Kamis, 22 April 2010

Mantra Darmapamulih

Ini Darma Pamulih Hyang Niskala
Ku aci darma pamulih
Ku aci nusya sakti
Ku aci nusya larang
Ngageugeuh nusya seda
Ngageugeuh nusya sakti
Ngageugeuh nusya larang


Aci putih herang jati
Di jero ning jembawasa salira
Salawasna dimanikan
Mangka datang ka bulanna
Mukakeun kowari manik
Sawetuna ti tan hana
Salawasna nyarita di bwana


Mangkana nepi ka mangkana
Dongkap ka mangsa
Pulang deui ka tunnana


Bayu tan metu
Sabda tan muwah
Hedap tan ngaruan,
Kurungan tan keneng kumuwuh.


Aci raga purna jati
Purna-purna palipurna
Tap digalah dikukuhhan
Dipagahan ku aci Darma Pamulih
Sang de Dewata kaliwara
Ku Betara Naga palipurna
Tukuh ku Sanghyang Caka Bayak Beulah
Sanghyang Cupumanik Kilat Kancana


Bayarayamram caang beurang
Seda kalang seda sakti mahabara
Ja aing wenang larang leuwih sorangan
Sabda pamulih kajatiannana
Darma si Gendi nitis ti puncak


Dewata Naga naggeuy na lemah
Katema ku nyawa-nyawa
Katema ku gereh genter
Tuluy ngambangan hurip
Hedap katineung
Tuluy ku sunyia lawan taya
Tuluy ku Sanghyang Suka Denge
Ka tema ku Betara Indra
Tuluy ku panon gelang bwana
Tas ma telas mulih kajatiannana


I pangarumanana Bayak Beulah
Mayukpuk putih herang ngalengjang
Bayu ning kadi payaning
Diteubuh ku aer mawar
Arum-arum akub-akub
Metu aci pangarumanana


Awaking kastori jati [kastori jati]
Awaking ku cimanik larang dewata
Kurungan manik teja putih
Ngaran panglebur bajra
Ku cimanik larang dewata
Kurung manik teja putih
Ngaran panglebur ra awaking
Teka lebut jadi cai
Tas ma telas mulih ka jatiannana


Raga katema ku Hyang Bayu Pertiwi
Katemma ku Pwah Basuki
Katema ku Si Awak Larang
Katema ku Sanghyang Gresik Putih.


Los kasawarega ri kahyang[ng]an.
Buni pangruwatanana
Ruwat ku Sang Darmajati,
I panglebur ku sang hyang guru satmat


Punika kula sasadu,
Kang nganulis ping ti kanggang
Sang armaca pun
Assadu maring Hyang Widi
Mangra betara sakabeh.


ooOoo




Naskah Koropak : 421
Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Sumber : Kosmologi Sunda, Undang A. Darsa dan Edi S. Ekadjati, Kiblat - 2006

Hatur Punten

Untuk perbaikan dan sarana dimohon untuk tinggalkan PESAN, Jawaban dan Hasinya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun



Rajah Cikuray.wmv by Agus 1960