inya dipajar lain, nu lain dipajar inya. Nya karah hedapna ma kira-kira. Budi-budi ngajerum, mijaheutan, eta byaktana nyangcarutkeun maneh ngaranna.

Nyangcarutkeun sakalih ma ngaranna: mipit mo amit, ngala mo menta, ngajuput mo sadu. Maka nguni tu: tunumpu, maling, ngetal, ngabegal; sing sawatek cekap carut, ya nyangcarutkeun sakalih ngaranna.

Sanguni tu: meor, ngodok, nyepet, ngarebut, ngarorogoh, papan jingan. Maka nguni ngotok ngowo di pamajikan, di panghulu tandang. Maka nguni di tohaan di maneh, Itu leuwih mulah dipiguna dipitwah ku urang hulun. Ulah mo pake na sabda atong teuang guru basa, bakti susila di pada janma, di kula kandang baraya.

Maka nguni di tohaan urang. Suku ma pake disila, leungeun ma pake umum, Jaga rang pacarek deung menak deung gusti deung buhaya ing kalih deung estri larangan maka nguni deung tohaan urang. Jaga rang dipiguhakeun mulah surah di tineung urang, sanguni salah tembal, kajeueung semu mo suka ku tohaan urang. Ulah, pamali; bisi urug beunang ditapa, hilang beunang cakal bakal, bisi leungit batri hese, kapangguh ku sanghyang jagat sangsara, batigrahan ku sang dewa ratu.

Lamun hamo satya di tohaan urang, anggeus ma jaga rang waya di kagering, jaga rang palay, jaga rang ireug, duga-duga majar maneh teungteuing amat. Mana dipajar satya dikahulunan;hengan jaga rang ceta ma mulah luhya, mulah kuciwa, mulah ngntong dipiwarang, mulah hiri mulah dengki deung deungeun sakahulunan. Maka nguni nyeueung nu meunang pudyan, meunang parekan, nyeueung nu dineneh ku tohaan, teka dek nyetnyot tineung urang. Haywa, pamali !. Kapamalyanna karah: jadi neluh bareuh hate. Hamo beunang gitambaan, jampe mo matih, paksa mo mretyaksa, ja hanteu kturutan ku sanghyang siksakandang karesian.

Kitu jaga rang nangganan, mulah kira-kira digelangan. Jaga rang kagelangan, mulah mo bakti di nu nangganan kena itu tanda8 sang dewa ratu. Jaga rang keuna panyuruhan, mulah mo raksa sanghyang siksa-kandang karesian, pakeun urang satya di piwarangan. Hengan lamur. nu ngalor ngidul ngulon ngetan, geus ma mulah siwok cante, mulah simur cante, mulah simar cante, mulah darma cante. Ya ta sinangguh sanghyang catur yatna ngaranya.

Ini kalingana. Siwok cante ma ngaranna kawujukan ku hakan inum. Simur cante ma ngaranna salima hamilu ngaramakeun nu maling, nu ngarebut, nu meor. Ya salah dongdonan ngaranya. Simar cante ma ngaranna ngala dagangan mas pirak lalambaran hanteu dititah ku nu miwarang. Ya salah sadeyan ngaranna. Darma cante ma ngaranna daranan di kaceuceub tohaan urang. Disuruh nyokot ngadarat matyan nu tan yogya ku tohaan gumanti ya ngiseusan, kena wageuy, kena kula kadang, kena baraya. Eta ulah dipiguna ku urang hulun. Bogoh di kaceuceub, ceuceub di kabogoh, Itu tan yogya dipitwah ku urang hulun, Ini pakeun urang nurut ka tohaan, pakeun urang panjang dipihulun. pakeun urang hsebeul diasa ku tohaan urang. Turut sangyang siksakandang karesian! Bireungeuh na panghulu tandang. Lamun nyeuseul tohaan, milu rang nyeuseul deui deung tohaan. Lamun muji tohaan, milu urang muji deui deung tohaan. Lamun hamo ma milu muji milu meda deung tohaan tosta cingcing tegang urang bakti ka tohaan.

Jaga rang leumpang ngalasan, baju simbut Lamun hamo deung tohaan, iseuskeun na siksakandang karesian. Siksaanana ta ulah dek ngundeur ka huma beet sakalih ka kebon sakalih. Hamo ma beunang urang laku sadu.

Salang keboan ning alas, kayu batri nangtu, bwah beunang ngararanggean, tanggeuhkeun suluh, turuban supa, cangreudan tewwan, odeng, nyeruan, engang, ulam, parakan, sing sawatek babayan, ulah urang barang ala. Sanguni nurunkeun sadapan sakalih, ulah eta dipiguna kenana puhun ning dosa, tamikal ning papa kalesa.

Jaga rang nemu jalan, gede beet, bangat dicangcut dipangadwa sugan urang pajeueung deung gusti deung mantri. Ulah mo pangidalkeun pangadokokongkeun. Lamun bujangga brahmana, wikuhaji mangkubumi, anak ratu, beunghar kokoro, maka nguni gutuloka, ulah mo pahi panggidalkeun kena itu guru sang prebu.

