Ini Darma Pamulih Hyang Niskala
Ku aci darma pamulih
Ku aci nusya sakti
Ku aci nusya larang
Ngageugeuh nusya seda
Ngageugeuh nusya sakti
Ngageugeuh nusya larang
Aci putih herang jati
Di jero ning jembawasa salira
Salawasna dimanikan
Mangka datang ka bulanna
Mukakeun kowari manik
Sawetuna ti tan hana
Salawasna nyarita di bwana
Mangkana nepi ka mangkana
Dongkap ka mangsa
Pulang deui ka tunnana
Bayu tan metu
Sabda tan muwah
Hedap tan ngaruan,
Kurungan tan keneng kumuwuh.
Aci raga purna jati
Purna-purna palipurna
Tap digalah dikukuhhan
Dipagahan ku aci Darma Pamulih
Sang de Dewata kaliwara
Ku Betara Naga palipurna
Tukuh ku Sanghyang Caka Bayak Beulah
Sanghyang Cupumanik Kilat Kancana
Bayarayamram caang beurang
Seda kalang seda sakti mahabara
Ja aing wenang larang leuwih sorangan
Sabda pamulih kajatiannana
Darma si Gendi nitis ti puncak
Dewata Naga naggeuy na lemah
Katema ku nyawa-nyawa
Katema ku gereh genter
Tuluy ngambangan hurip
Hedap katineung
Tuluy ku sunyia lawan taya
Tuluy ku Sanghyang Suka Denge
Ka tema ku Betara Indra
Tuluy ku panon gelang bwana
Tas ma telas mulih kajatiannana
I pangarumanana Bayak Beulah
Mayukpuk putih herang ngalengjang
Bayu ning kadi payaning
Diteubuh ku aer mawar
Arum-arum akub-akub
Metu aci pangarumanana
Awaking kastori jati [kastori jati]
Awaking ku cimanik larang dewata
Kurungan manik teja putih
Ngaran panglebur bajra
Ku cimanik larang dewata
Kurung manik teja putih
Ngaran panglebur ra awaking
Teka lebut jadi cai
Tas ma telas mulih ka jatiannana
Raga katema ku Hyang Bayu Pertiwi
Katemma ku Pwah Basuki
Katema ku Si Awak Larang
Katema ku Sanghyang Gresik Putih.
Los kasawarega ri kahyang[ng]an.
Buni pangruwatanana
Ruwat ku Sang Darmajati,
I panglebur ku sang hyang guru satmat
Punika kula sasadu,
Kang nganulis ping ti kanggang
Sang armaca pun
Assadu maring Hyang Widi
Mangra betara sakabeh.
ooOoo
Naskah Koropak : 421
Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Sumber : Kosmologi Sunda, Undang A. Darsa dan Edi S. Ekadjati, Kiblat - 2006
Kamis, 22 April 2010
Jaka Susuru
Lalampahan Prabu Jaka Susuru nu ngadamel Karaton di Tanjung Singuru, anu ayeuna kasebut Bobojong Cisuru, di désa Sukarama onderdistrict Bojong Picung district Ciranjang afdeeling Cianjur.
Ieu urut nagara tempatna santosa pisan, ti kidul ti kulon jeung kalér dikurilingan ku cai ngaranna walungan Cisokan, sarta ti kidulna ngadingding gunung, disebutna gunung Cibulé, ari ti wétanna dihalangan ku bénténg 5 lapis, sarta ka wétanna pisan ngadingding Gunung Payung. Nurutkeun caritaan urang kampung Ciséro nu ayana dina suku éta gunung, éta Gunung Payung téh sanget, malah sok dipaké pamujaan sato héwan nu aya di dinya.
Ieu urut Tanjung Singuru di handapna dipaké torowongan solokan irrigatie, nu ayeuna caina dipaké nyaian sawah sajumblahna aya + 8.000 bau, éta téh nu kakurung ku solokan irrigatie wungkul.
Ayeuna urang nyairoskeun bab galurna lalampahan Prabu Jaka Susuru, putra Prabu Siliwangi Raja di Nagri Pajajaran, nu ayeuna patilasanana aya di Bogor.
Bubukana
Sang Prabu Siliwangi ka VII Raja di Pajajaran kagungan putra jenenganana Munding Mintra Kasiringan Wangi. Dina hiji mangsa magelaran di panca niti dideuheusan para Bopati, Patih, Mantri para Tumenggung. Sang Prabu Siliwangi ngadawuh ka sadayana Para Bopati, dawuhanana: “Kumaha hé para Bopati, Patih jeung Tumenggung, sa réh na kami kagungan putra pameget, nya ieu si ujang Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi, tacan kagungan garwa, tapi ku kami hayang dijenengkeun Bopati heula!” Piunjukna para Bopati sareng para Tumenggung ka Sang Prabu Siliwangi: “Éta mah sadaya-daya, henteu ngalalangkungan Kangjeng Gusti baé, menggah pijenengeunana putra Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi.” Sanggeusna sang Prabu Siliwangi ngadangu piunjukna para Bopati jeung Tumenggung kitu, lajeng ngadawuh deui: “Ari mungguh kahajang kami sarta nurutkeun Gambar Pakuan Pajadajaran, pinagaraeunana teh ayana di tatar Alasan Pasagi Wétan, ngan pingaraneunana nagara kumaha engké baé buktina,”
Sanggeusna Kangjeng Raja Siliwangi ngadawuh kitu, terus putrana Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi, disaur, sarta didawuhan kudu ngamplang ngumbara ka tatar Alasan Pasagi Wétan, néangan pinagaraeun, sarta diréncangan ku dua Tumenggung, nja éta Dipati Tumenggung Séwana Giri, jeung Dipati Tumenggung Séwana Guru, sarta dipasihan jimat Makuta Siger Kancana jeung Gambar Pakuan Pajajaran atawa gambar Lawé Domas Kinasihan. Saparantosna sadia lajeng Munding Mintra Kasiringan Wangi jeung Tumenggung Séwana Giri Séwana Guru angkat tiluan. Barang nepi kana Leuweung ganggong si magonggong, Radén Munding Mintra sarta dua Tumenggung lirén di dinya, pok mariksa ka Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, kieu lahirna: “Hé, mang Tumenggung Séwana Guru jeung Séwana Giri, boa-boa nya ieu pinagaraeun téh!” jawabna dua Tumenggung: “Sumuhun dawuh, émutan pun paman ogé kawas-kawas yaktos pisan ieu, pantes upami didamel nagara téh, margi palemahanana saé, tanah kalingkung ku gunung, bahé ngétan, nya nu kieu nu disebut Galudra Ngupuk téh,”
Tuluy Radén Munding Mintra neneda ka jimatna Makuta Siger Kancana, sarta neneda ka Déwa Batara Sanghiang Utipati. Dimakbul panedana, tuluy éta tanah dicipta, jleg jadi nagara, sarta maké bénténg 5 lapis, salapis bénténg beusi, salapis waja, parunggu, pérak, lapis nu pangjerona beusi purasani. Ti dinya neneda deui ka Déwa mundut pamuk 8.000, baladna 80.000, badégan 65 nu purah ngurus di Karaton. Sanggeusna lengkep eusi karaton rawuh eusi nagara, tuluy Raden Munding Mintra Kasiringan Wangi barempug jeung Tumenggung Séwana Giri, Séwana Guru, baris nangtukeun pingaraneunana éta nagara. Tapi dijawab ku Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri: “O, Radén, perkawis pingaraneunana ieu nagara, ulah ngaborongkeun rama baé, Gusti Prabu Siliwangi di Pakuan Pajajaran, langkung saé abdi baé utus ka Pajajaran ngadeuheus ka Gusti”. Nya tuluy Radén Munding Mintra ngarempugan. Ti dinya lajeng Tumenggung Séwana Guru angkat séja ngadeuheus ka kangjeng Prabu Siliwangi. Teu kacarios di jalanna, parantos sumping ka nagara, lajeng marek ka Kangjeng Prabu Siliwangi, sarta terus unjukan yén dipiwarang ku putrana nyuhunkeun pingaraneunana éta nagara, wiréh saniskanten parantos sayagi, henteu acan dingaranan.
Dawuhan Kangjeng Prabu Siliwangi: “Ari pingaraneunana éta nagara kudu Tanjung Singuru”. Ti dinya Tumenggung Séwana Guru amit mulang, parantos dongkap ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Munding Mintra Kasiringan Wangi: “Kumaha dawuhanana Gusti Prabu Siliwangi?” Tuluy diunjukkeun ku Tumenggung Séwana Guru, yén dawuhanana pingaraneun éta nagara téh kudu Tanjung Singuru, sarta raja kudu gentos jeneng, Prabu Jaka Susuru”. Saur Radén Munding Mintra Kasiringan Wangi: “O, atuh nuhun, yén ayeuna nagara geus aya angaranna, sarta kami digentos jenengan, ngan hanjakal baé acan boga pawarang. Ari ayeuna saha deui nu baris pibelaeun, kajabi ti mamang dipati, ayeuna diperih pati, kudu neangan Putri keur baris pawarang”. Saur Tumenggung Séwana Guru: “Mangga abdi ayeuna mendak wartos, aya mojang di nagara Bitung Wulung, putra Tumenggung Bitung wulung, Pangeran Jungjang Buana, jenenganana eta Putri nu hiji Sekar Jayanti, hiji deui Jayanti Kembang”. Saur Prabu Jaka Susuru: “O, atuh lamun kitu mah urang sakalian baé lamar, nyandak sakumaha adat biasa panglamar, keur ka Tumenggung Bitung wulung”. Ti dinya lajeng Patih angkat.
Geus dongkap ka nagara Bitung wulung, kasondong Raja keur lenggah, tuluy Patih ngadeuheus, dipariksa ku Raja: “Ti mana sampéan, saha tuang kakasih jeung rék naon?” jawab Tumenggung Séwana Guru; “Numawi marek, ieu kuring téh Patih Tanjung Singuru, badé ngalamar, jadi utusan Ratu. Kumaha putra sampéan yaktos lagas kénéh? Upami lagas ayeuna disuhunkeun”. Saur Raja: “Bener kaula boga anak, tapi ku ieu ku ieu ogé dilamar teu dibikeun baé, ayeuna dipundut ku turunan Pakuan Pajajaran, Prabu Jaka Susuru, ari cara kaula mah ngan sambung dunga, sarta ulah dilila-lila, sabab Putri geus sawawa”. Saur Patih; “Upami kitu nuhun, malah ayeuna oge bade dibantun sakalian, supaya dinten ieu kasanggakeun ka Prabu Jaka Susuru”. Saur Raja Bitung wulung Jungjang Buwana: “Ih atuh ayeuna mah urang sakalian baé dianteurkeun ku kaula”. Ti dinya terus ararangkat, kocap geus sumping ka nagara Tanjung Singuru, tuluy dipariksa ku Prabu Jaka Susuru hasil henteuna. Patih lajeng unjukan yén hasil, malah kabantun, sarta disarengan ku ramana, sarta tuluy ku ramana dipasrahkeun ka Prabu Jaka Susuru, saurna: “Ayeuna mangga nyérénkeun, geus teu ngalalangkungan Prabu Jaka Susuru”. Tidinya ramana Putri mah amit mulih ka nagarana di Bitung wulung.