Ingetkeun na siksakandang karesian, deung iseuskeun na haloan. Ulah ngeringkeun estri larangan sakalih, rara hulanjar sakalih, bisi keuna ku haloan si panghawanan, Maka nguni ngarowang tangan, sapanglungguhan di catang, di bale, patutunggalan, haloan si panglungguhan ngaranna. Patanjeur-tanjeur di pipir, di buruan, patu­tunggalan, haloan si panahtaran ngaranna. Nembalan nu batuk, nu ngadehem, nu ngareuhak, maka nguni embuing; kalih ngawih, ya lembu akalang ngaranya. Nyanda diurut sanghyang kalih deuuk di tihang, di kayu, di batu, nyeueung inya anggeus diri disilihan nyanda, ngaranna lembu anggasin. Itu kehna ingetkeuneun lamun dek luput ti naraka,

Sangnguni sapanginepan, sapamajikan, satepas, sabale deung sanghyang kalih, deung estri larangan sakalih ngaranna kebo sapinahan. Nya kehna ingetkeuneun, sinangguh ulah pamali ngaranna.

Itu haywa ulah dek diturut ku hulun sakalih. Lamun urang dek maan inya ma maka majar ka panghulu tandang. Lamun dipicaya ma samayakeun, ku geringna ku paehna ku leungitna. poron mati sareyanana, eta baan. Hamo tu aya na pidosaeun ja kolot na samaya nirnina agama. Hamo ma dipicaya, ulah! Lamun keudeu ma dek maan inya, gering ma nulung, paeh leungit ma ngagantyan sakadeugdeugna. Sangmangkana kayatnakna!

Nihan muwah. Jaga rang kadatangan ku same pangurang dasa, calagara, upeti panggeres reuma maka suka geuing urang, maka rasa kadatangan ku kula kadang, ku baraya, ku adi lanccuk anak mitra suan kaponakan. Sakitu eta kangken Ngan lamun aya panghaat urang, kicap inum simbut cawet suka drebya.

Maka rasa puja nyanggraha ka hyang ka dewata, Anggeus ma jaga rang dipigunakeun ka gaga ka sawah ka serang ageung, ngikis, marigi, ngandang, ngaburang, marak, munday, ngadodoger, mangpayang. nyair bincang; sing sawatek guna tohaan, ulah sungsut, ulah surah, ulah purik deung giringsing, pahi sukakeun sareyanana.

Maka rasa guna urang. Ngan lamun urang pulang ka dayeuh, ulah ngising di pinggir jalan, di sisi imah di tungtung caangna. bisi kaambeu ku menak ku gusti. Sunguni tungku nu rongah-rongah bisi kasumpah kapadakeun ambu bapa pangguruan, kapapas ka nu karolot ku twah urang gagabah. Ngan lamun carek sanghyang siksa, ngising ma tujuh lengkah ti jalan, kiih ma tilu lengkah ti jalan. Boa mo nemu picarekeun sakalih ja urang nyaho di ulah pamali. Kaulah ma duka, pamali ma paeh, deung jeungjeueung gagawar, pucuk tambalung, sugan tampyan dalem, kandang larangan, bale larangan. Maka nguni ngalangsinang, mapag ngaliwat ratu macangkrama kena itu paranti dosa, Jaga rang asup dalem, maka rea lieuk, sugan ngarumpak nebuk nembung megat jajarah. Jaga urang deuuk, ulah salah hareup, maka rampes disila. Deung sugan urang dibaan lemek ku tohaan, tineungkeun picarek urang. Asing seueup, maka suka ka tohaan.

Deung maka ilik-ilik dina turutaneun: mantri gusti kaasa-asa, bayangkara nu marek, pangalasan, juru lukis, pande dang, pande mas, pande gelang, pande wesi, guru widang. medu, wayang, kumbang gending, tapukan, banyolan, pahuma, panyadap, panyawah, panyapu, bela mati, juru moha, barat katiga, pajurit, pamanah, pamarag, pangurang dasa calagara, rare angon, pacelengan, pakotokan, palika, preteuleum, sing sawatek guna, Aya ma satya di guna di kahulunan. Eta kehna turutaneun kena eta ngawakan tapa di nagara.

Aya ma na urang nu kaseuseul ku tohaan, eta keh ulah diturut twah bisi urang kaseuseul deui. Ini babandingna, upama janma leumpang ngalasan nincak cucuk, tincak keh deui ku urang, sarua sakitanna. Nya mana aya ma na urang nu kapuji, si cangcingan, si langsitan, maka predana, emet imeut rajeun leukeun satya di guna tohaan. Eta ma turut twahna deung gunana, boa urang kapuji deui.

Aya ma janma rampes ruana, rampes tingkahna, rampes twahna, turut saageungna kena eta sinangguh janma utama ngaranna. Aya ma janma goreng ruana. ireug tingkahna, rampes twahna, itu ma milah diturut tingkahna dara sok jeueung rwana. Turut ma twahna. Aya janma goreng rwana. ireug tingkahna, goreng twahna, itu ma carut ning bumi, silih diri na urang sabwana, ngaranna calang ning janma. itu kehna ingetkeuneun, hala-hayu goreng-rampes ala guru.

Ini pengetna, Aya ma janma paeh maling, paeh papanjingan, paeh ngabegal, paeh meor, sing sawatek cekap carut, eta jeueung ke­na ulah diturutan. Ya eta kangken guru nista ngaranna.

Aya ta deui. Lamun urang nyeueung nu ngawayang, ngadengekeun nu mantun, nemu siksaan tina carita, ya kangken guru panggung ngaranna. Lamun urang nemu siksaan rampes ti nu maca ya kangken guru tangtu ngaranna. Lamun mireungeuh beunang nu kuriak ma: ukir-ukiran, paparahatan. papadungan, tutulisan, sui nanya ka nu diguna, temu ku rasa sorangan ku beunangna ilik di guna sakalih ya kangken guru wreti ngaranna. Nemu agama ti anak, ya kangken guru rare ngaranna. Nemu darma ti aki ma ya kangken guru kaki ngaranna. Nemu darma ti lanceuk ma ya kangken guru kakang ngaranna. Nemu darma ti toa ma ya kangken guru ua ngaranna.

Nemu darma ti geusan leumpang di lembur di geusan ngawengi, di geusan eureun, di geusan majik ma ya kangken guru hawan ngaranna. Nemu darma ti indung ti bapa ya kangken guru kamulan ngaranna. Maka nguni lamun hatur ka mahapandita ya kangken guru utama, ya kangken guru mulya, ya kangken guru premana, ya kang­ken guru kaupadesaan. Ya sinangguh catur utama ngaranna.

Nya mana kitu, lamun anggeus di karma ning akarma, di twah ning atwah, anggeus pahi kaiilikan nu gopel nu rampes, nu hala nu hayu. Kitu lamun aya nu muji urang, suita, maka geuing urang, gumanti pulangkeun ka nu muji, pakeun urang mo kapentingan ku pamuji sakalih. Lamun urang daek dipuji ma kadyangga ning galah dawa sinambungan tuna, rasa atoh ku pamuji.

Anggeus ma dipake hangkara ja ngarasa maneh aya di imah maneh, ku hakan ku inum, ku suka ku boga, ku pakarang, teka dipake anggeuhan. Eta kangken galah dawa ta. Eta Kangken pare hapa ta ngaranna. Kitu, lamun aya nu meda urang, aku sapameda sakalih. Nya mana kadyangganing galah cedek tinugelan teka. Upamana urang kudil, eta kangken cai pamandyan. Upamana urang kurit kangken datang nu ngaminyakan. Upamana urang ponyo kangkn datang nu mere kejo. Upamana urang henaang kangken datang nu mawakeun aroteun. Upamana urang handeueul kangken datang nu mere seupaheun. Ya sinangguh panca parisuda ngaranna. Eta kangken galah cedek tinugelan.

Lamun maka suka rasa urang, kangken pare beurat sangga. Boa maka hurip na urang reya. Ya katemu wwit ning suka Iawan10 enak. Salang nu ngupat, ala panyaraman. Aya twah urang ma eureunan. Hanteu twah urang ma ungang ambu-bapa. Kalingana janma ngaranna. Ya sinangguh paramarta wisesa, ya kangken dewa mangjanma ngaranna. Nya sang puma sarira, nya wwit ning hayu, ya puhun ning bener.

Ini pangimbuh ning twah pakeun mo tiwas kala manghurip, pa-keun wastu di imah di maneh. Emet, imeut. rajeun, leukcen, paka predana, morogol-rogol, purusa ning sa, widagda, hapitan. kara wa-leya, cangcingan, langsitan.

Jaga rang ngajadikeun gaga-sawh, tihap ulah sangsara. Jaga rang nyieun kebon, tihap mulah ngundeur ka huma beet sakalih, ka huma lega sakalih. Hamo ma beunang urang laku sadu. Cocooan ulah tihap meuli mulah tihap nukeur. Pakarang ulah tihap nginjeum.

Simbut-cawet mulah kasarataan, hakaninum ulah kakurangan, anak-ewe pituturan sugan dipajar durbala siksa. Yatnakeun sanghyang siksakandang karesian.

Jaga rang hees tamba uinduh, nginum twak tamba hanaang, nyatu tamba ponvo, ulah urang kajongjonan. Yatnakeun maring ku hanteu. Sanguni tu ku anak-ewe, mulah dek paliketan sugan hamo sapitwaheun. Rampes ma beunang urang nyaraman teka nurut na panyaraman, eta keh anak urang ewe urang ngaranna.

Hanteu ma nurut na pamagahan, eta sarua deungeun sakalih. Ngan lamun keudeu, ewe-anak geus ma medeng diaku ku urang. Boa urang kabobotan, boa reujeung sasab ka naraka, leungit batri rang ngabakta, hilang beunang cakal-bakal.

Ini warah sang darma pitutur, sugan urang tanpa hedap mreopeksah samutatah. Paesan teh ta susuriyem, jambangan eusi ning bayu ma hening, tah desana tah nora buksah. Kalingana ta, sri ma ngaranya omas. Kitu na omas, lamun hamo dilanja pelek rupana, lamun kalanja ma cenang, rampes ja kaopeksa.

Kitu keh upama urang janma ini. Lamun nurut sanghyang siksa, kapahayu rasana di urang kadyangga ning bener tumemu benernya. Kitu, lamun hamo nurut sanghyang siksa kreta kadyangga ning wilut tumemu wilutnya. Paesan ma ngaranya eunteung. Kitu na eunteung, lamun hamo kawaas, samar kalangkang urang. Lamun kawaas ma puguh rua urang dina jero eunteung eta.

Kitu keh janma ini, bisa nurut upacara sakalih. Rampes ma boa kalihasan ku rasa di maneh. Lamun hamo ma bisa nurut pamagahan, punggun tata ngaranna.