Kacarios Prabu Jaka Susuru, mundut kempelan sareng Dipati, para ponggawa sakabéh, badanten baris pésta réh parantos kagungan pawarang tacan dipéstakeun. Teu lami geus ger pésta ramé 7 poé 7 peuting.
Tunda sakedap lalakon Prabu Jaka Susuru, kocapkeun aya hiji nagara, nagara Gunung Gumuruh, jenengan Rajana Badak Tamela Sukla Panarak Jaya. Éta Raja teu kagungan garwa, ngan kagungan sadérék istri hiji jenengan Ratna Kembang Tan Gumilang.
Raja keur linggih di Paseban, ngadangu anu pésta di nagri Tanjung Singuru, tuluy nyaur raina nyai Putri Ratna Kembang: “Nyai di mana éta nu pésta téh?”
Jawab Putri: “Éta nu pésta téh, di nagri Tanjung Singuru, Rajana keur oléng-pangantén jeung Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang”.
Saur Raja: “ O, atuh éta mah mojang kantanan akang ti baheula, éta Putri Sekar Jayanti téh bébéné akang. Coba nyai dagoan heula, ayeuna ku akang rék diiwat”.
Jawab raina: “Akang ulah, sabab éta mah pawarang Raja, najan akang weduk ogé moal mampuh, tangtu urang cilaka”.
“Ah keun baé ku akang rék direbut, moal beunang dicaram, kapan akang boga kawah Domas; éta Prabu Jaka Susuru ku akang dék dilejokeun, ré dibobodo disebutkeun di kawah Domas aya inten gedéna sagedé énéng, sina dicarokot, sarta mun geus di jero kawah, pantona ku akang rék ditutup”.
Lajeng Raja Gunung Gumuruh angkat, geus sumping ka Tanjung Singuru, terus pamit neda eureun.
Katingali ku Raja Tanjung Singuru lajeng dipariksa: “Sampéan ti mana asal, sarta saha jenengan tara-tara ti sasari, kawas anu aja béja?”
Jawabna: “Leres akang téh Raja Gunung Gumuruh, nu mawi dongkap ka dieu, seja bakti nagri, nyanggakeun jelema, sareng inten buntet sagedé énéng, nu aya di kawah Domas: teu aya deui nu baris piiasaeun nyandak ngan rai, nu kagungan milik”.
Lajeng Raja Tanjung Singuru nyaur ka raina: “Kumaha Nyai éta urang ayeuna dibaktian nagri jeung intan, kumaha hadé
Jawab raina: “Entong raka, biheung teuing éta anu rék nganiaya ngagoda ngarancana ka urang, sareng ieu rai séjén raraosan, asa rék ngandeg”.
Tapi Patih Tumenggung Sewana Guru unjukan: “Moal saé nu bakti teu ditampi, ayeuna mah mangga baé urang angkat.” Ti dinya lajeng arangkat Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri sareng Raja Panarak Jaya. Teu kocap di jalanna, geus sumping ka kawah Domas.
Barang sumping lajeng Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Sewana Guru sarenga Sewana Giri narempo kana éta kawah. Teu tata pasini deui ku Raja Gunung Gumuruh, éta nu tiluan téh ngan dijejekan baé digebruskeun kana kawah Domas. Barang geus tigubrag tiluanana, tuluy pantona ditutup ku batu wulung ku éta Raja Gunung Gumuruh. Éta ménak nu tiluan di jero dasar kawah Domas, terus tatapa, lamina kénging 30 taun.
Ti dinya Raja Gunung Gumuruh teras angkat ka nagara Tanjung Singguru, maksudna rék ngandih nagri. Barang sumping lajeng dipariksa ku Putri Sekar Jayanti, Jayanti Kembang: “Raka, Raja Gunung Gumuruh, naha di mana kénéh ari Prabu Tanjung Singuru?”
Jawabna: “Nyai ayeuna entong nanyakeun Prabu Jaka Susuru, sabab ku akang enggeus di jerum, ayeuna mah carogé nyai téh nya akang pisan, sarta ieu nagara ku akan rék diandih.”
Jawab Putri: “Ah duka, sabab kuring mah moal pegat tuhu ka Prabu Jaka Susuru!” Keukeuh Putri dipaksa, teras éta Putri mabur, barang dongkap ka pileuweungan, bobotna geus jejeg 9 sasih, éta putri ngowo di tengah leuweung, putrana pameget sadaya, sarta dijenenganan éta murangkalih nu ti Sekar Jayanti: Heulang Boengbang Legantara Lungguh Tapa Jaya Perang, ari nu ti Jayanti Kembang jenenganana Kebo Keremay Sakti Pangéran Giringsing Wayang. Éta murangkalih duwanana dirorok di pileuweungan, ageung di pileuweungan. Barang geus yuswa 10 taun éta marurangkalih sareng ibuna teras ngungsi ka nagara Tanjung Sumbara. Anu kagungan nagara éta Gajah Karumasakti; ari garwana dua, jenengan Purba Déwata, Tarna Déwata. Barang sumping éta marurangkalih sareng ibu-ibuna ka payuneun Raja Gajah Karumasakti, dibagéakeun: “Oh sukur nuhun bagéa sumping, ieu téh nu ti mana, sarta turunan saha?”