Jambangan ma ngaranna pamuruyan. Kangken cai hening ma hedap urang kreha. Ya mana kitu, mana na waas, teger rame ambek. Desa ma ngaranya dayeuh, Na dayeuh, lamun kosong. hanetu turutaneunana. Kitu na sabda, lamun hamo kaeusi carut ngaranna. Hengan lamun kaeusian ma na kahanan, eta keh na turutaneun. Kitu keh na sabda. Mana kaeusian, mana dipajar bener laksana.

Kitu keh urang janma ini. Lamun dek nyaho di puhun suka lawan enak ma ingetkeun saur sang darma pitutur. Ini silokana :

tadaga carita hangsa
gajendra carita banem
matsyanem carita sagarem
puspanem carita bangbarem.

Kalinganya, kitu jarang dek ceta, ulah salah geusan nanya. Lamun hayang nyaho di tanian herang, talaga banyu atis ma hangsa tanya. Kalingana ma aya janma atisti ring apraniti. herang tineung. rame ambek, nyangkah, kangken hangga dina talaga herang.

Hayang nyaho di jero ning laut ma. matsya tanya. Kalingana ma upama hayang nyaho di hedap sang dewa ratu deung di hedap mahapandita.

Hayang nyaho di Iwir ning leuweung ma gajah tanya. Ini kalingana. Kangken Iwir ta ma nyaho di tineung nu reya. Kangken gajah ta ma nyaho di bebedas sang dewa ratu.

Hayang nyaho di ruum amis ning kembang ma, bangbara tanya. Kalingana ta kangken bangbara ma janma bisa saba ngumbara, nya­ho di tingkah sakalih. Kangken ruum kembang ma janma rampes twahna, amis barungusan semu imut tingkah suka. Kalingana ulah salah geusan tanya.

Hayang nyaho di sakweh ning carita ma: Damarjati, Sanghyang Bayu, Jayasena, Sedamana, Pu Jayakarma. Ramayana, Adiparwa, Korawasarma, Bimasorga, Rangga Lawe, Boma, Sumana, Kala Purbaka, Jarini, Tantri; sing sawatek carita ma memen tanya.

Hayang nyaho di sakweh ning kawih ma: kawih bwatuha. kawih panjang, kawih lalanguan. kawih panyaraman, kawih sisindiran, kawih pengpeledan, bongbong kaso, pererane, porod eurih, kawih babahanan, kawih bangbarongan, kawih tangtung, kawih sasambatan, kawih igel-igelan; sing sawatek kawih ma, paraguna tanya.

Hayang nyaho di pamaceuh ma: ceta maceuh, ceta nirus, tata-pukan, babarongan, babakutrakan, ubang-ubangan, neureuy panca, munikeun lembur, ngadu lesung, asup kana lantar, ngadu nini sing sawatek kaulinan ma, hempul tanya.

Hayang nyaho di pantun ma: Langgalarang, Banyakcatra, Siliwangi, Haturwangi; prepantun tanya.
Sarwa Iwir ning tulis ma: pupunjengan, hihinggulan, kekembangan, alas-alasan, urang-urangan, memetahan, sisirangan, taruk hata, kembang tarate; sing sawatek tulis ma, lukis tanya.

Sarwa Iwir ning teuteupaan ma telu ganggaman palain. Ganggaman di sang prabu ma: pedang, abet, pamuk, golok, peso teundeut, keris. Raksasa pinaka dewanya, ja paranti maehan sagala. Ganggaman sang wong tani ma: kujang, baliung, patik, kored, sadap. Detya pinaka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun. Ganggamam sang pandita ma: kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi. Danawa pinaka dewanya, ja itu paranti kumeureut sagala. Nya mana teluna ganggaman palain deui di sang prebu, di sang wong tani, di sang pandita. Kitu lamun urang hayang nyaho di sareanana, eta ma panday tanya.

Sarwa Iwir ning ukir ma: dinanagakeun, dibarongkeun, ditiru paksi, ditiru were, ditiru singha; sing sawatek ukir-ukiran ma, ma-rangguy tanya.

Sarwa Iwir ning oolahan ma: nyupar-nyapir rara mandi, nyocobek, nyopong koneng, nyanglarkeun, nyarengseng, nyeuseungit, nyayang ku pedes beubeuleuman, panggangan, kakasian, hahanyangan, rarameusan, diruruum, amis-amis; sing sawatek kaolahan, hareup catra tanya.

Sarwa Iwir ning boeh ma: kembang muncang, gagang senggang, sameleg, seumat sahurun, anyam cayut, sigeji, pasi-pasi, kalangkang ayakan, poleng rengganis, jayanti, cecempaan, paparan akan, mangin haris sili ganti, boeh siang, bebernatan, papakanan, surat awi, parigi nyengsoh, gaganjar, lusian besar, kampuh jayanti, hujan riris, boeh alus, ragen panganten; sing sawatek boboehan ma pangeuyeuk tanya.

Lamun hayang nyaho di agama parigama ma: acara eleh ku adigama, adigama eleh ku gurugama, gurugama eleh ku tuhagama, tuhagama eleh ku satmata, satmata eleh ku surakloka, surakloka eleh ku niraweerah. Utama janma wahye dosa. Wahye dosa utama janma; sing sawatek agama parigama ma pratanda tanya.

Sugan hayang nyaho di tingkah prang ma: makarabihwa, katra-bihwa, lisangbihwa, singhabihwa, garudabihwa, cakrabihwa, suci muka. braja panjara. asu maliput, merak simpir, gagak sangkur, luwak maturut, kidang sumeka, babah buhaya, ngalingga manik. lemah mrewasa, adipati, prebu sakti, pake prajurit, tapak sawetrik;sang hulujurit tanya.

Hayang nyaho di sakweh ning aji mantra ma: jampa-jampa. geugeuing, susuratan. sasaranaan, kaseangan, pawayagahan, pupuspaan, susudaan. huriphuripan, tunduk iyem, pararasen, pasakwan ; sing sawatek aji ma sang brahmana tanya.

Hayang nyaho di puja di sanggar ma patah puja daun, gelar palayang, puja kembang. nyampingan lingga, ngomean sanghyang, sing sawatek muja ma janggan tanya.

Hayang nyaho di dawuh nalika ma: bulan gempa, tahun tanpa tenggek, tanpa sirah, sakala lumaku, sakala mandeg, bumi kapendem, bumi grempa; sing sawatek nyaho di carek nu beuheula, bujangga tanya.

Hayang nyaho di darmasiksa, siksakandang, pasuktapa, padenaan, maha pawitra, siksa guru, dasa sila, tato bwana, tato sarira, tato ajnyana ma; sing sawatek eusi pustaka. sang pandita tanya.

Maka nguni kasorgaan di sakala kaprabuan, kamulyaan, kamul-yaan, kautamaan, kapremanaan, kawisesaan; ratu tanya.

Hayang nyaho dipatitis bumi ma: ngampihkeun bumi, masinikeun na urang sajagat, parin pasini, ngadengdeng, maraspade, ngukur, nyaruakeun, nyipat, midana, lamun luhur dipidatar, ancol dipakpak; sing sawatek ampih-ampih ma mangkubumi tanya.

Lamun hayang nyaho di sakweh ning labuhan ma, maka nguni: gosong, gorong, kabua, ryak mokprok, ryak maling, alun agung, tanjung, hujung, nusa, pulo, karang nunggung, tunggara, barat daya; sing sawatek saba di laut ma, lalayaran, puhawang tanya.

Hayang nyaho di sawatek arega ma: telu sayuta, telu saketi, telu salaksa. telu sariwu, telu satak, telu saratus, telu sapuluh, maka nguni karobelah, katelubelah, kapatbelah, kalimabelah, kanembelah, kapitubelah, kawolubelah; sing sawatek arega ma citri
k byapari tanya.

Hayang nyaho di sandi, tapa, lungguh, pratyaksa. putus tangkes, kaleupaseun, tata hyang, tata dewata, rasa carita. kalpa carita; sing sawatek nata-nata para dewata kabeh, sang wiku paraloka tanya,

Aya ma nu urang dek ceta, ulah salah geusan nanya. Lamun dek nyaho di carek para nusa ma: carek Cina, Keling, Parasi, Mesir, Samudra, Banggala, Makasar, Pahang, Kalaten, Bangka, Buwun, Beten. Tulangbawang, Sela, Pasay, Parayaman, Nagara Dekan, Dinah, Andeles, Tego, Maloko, Badan, Pego, Malangkabo, Mekah, Buretet, Lawe, Saksak, Sebawa, Bali, Jenggi, Sabini, Ngogan, Kanangen, Kumering, Simpang Tiga, Gumantung, Manumbi, Babu, Nyiri, Sapari, Patukangan, Surabaya, Lampung, Jambudipa, Seran, Gedah, Solot, Solodong, Indragiri, Tanjung Pura, Sakampung, Cempa, Baluk, Jawa; sing sawatek para nusa ma sang jurubasa darmamurcaya tanya.

Eta kehna kanyahokeuneun di tuhuna di yogyana. Aya ma nu majar mo nyaho, eta nu mo satya di guna di maneh, mo teuing di carek dewata urang. Tanawurung inanti dening kawah lamun guna mo dipiguna, lamun twah mo dipitwah, sahinga ning guna kreta kena itu tangtu hyang tangtu dewata.

Sakala batara jagat basa ngretakeun bumi niskala. Basana: Brah­ma, Wisnu, Isora, Mahadewa, Siwah. bakti ka Batara! Basana: Indra, Yama, Baruna, Kowera, Besawarma, bakti ka Batara! Basana: Kusika, Garga, Mestri, Purusa, Patanjala, bakti ka Batara: Sing para dewata kabeh pada bakti ka Batara Seda Niskala. Pahi manggihkeun si tuhu lawan preityaksa.

Ini na parmanggihkeuneun dina sakala, tangtu batara di bwana pakeun pageuh jadi manik sakurungan, pakeuneun teja sabumi. Hulun bakti di tohaan, ewe bakti di laki, anak bakti di bapa, sisya bakti di guru, mantri bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di dewata.

Disuruh neguhkeun di sarira, matitiskeun bayu sabda hedap. Lamun itu hamo kapiguna kapitwah ku na janma kanista madya utama pada ditibakeun kana kawah si tambrah gomuka. Wijayajana janma kawisesa ku dewata pun.

Saur sang darma pitutur mujarakeun sabda sang rumuhun. Aya deui babandingna. Kitu upamana urang leumpang ka Jawa, hamo nurut carekna deungeun carana, mangu rasa urang. Anggeus ma urang pulang deui ka Sunda, hanteu bisa carek Jawa, asa hanteu datang nyaba. Poos tukuna beunang tandang ja hanteu bisa nurut carekna.