Jawab Putri; “Upami Raja percanten, ieu pun anak, turunan Kangjeng Prabu Siliwangi, putra Prabu Jaka Susuru; ari kuring ibuna, nu mawi ka dieu seja nyuhunkeun tulung panggugahkeun Prabu Jaka Susuru, nu aya di jero dasar kawah Domas, dijerum ku Raja Gunung Gumuruh”.
Dawuhan Raja: “O nyai, hadé ku akang ditulungan. Ayeuna éta nagri Tanjung Singuru urang jieun lantaran, supaya kauninga ku Raja Gunung Gumuruh, éta nagri urang huru”. Jawab Putri: “Saé, nanging muga énggal digugahkeun heula nu aya di dasar kawah”. Lajeng Raja Karumasakti angkat, barang sumping ka Tanjung Singuru, teras éta nagri dihuru, seuneu muntab-muntab saeusi nagri budal ngalér ngétan ngidul ngulon, nagara burak-barik.
Jawabna: “Ieu nagara kula” Ceuk Raja Gunung Gumuruh; “Nu kula”.
Paaku-aku, tungtungna ger perang éta Raja Gajah Karumasakti jeung Gunung Gumuruh, ramé gelut ngadu kasaktén; tungtungna Raja Gunung Gumuruh kadéséh perangna, nepi ka taluk ka Raja Gajah Karumasakti. Ti dinya Raja Gajah Karumasakti nyaur: “Ayeuna manéh taluk, tapi kudu geuwat ngagugahkeun Prabu Jaka Susuru ti dasar kawah Domas”
Jawabna: “Mangga, tapi kedah sareng, sareng sampéan, urang ka kawah”. Ti dinya lajeng arangkat, barang sumping kana kawah Domas, batu tutupna téa tuluy dijungkatkeun, béh kapendak éta nu tiluan téh, Prabu Jaka Susuru, Tumenggung Séwana Guru, Séwana Giri, lajeng digugahkeun dihanjatkeun.
Éta Raja Gunung Gumuruh nyanggakeun pertobat ka éta 3 ménak tina urut waktu tadi sakitu ngaya-ngayana ka éta Prabu Jaka Susuru, sarta nagarana katut eusina dipasrahkeun rawuh sadérékna nu istri disanggakeun ka Prabu Jaka Susuru, supaya didamel pawarang. Satuluyna nagara Gunung Gumuruh kaparéntah ku Prabu Jaka Susuru.
Ti dinya lajeng Prabu Jaka Susuru angkat sareng putri sadérékna Raja Gunung Gumuruh ngabujeng ka nagara Tanjung Sumbara. Jadi tetepna Raja Prabu Jaka Susuru di nagara Tanjung Sumbara kagungan pawarang 3 putra 2 papatih 4 nya éta:
1. Tumenggung Séwana Guru
2. Tumenggung Séwana Giri
3. Tumenggung Gajah Karumasakti
4. Tumenggung Badak Tamela Sakti Panarak Jaya
Disadur dari :
sanghyang-nagari.blogspot.com, 24 April 2010
Mantra Aji Cakra
Ini Panyukat Aji Cakra / Ku Si Naga Nagini / Sang Manon Sang Matongton / Cupu bahuk udang lulus / Ila-ila ku Sang hyang Waruga Bumi / Ila-ila ku Sang Hyang Waruga Lemah / Satitis Waruga Bumi / Satitis Waruga Lemah / Sang awaking na tutunggul / Megar catang megatkeun apus / Kayu pupug kayu sepug / Kayu ku si balebatan / Kayu ku si Kahuripan / Hurip bayu
Kumeleper buyut agul / Nu neureuy bwana ini / Saha nu kolot sorangan / Basa keur cang keur bungbang / Basa keur lemah. / Langit ngarus Sri Lenggang / Sri maya lenggang / Ngaran lemah ca[k]i / Sri Man Sri Wacana / Sri Baduga Maharaja / Sang Ratu Hyang Banaspati / Nu nya[h]leur di Ra[n]camaya / Ditutug Watubeusi.
Hong hakasa dewa[ka]ta / Turun bayu ngawisesa awa[k]ing / Turun murba ka bwana panca tengah / Ya piyangpi geni, / Ya husipat bwana, / Ya hucaya ni[ng] bwana, / Ya husipat la[ng]geng, / Nu ngawisesa di bwana.