Kitu urang ianma ini. Hangger turun ti niskala hanteu katemu cara dewata, geura-geura dek mangjanma ja ireug tingkahna, hanteu bisa nurut twah nu nyaho. Aya kapitwah ta nu mo satya, nu tan yogya: lumekas manggawe hala: papanjingan, bubunyan, kapiadi, ka-pilanceuk. Nya mana wadon ngarasa lalaki lain salakina, tan yogya ngaranna. Lalaki ngarasa wadon lain eusi imahna, tan yogya ngaranna. Wenang ditibakeun kana kawah si mregawijaya.

Janma ngawisesakeun nu salah, Ini silokana twah janma salah: burangkak, marende, mariris, wirang. Ya ta catur buta ngaranna. Kalingana burangkak ma ngaranya gila. Nu kangken maka gila ta ma twah janma: dengi. tungi, torong, gasong, campelak sabda, gopel twah, panas hate, tan yogya ngaranna, Nya keh nu kangken maka gila ta twah janma sakitu. Jadina ta raksasa, durgi, durga, kala, buta, geusan ta di mala ning lemah.

Mala ning Iemah ngaranna: sodong, sarongge, cadas gantung. mungkal pategang, lebak, rancak, kebakan badak, catang nunggang, catang nonggeng, garunggungan, garenggengan, Iemah sahar. dangdang wariyan, hunyur, lemah laki, pitunahan celeng, kalomberan. jaryan, sema; sawatek lemah kasingsal.
Sakitu kajadian nu keudeu di twah nu gopel; ja twah ning janma nu mere gila ta. Jadina ta sawatek maha gila, ja hanteu nurut sanghyang sasana kreta, ja ngarumpak sanghyang siksakandang karesian. Nya mana jadi maha gila ya ta kalinga ning burangkak ngaranna.

Marande ma ngaranna dibeka tiis nya karah panah. Diheman-keun, dikarunyaan, diipuk, dineneh, dibere suka-boga hulun-kuring: nya karah kirakirakeuneun ana; byakta keuna ku na kapapaan eusi tegal si pantana, sayajnyana lohna.

Timur makapalap kandaga. Saketi wong kena i rika. Ti kidul ma gunung watu. Pareng sarewu wong papa i rika. Ti barat yaksa geni-muka. Tan keuna wruhan wong kwehnya papa i rika. Ti kaler kadi walang sinudukan, pareng satus wong papa i rika. Ti tengah gagak si antana lawan sang senayaksa. Sewu-sewu wong papa i rika. Ya kapapan ning marende ngaranna.

Mariris ma ngaranna camah, jiji manan tahi, camah manan wangke ambeu. Kitu keh twah janma cacarokot. barang cokot. Anggeus ma barang ala hamo menta, maling, numpu, meor, ngarebut; song sawatek curaweda ka nu bener.

Paeh ma atmana papa. Sariwu saratus tahun keuna ku sapa batara. tangeh mana jadi janma. Aya jadina ta kotor: janggel, hileud ta­hun, piteuk, titinggi, jambelong, limus sakeureut, mear, pacet, lentah, lohong. gorong; sawatek dipake jiji ku na urang reya. Ya ta sinangguh mariris ngaranna. .

Wirang ma ngaranna: mumul tuhu, mumul bener, mumul yogya, mumul duga-duga, mumul bema. Lamun carut ma: harema, haremsa, bogoh, gawok. Lamun paeh ma eta atmana manggihkeun papa, wot gonggang, cukang cueut, batu kacakup. Kajadikeun ma ka bwana jadi watek maha gila: warak, macan, wuhaya, ula ageung; sawatek maka gila janma. Ya ta ma wirang ngaranna. Sakitu ma catur buta, Ini ma upama janma tandang ka Cina. Heubeul mangkuk di Cina, nyaho di karma Cina, di tingkah Cina, di polah Cina, di kararampesan Cina. Katemu na cara telu: kanista, madya, utama. Pahi nyaho di sabda sang prabu, sang rama, sang resi, bisa matitiskeun bayu, sabda, heddap. Nya mana nya ho di geuing, di upageuing, di parigeuing ; ya ta tri geuing ngaranna.

Geuing ma bisa ngicap bisa ngicup dina kasukaan. Ya geuing ngaranna. Upageuing ma ngaranna bisa nyandang bisa nganggo, bisa babasahan, bisa dibusana, Ya upageuing ngaranna. Parigeuing ma ngaranna bisa nitah bisa miwarang ja sabda arum wawangi. Nya mana hanteu surah nu dipiwarang ja katuju nu beunang milabuh siloka.

Lamun ka beet ma basana: utun, eten, orok, anak ing, adi ing. Ka kolot ma basana: lanceuk ing, suan ing, euceu ing, aki ing. Pangwastu nama sumanger teungteuing amat Sakitu na dasa pasantra, geus ma: guna, rama, hook, pesok, asih, karunya, mupreruk, ngulas, nyecep, ngala angeen. Nya mana suka bungah padang caang nu dipi­warang. Ya ta Sinangguh parigeuing ngaranna.

Ini silokana: mas, pirak, komala, hinten, ya ta sanghyang catur yogya ngaranna. Ini kalingana. Mas ma ngaranya sabda tuhu tepet byakta panca aksara. Pirak ma ngaranya ambek kreta yogya rahayu! Komala ma ngaranya geuing na padang caang lega loganda. Hinten ma ngaranya cangcing ceuri semu imut rame ambek. Ya ta sinangguh catur yogya ngaranya.