Sang ratu Libung Gumur / Nu temetes saking Meukah / Nu mungguh saking kidul / Dat muliya sapurna hidattulah / Sang Ratu Kilat Barahma, / Nu temetes saking Meukah / Nu mungguh saking kaler / Twa Darma Makilat / Tumuru[n] saking Meukah,
E Sang Bapa Putih / Sang Baga lumenggang / Rat muta rat mutayu, / Rat saking urip. Cag (***)
Koropak 421
Disadur Oleh Agus Setia Permana
Sumber : Kosmologi Sunda, Undang A. Darsa & Edi S. Ekadjati, Kiblat – 2006
Rabu, 21 April 2010
Jati Raga
Ujar Batara Premana, T(e)rus linglang teka (ri(ng) buwana herang “Ah ini Si Ijunati. Ah lain kasorgaa(n)na, Sang Hya(ng) Tu(ng)gal Premana. Muku eta leuwih, Ja tu(ng)gal tu(ng)gal ai(ng), Premana premana aing.” Terus linglang teka ring buwana lega.
Ah ujar Sang Hyang Aci : “Ah ini Si Ijunajati. Ah lain temahanna, Sang Hyang Tu(ng)gal Wisesa. Muku eta Leuwih, Ja wisesa-wisesa ai(ng).” T(e)rus lingla(ng) teka ri(ng) buwana hening.
Ujar Sang Hyang Aci : “Aing ini Si Ijunati, Ah kena karah lain, Ka hanan (S)ang Hyang Hurip. Tan hana bayu sabda hdap. Muku eta leuwih teui(ng), Ja hurip hurip aing, tapa tapa aing(ng), bayu bayu aing(ng), sabda sabda aing, Hda(p) had(p) ai(ng).”
Sapet t(e)rus linglang, teka ri buwana niskala. Aci buwana aci ning buwana, aci acining beura(ng) sadakala.
Ujar Sang Hyang Aci na aci wisesa: “Aing ini Si Ijunajati. Ah lai(n) kasorgaan Batara Niskala, Inya Batara Lenggang Buwana, Inya Batara Sang Acilarang. Aci ning herang, Aci ning hening, Aci ning dewata kabeh.
Hurip ning hurip kabeh. Inya nu ngayuga bayu sabda had(p), Cinta rasa pramana wisesa, Hurip tu(ng)gal tapa, Inya nu ngageugeu(h) hurip.
Aci pwah ma Sang Hyang Sri wisesa, ti nu wisesa leuwih, Ti nu leuwih bedeto, ti nu bedeto hurip, ti nu hurip adras, ti nu adras endah, ti nu endaj ali(t), ti nu alit(a) niskala, ti nu niskala ra(m)pes, ti nu rampes dewata, ti nu dewata.
Ja inya nu ngalungguh, di jebaning dewata, Di jebaning hurip, di jebaning biheung, di jebaning hanteu.
Ju(ng)junan satema(h)han, Jungjunngan sadewata. Sira ta ratu retuning dewata. Batara Jati Niskala, Tema(h)han Batara Niskala, Yata dewata niskala, pitu racok jadi tunggal, Mari siranan tu.”
“Ah”, ujar Sang Hy(hy)ang Aci Kumara. “Ja lumiri cakrawati. Muku eta leuwih teuing, Ja eta niskala ai(ng), ali(a) alit aing, biheung biheung aing, hanteu hanteu aing, tan hana tan hana aing.
”Yata nira nu mangih, ning bumi kumirinycing. Rari sada tatabeuhhan, ri aci bumi kumirinycing, Kumarenycang kumarenycong, rari tinu rari aci kwaswar(r)anan, hya(ng) gending (gending) narawangsa, Kaamsuh ku deneng pawana.
Wijaya ta si(ng)ra hasta, na bumi tan hana pretiwi, na dalem tan hana (a)ngkasa, na rahina tan hana (a)ditya, na candra tan hana wulan, na maru(ta) tan hana angina(a), na teja tan hana maya, na akasa tan hana pe(ma)ga, na jati tan hana hurip.
Tan uwung-uwung manuruwung, Awang-awang mang(ng)amsara. Tan (kiku) kapetengan deneng syang, tan kapadang(ng)an deneng padang, tan kalinwungan deneng rahina wengi, tan karuhur(r)an, deneng nu ruhur, tan kaiswar(r)an deneng swar, tan kaalitan deneng leganyia. Aci(n)tyia ning dewata. Ya ya mana dipajar, na Bwana Jatinsikala.
Ditapa kyarasa nge (nyi nyu) casah, lungguh asa di mega, hum(e)neng nu tan papolah, Awak diya mandala ni(ng) ratna sa(ma)di, teka tumwangtan sira mari adoh purek.
(Yata) ujar Batara Niskala: “Aduh anaku, Sang Hya(ng) Aci Kumara, bagya lagi kita ri kahanan mami, luna duk puna asuh-asuh, tohaanna ning (nana) suka sadye anaku.”
Ujar Sang Hyang Aci Kumara: “Aduh knang kanistyia, ku nigi nistina, ku suksu nigi nistina, kasuruh ku Sang Hyang Ayah, ka Batara Guru seda buwantala, aci Pwah Sang Hya(ng) Sri.”
Ujar Sang Acinta La(r)rang: “Aduh anaku Aci Kumara, hayu samadyana lamun sakitu, maan talatah aing sakini. Lamun mumul mulah disungkah, ja luru raga, lamun daek ma baan deung hiji anaku.” Mulah salah tuduhhan, Aja epwaga na pitu: Pwah Tunyjung Herang, Pwah Sri Tun(ny)jung lenggang, Pwah Sri Tun(ny)jung Hung, Pwah Sri Tun(ny)jung Manik, Pwah Sri Tun(ny)jung Putih, Pwah Sri Tun(ny)jung Bumi, Pwah Tun(ny)jung Bwana.
Mangku kurung(ng)anana ma, Maan aksari kalih, Ngara(n)na Aksari Tu(ny)jung Maba, Aksari Sri Tun(ny)jung Mabra, Aksari Sri Tun(ny)jung Syang, Aksari Sri Tun(ny)jung Kuning, Aksari Sri Tun(ny)jung Nagawali, Aksari Naga Nagini. Selang sagini: Pwah (ri ru) Sari Banawati deung, Pwah Aksari Manikmaya. Aksari Mayata, Aksari Atastita, Aksari Madongkap, Aksasti Nilasi, Aksasri Mayati, Aksari Wadi(ng)ngin, Aksasi Ku(m)bakeling, Aksari Maya Yuwana, Aksari Jana Lawaka, Aksari Manwa(n) Hireng, Aksari Madwada, Aksari Kunti, Aksari Titisari, Aksari Kindya Manik(a) Aksari Madipwak(a), Aksari Maya, Aksari Jabung, Aksari Galetwar, Aksari Werawati, Aksari Rumawangi, Aksari Kinasihhan, Aksari Kamwawati, Aksari Kemang, Aksari Kujati lawan(a) Pwah Bentang Kukus, Aksari Ratna Kusumah, Aksari Hening Hinisjati, Aksari Nwangtwan Manik, Aksari Gendang, Aksari Kalasan, Aksari Endah Patala, Aksari Sedajati, Aksari Imijati, Aksari (jle jlu) jlag sabumi, Aksari Pada Ni Wa(ng)ngi, Aksari K(e)ling, Aksari Gwada Banycana, Aksari Saresehkane. Tan kabilang geusa(n)na ma, Di bwana endah. Dibabakuna tingkes larang, Ti leumpang wisesa sekar bumi, Si Deuwi Bukacim, Ti Maraja Nisgandawati. Sira Deuwi (si su) titi tan hening, Pwah Wirumananggay kaserep jati, deung ambu rai rena kasih.
Sakitu nu ngababakan inya. “Tarahhan geura leumpang, anaku! Herang talatah aing t(y)ea. Lamun tuluy tepung, baan! Lamun hamwa, misui! Sakitu anaku.”
Ujar Sang Hyang Acikumara: “Aduh hantyanuta.” Ujar Batara Niskala: “Hayu aya sakitu ma, samadyana sama pun. Mwa nywarang seupanana, Ngacalwaan batra nurah(h)an. Sakitu pun. Hanteu kami geura lumaksana, Sakitu sama guna.”
Ujar Batara Niskala: “Aduh rahayu anaking, Bwah iman ka aing, Ngadudulur ka sabda rahayu. Hengan ta aing ngaran kanurah heula, Nama sira saha, Prebu Jatiniskala Sang lenggang Buwana, Aci aci ning dewata. Sakitu, nama sira (a)naku. Keh geura s(y)ia leumpang Jajahan na Jatinistmen. Sugan kita kapanggung, Mangke rekwaha(n) na wasta, hanteu na pipulihheun. Maring mulih manih ka sakala, tunda mangke na raga alit, Dina tan hana masya.
Anggeus ma manggih tan arupa mene, Husir deui na raga alit ma, Kita ngaraga deui, A(ng)geus ma kita turun, kita kana buwana endah, Sakitu anaku.”
Yata Sang Hyang Acikumara, Ngarasa maneh a(ng)geus dipa(ng)mukakeun. Sabda mirus midway tan karara, Tuluy sumiri sakeng kuna, Breh welan tan durelan, Tarap majamen ri telas, Sira hanan ta lua, Sang Mwanwan sira hanan ta lua. Paher ta sira sakeng paterus alit, T(e)ka ri bumi tan hana. Ah ini Si Ijunajati Nistmen. Ah lain temah(h)an rahyang jati tan hana. Ja wanang rang Darmajati, Kena karah muku leuwih, Jati tan hana ta. Aing darmajati, aing inya eta i(ng)nya aing, I(ng)nya ai(ng) inya eta, Pet t(e)rus linglang, Peuting bumi ning hireng. Sanjay bumi herang. Ah ini Si Ijunajati Nistmen, Swak caang hanteu nu meungpeukan inya. Ah lain na cangkang, Na (bwa)bwana kwaswang. Muku leuwih ja kwaswang. Aing itu ta mana haci gupu, Man(a) gagah twatwaman, Gumantung tanpa walayut, lurnya nguruwung, Temah(h)an batara, Batara Bayu Bwana. Itu ta mana barekat mahamit, Temah(h)an bakukna na pwasa.
Lamun baluk manarawang, Ah silang sakitu. Muku eta leuwih, Ja baluk baluk aing, Pwasa pwasa aing.
Yata sira tumwantwan maring adwah, Aparek tumata ring kalantara. T(e)rus li(ng)lang t(e)rus manarawang ri niskala, antyana ta aduna patala.
Ujar Sang hyang Aci Wisesa :“Ah na naha eusi raga eta ?” Tan pakena tan parupa, ning kalangkang, rungmangyem rumanyeum. Hana tan hana maswaksa, Ku swak beuteung swak leungeun swak hulu. Sawareh sabumi, Sabumi bwana tiga te kitu. Eta ma teka kwaswang sabwana ta. Pitu lwarnyia sumingir singir, Sumunyia taya tata.