Ya ta janma bijil ti nirmala ning lemah, pahoman, pabutelan, pamujaan, lemah maneuh, candi, prasada, lingga linggih, batu gangsa, lemah biningba ginavve wongwongan, sasapuan. Sakitu, saukur lemah kasucikeun, cai kasucikeun, kapawitrakeun. Nya keh janma rahayu, janma rampes, ya janma kreta, Nu kangken bijil ti nirmala ning lemah ma ngaranna, inget di sanghyang siksa, mikukuh talatah ambu bapa aki lawan buyut, nyaho di siksaan mahapandita, mageuhkeun ujar ing kreta.

Ini carita baheula nu nanjeurkeun sanghyang sasana kreta: Rahyangtang Dewaraja, Rahyangta Rawung langit, Rahyangta ti Medang, Rahyangta ri Menir. Ya ta sinangguh catur kreta ngaranna.

Nya mana kitu ayeuna na janma inget di sanghyang darmawisesa, nyaho di karaseyan ning janma. Ya ta sinangguh janma rahaseya ngaranna, Lamun pati ma eta atmana manggihkeun sorga rahayu. Manggih rahina tanpa balik peteng, suka tanpa balik duka, sorga tanpa balik papa, enak tanpa balik lara, hayu tanpa balik hala, nohan tanpa balik wogan, mokta tanpa balik byakta, nis tanpa balik hana, hyang tanpa balik dewa. Ya ta sinangguh parama lenyep ngaranna.

Kitu keh janma ayeuna. Upama urang mandi, cai pitemu urang hengan ta na cai dwa piliheunana; nu keruh deungeun nu herang. Kitu keh twah janma. Dwa nu kapaknakeun: nu goce deungeun nu rampes. Kitu keh janma. mana na kapahayu ku twah nu mahayu inya. Nya mana janma mana hala ku twahna mana hayu ku twahna.

Kitu keh cai mana dipajar dwa piliheun ma. Banyu asrep lawan hening ma inya sanghyang darmawisesa, Nya nu dilakukeun ku mahapandita. Nu banyu hangker lawan letuh ma inya na rasa carita nu dilakukeun ku na sang wiku lokika paramarta kabeh. Nya kadyangga ning centana lawan acentana. Nu centana ma wruh menget tutur tanpa balik lupa; ya ta wwit ning janma rahayu. ya tangkal ning bumi kreta. Nu acentana ma ikang lupa hyang, moha tar kahanan tutur: ya tar.gkal ning sanghara, punun ning kaliyuga, beuti ning jalir, wit ning linyok; ya sangkan janma ka naraka. Ulan eta dipitemen ku nu dek berier ma.

Ini ujar sang sadu basana mahayu drebyana. Ini tri-tangtu di bumi. Bayu kita pinaka prebu, sabda kita pinaka rama. hedap kita pinaka resi. Ya tritangtu di bumi, ya kangken pineguh ning bwana ngaranna.

Ini triwarga di lamba. Wisnu kangken prabu, Brahma kangken rama, Isora kangken resi. Nya mana tritangtu pineguh ning bwana. triwarga hurip ning jagat. Ya sinangguh tritangtu di nu reya ngaranya.

Teguhkeun pageuhkeun sahingga ning tuhu, pepet byakta warta manah. Mana kreta na bwana, mana hayu ikang jagat, kena twah ning janma kapahayu.

Kitu keh, sang pandita pageuh di kapanditaanana. kreta; sang wiku pageuh di kawikuanana, kreta; sang manguyu pageuh di kamanguyuanana, kreta; sang paliken pageuh dikapalikenana. kreta; sang tetega pageuh di katetegaanana, kreta; sang ameng pageuh di kaamenganana, kreta; sang wasi pageuh di kawasianana, kreta; sang ebon pageuh di kaebonana, kreta; maka nguni sang walka pageuh di kawalkaanana, kreta; sang wong tani pageuh di katanianana, kreta; sang euwah pageuh di kaeuwahanana, kreta; Sang gusti pageuh di kagustianana. kreta:. sang mantri pageuh dikamantrianana, kreta; sang masang pageuh di kamasanganana, kreta; sang bujangga pageuh di kabujanggaanana. kreta. sang tarahan pageuh di katarahanana, kreta; sang disi pageuh di kadisianana, kre'ta; sang prebu pageuh di kaprebuanana, kreta.

Nguni sang pandita kalawan sang dewa ratu pageuh ngretakeun ing bwana, nya mana kreta lor kidul kulon wetan sakasangga dening pretiwi sakakurung dening akasa; pahi manghurip ikang sarwo janma kabeh.

Sarwo janma kabeh ngaranna: janma tumuwuh, janma triyak. janma wong, janma siwong, wastu siwong. Nya mana sakitu eta nu dipajar sarwo janma.  kabeh ta.

Jan tumuwuh ma ngaranna: trena, taru, lata, galuma. Pahi manghurip hejo lembok natar dangkura; ya janma tumuwuh ngaranna.

Janma wong ma ngaranna: ruana janma kena ten hade yunina, Janma siwong ma. ngaranna: rampes yuni rampes bangsa kena acan nyaho di sanghyang darma. Ini ma sugan hayang kalihasan ku eusi bwana. Reyana ta. Ini ngaranna: kurija, mataja, bagaja, payuja. Kurija ma ngaranna sawatek bijil ti sungut. Mataja ma ngaranna sawatek bijil ti panon. Bagaja ma ngaranna sawatek bijil tibaga. Payuja ma ngarana sawatek bijil ti tumbling. Ya sinangguh sanghyang catur mula ngaranna.