Ujar Sang Hyang Aci Wisea:“Ah linglang aing datang, ka Jatinismen mwang, aing nanggalkeun raga heula.
Ya mana ditinggalkeun raga, di buwana langgeng. Nya mana pet mecat, Sang Hyang Aci Nistmen tina raga alit.
Na raga ditunggwan ku bayu dewata, Hda(p) dewata sabda dewata. Sakitu mnawi pajarkeun, Anggeus cu(n)duk puhun, datang ka tangkal, Katutu(r)ning bisa (katutuning bisa), Ka tutur ning ireug.
Inya sida Jatinistmen, Ya sida tan hana paran, Sida mwaksah tan hana tuduh(h)an. Sira ta manggih tan parupa, Tan pareka tan pakahanan, Sang Hyang tan abayu, tan asabda tan ahdap, tan atutur tan aswarga, tan amwaksah tan alepas, Tan hyang tan dewata, tan warna tan darma. Apan sekar nala sadakala, tan katemu inajyan, Tan katemu inangen-angen.
Ya ta Jatinsitmen, Tan kaucap tan karasa, tan kaprisa tan katwatwan, Tan kapretan, nis; lamun lasmana.
Hana bayu tan pahayu (tanpa bayu), Hana sabda tan pasabda, Hana hda(p) tan pahda(p), Hana hurip tan (ha hu) kasengguh hurip, Tan swaran I ruhur.
Hana bayu aing sakini, Hana sabda sabda aing sakini, Hana hdap hdap aing (ni nu) sakini. Kumaha de(k) katuduh, ja hanteu tuduheunana. Kumaha de(k) kahdap, Ja hanteu hdappeunana. Kumaha de(k) katwa(ng)twan, Ja hanteu seungguh(h)eunana, tan tunggal tan premana tan wisesa, Ja pun twag ning pareng kwat, Hingan ning kasan.
Yata hening jagat, Yata sakini jatinistemen, Hamwa kapalang. Disengguh jati tan juti, Disengguh luput tan (tan) luput, Disengguh biheung tan biheung.
Yata bisa nyamuni sang hyang kapas,Na katuduh na jatinistmen, Na agama na tan katuduh, Nu ngadeuleu di jeba (we wu bi bu) jatinistmen. Nu kumaha nu maka ngahdap Dituduh ma tan katuduh.
Inya nu nuduh, inya nu katuduh. Inya nu nnyieun inya kajyieun. Makana tan katuduh. Beuteung: patingtim patingti(m) maneh, Mana katuduh nuduh maneh, mana kahdap ngahdap maneh. mana wayana carita nyaritakeun maneh, mana na nis nganiskeun maneh, mana (ha)na ngahanakeun maneh. na biheu(ng) luput ning biheungna, Lupu-luput ning luputna, Jatinistmen lupu jatinistmen.”
Sakitu tegesna jatinistmen, pun. Dah sarira ganal sakitu, Ya iki ya iku, Inya iki inya iku. Tucap na sang hyang raga alit, Ya na bayu sabda hda(p).
Ujar sira ng tang: “Ah wi(ng)sesa teuing aing, hamwa waya nu wisesa mana aing, hamwa waya nu leuwih mana aing, hamwa waya nu dewata mana aing, teka hanteu nu ngawisesa aing, ka pangkiuna aci jatinistmen.”
Ujar sira ta: “Ah bayu sabda had(p), eta teka nyenggug maneh, pangrasana ma hanteu acan, ditinggakeun ku ngaing. Mwajat deui(ng) na bayu sabda had(p), hengan sakiweu tapasna na ra(m)pes. Aing (aaing) jati na aing, aing wisesa na aing, acina dewata kabeh. aing aci Jatiniskala, aing aci Pata(ny)jala, kasi aci Prabu Cakrawati, aing asana ma.”
Ujar Aci Jatinistmen: “Bayu sabda had(p), mulah syia majar maneh, leuwih sadar maneh ja tina wisesana. Mulah majar maneh, aci na aci Prebu Cakrawati, Mulah inya ma inya, Kehna manggwalna ja waya rupa na raga.”
“Papa sya”, ujar bayu sabda had(p). “Ah eta si rampes, Ah eta Si Ijuna(ng) Jatinistmen, hanteu kajeueung, rwana, hengan kadenge swarana.”
Ujarna Aci Jatinistmen: “Ah bayu sabda had(p), rupa reka ku waya, ja aing nya nya na aci Jatinistmen, ja aing nya luput ning luput, ja aing nya hanteu ning hanteu, ja aing nya biheung ning biheung, ja aing nya leungit ning leungit, ja aing nya mwaksah ning miwaksah, ja aing jati ning jati, ja aing tmen ning tmen, ja aing sekar putih ning sekar putih, ja hanteu syiar(r)eunana, ja hanteu nu disyar hanteu teu nyiyar. Inya nu nyeueung inya nu kajeueung, Inya hana inya tan hana, Buni tan buni, Ereh tan ebreh.
Inya aing nu ngadeuleu, Di jeba ning dewata Di jeba ning hurip, Di jeba ning (hing hu ri ru) sang manwan, Di jeba ning ning jati, Di jeba ning biheung, Di jeba ning bayu, Di jeba ning sabda, Di jeba ning hda(p) Dideuleu tan kadeuleu. Aing nu ngadeuleu, (di jeba) bayu tan meulu bayu, ngadeuleu sabda tan milu sabda, ngadeuleu had(p) tan milu hda(p). Aing sang Manwan, Dipitegelan bayu sabda hdap. Sabda nu ngiwkaskeun sarwwa ni(ng) ajnyana, Sarwwa ning gama (sa).”