Ini guna janma di bwana: ngangka, nyigi, ngiket, nyigeung, ngamang, ngarombaong. Ngangka ma ngaranna angen-angen. Nyigi ma ngaranna untayan, Ngiket ma ngaranna watek nalikeun. Nyigeung ma ngaranna meungpeung meulah, mancir. midwakeun, ngadar, ngagitaka, ngukur, nyarwakeun. Ngarwang ma ngaranna sawatek ngalikeun. Ngarombong ma ngaranna sawatek heuleut-heuleut. Ya ta sinangguh sadguna ngaranna. Sakitu guna janma sareana.

Ini kahayang janma: yun suda, yun suka, yun munggah, yun luput. Ini kalingana: yun suda, ma ngaranna hayang puma, mu-mul keuna ku saroa kasakit; yun suka ma ngaranna hayang beunghar, mumul katunan ku drabya: yun nuinggah ma ngaranna hayang sorga, mumul manggihkeun bwana; yun Iuput ma ngaranna hayang mokta, mumul kabawa ku para sorga. Nya mana sakitu kahayang janma sareyana.

Ini nu mandi ka cai. Kalingana lanang wadon keudeu mala-wading. Sakitu eta reyana. Sabaraha dagangan dipakeun eta ? Kalinga­na asak deung atah, goce deung rampes, beet deung gede.

Sabaraha rasana ? Kalingana lawana, kaduka, tirtka, amba, kasaya, madura. Lawana ma ngaranna pangset; kaduka ma ngarana lada; tritka ma ngaranna pahit: amba ma ngaranna haseum; ka­saya ma ngaranna pelem, madura ma ngaranna amis. Sakitu kara-sana ku na janma sareanana, Ini pakeun urang mibogaan maneh, pakeun turun patiwah-tiwah ka anak, ka incu, ka umpi. ka cicip, ka muning, ka anggasantana, ka pratisantana, ka putuh wekas sakabeh; nu sieup dipikakolotan deung nu hamo sieup beunang cekap.

Hamo sieup dipikakolotan ngaranna pinah ing buta raksasa. Beunang bobotoh, beunang babalanjaan, hamo yogya dipikakolotan. Ngaranna wineh ing cipta ambara. Hengan pamere indung, pamere bapa, pamere pangguruan, wenang dipikakolotan. Ngaranna dewa rumaksa di urang.

Ladang pepelakan wenang dipikakolotan. Ngaranna mani bijil ti pretiwi. Ladang heuyeuk, ladang cocooan wenang dipikakolotan. Ngaranna mirah tiba ti akasa.

Janma beunghar teka nebus wadon, teu nyaho indung-bapana, ualah dipikaritikan bisi urang kabawa salah. Aya deui nyaho di indung-bapana, syaran sangkan ahulun. Lamun twah indung-bapana rampes keneh na janma. ngaranna kapapanas ku twah kolot, Eta wenang dipikaritikan. Hengan lamun ku carut ma ulah dipikaleuleuheungkeun. Ngaranna janma mider ing naraka.

Aya deui ma janma rampes twahna, rampes susukna, rampes wwitna, ulah mo tebus. Hengan ulah tuluy dipisomah bisi hulun turunana. Ulah majikeun ka kula-kadang urang. Geus ma tanya, bawakeun seupaheun sewaka ka urang.

Sakitu tata jangjawokanana pakeun dapurna pulang ka jatina deui. Pake beuteung diri ti panjara, pakeun maur bangsa urang rampes pakeun beuteung ka pataka.

Ini pakeun urang ngajajadikeun budak. Ulah hawara dipitotoh-keun nu ma mo bener bitan urang. Kareyaan urang, lamun lengkeng bapa turun ka anak lalaki, lamun lengkeng indung turun ka anak wadon. Lamun pahi ma ti panca ti bumi ngaranna buta sumurup ing kali. Hanteu yogya mijodokeur. bocah; bisi kabawa salah. bisi kaparisedek nu ngajadikeun.

Samangkana kayatnakeun talatah sang sadu. Saur sang darma pitutur mujarakeun sabda sang rumuhun, tutur twah paka sabda : Namo Siwaya! Nami Budaya! Namo Sidam Jiwa nalipurna ! Sang amaca maka suka, sang nurut ma ujar rahayu ngaregep cipta nirmala, yatna sang sewaka drama.

Ini kawuwusan siksakandang karesian ngaranya, ja na pustakanipun sang ngareungeu pun. Mula nibakeun sastra duk ing teja diwasa, huwus ing wulan katiga pun. Ini babar ing pustakanipun: nora catur sagara wulan, pun. (***)


Salinan dari Kropak 630
Disadur oleh Agus Setia Permana
Dari :

  • Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi, Jilid I, Wahyu Wibisana dkk. Geger Sunten, Bandung – 2000 – Disadur lagi dari Poesaka Soenda, No.9,1923.
  •  
  • Terima kasih Abah Kirimannya.

Hatur Punten

Untuk perbaikan dan sarana dimohon untuk tinggalkan PESAN, Jawaban dan Hasinya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun



Rajah Cikuray.wmv by Agus 1960