Sakitu bayu sabda hda(p). Haywa sira tan w(e)ruh ri jatinika. “Mulah sya majar maneh leuwih, ja sya bayu bayu aing, had(p) had(p) aing, hurip hurip (p) aing, aci aci aing, dewata dewata aing, patanyjala patanyjala aing, cakrawati cakrawati aing. Inya aing inya syia, Inya syia inya aing.”
Sakitu bayu sabda hdap. Ya tan a aci Jatinistmen, teu kadenge jati remwana, ri riga jati niskala.
Apet ma ngawindu larang, si nuta danisdya, wi(ha) cwarnilas teulu suniras. Mana adras linglang jiwana, Jauhna wineh ku riga danuh ring kibas, marem manuharemngakeun, t(eu)lu gana wiksuh manurihan, ta wanaditya pada ma.
Yateka waya di sa(k)si, raga alit ta yata na Jatinistmen, teka pet rasa pet cinta, pet had(p) pet sabda di jeba sabda, pet bayu di jeba (ba)yu sabda hda(p).
Ujar sira: “Ah bayu sabda had(p), inya keh aing nu mangka kumapa eta. Leu(m)pang (ng)aing kanyahwaan, datang aing tan kahyahwaan, tekang waya di sa(k)si, apan aing i(ta)nanya aci Jatinistmen, aci Prabu (ci cu) Cakrawati. Inya ngara(n)na lamun ta: bayu dibaywan sabda disabdaan deui, Had(p) dihdapan deui, Hurip dihuripan deui, herang diherang(ng)an deui, Jati dijatyan deui, niskala diniskalaan deui, alit dialitan deui, lenyep dilenyepkeun deui, Tali(ng)nga ditali(ng)ngakeun deui, le(m)pang di leumpangkeun deui, Geuing di geuingkeun deui. Dungkuk iyeuna, lekah mangan nginum, aguna magaway.
Aing mana yukti, mana wastu bayu sabda hdap(a). Syanu purah ngawaskeun, Sa(ng) Manwan ma nu dipitegelan. Sang Manwan nulis manwan, tinulis Sang manwan kahanan papa, na panwangtwan, nyarita dicaritakeun.
Aing nu ma(ng)hanakeun. Aing hurip wisesa Sang Manwan. Ya sina(ng)gguh ngajati remsa(n) niskala. Uh rem uh basa luput sarba nma, uh karwa(ng)twanna ma tu(ng)gal niraga.
Sakitu geugeus na Jatiremsan(a), di raga Jatiniskala. Byakta Iwirnya raga dewata niskala, Katwangtwan ku na waktek dewata kabeh.
“Aing ma tan kanyahwaan. Lamun ngajati remsan di manusa, Byakta iwirnya, Kadi manusa katwa(ng)twan, Ku wwang buta manusa. Apan bisa nyamuni, Sang Hyang Rampes, Aci Jatinistmen, aci Prabu Cakrawati, Tan kna tinuduh(h)an, deneng mula murtinya, deneng buta manusa.”
Nu katuduh raga nu ganal rupa manusa, nu keuna dingaranan di manusa. Yata katuduh Prabu Cakrawati, K(eu)na ti nuduhan deneng, ragu na raga di manusa, Euweu(h) keneh sawake num ajar inya.
U di wiku manarawang, U di ratu manarawang, mana majar inya. U di janma manarawang, Mana majar inya.
Wwang buta manusa ma(na) tan wruh. Marukan lain hurip bumi, hurip buwana.
Ditamakeun kaulinan(n)ana, ditamakeun bebegiganan, manten ngabage ngabanycana. Nu mangka inya tan kawruhan. Ya sa(ng)kan aja nemu rampes, Keuna ku na papasang(ng)an, ngabamswa maring wwat gwanggang, kapanggih wwat ugal-eugil, tata duuman watek, Wwang pungung sakitu.
“Ya sakini aing inya, nu tan karasa bayu sabda hda(p). Aja kalingane waya, nu rampes mannan aing.” Ujarna ta: “Ah karah had(p) pet, hana sakini rampes, had(p) pet(a) karah, hengan aing na wisesana. Waya deui ngara(n)na, mana aci ku nu aci, nya mana aing wisesana, Ku nu wise(si su)sa ngaran(n)a.”
Ujar Aci Jatinistmen: “Bayu sabda had(p), waya aing nu wisesa, na tata anggeus matingtim, di jeba patingtiman, di jeba ning dewata, di jeba bayu sabda hda(p). matangyang Sang Manwa, Sang Maha Sarira. Ya dina alit ning bayu sabda hda(p). Yata manapet metu sakeng tan hana. Ya mana rasa ci(n)ta, Hdap bayu sabda, bray bayu sabda, bray kalwar wkas tuna, sabda niskala. Sakecap nyata pet rahasyea, siwah tatwa maya, tan(a) tunggal bayu sabda hda(p), tunggal ni(ng) deuleu, tunggal ning denge.
Uh anggeus nywawana sabda, Nywawana had(p), Nywawana bayu, Nywawana kade(ng)nge, Nyawawana kajeueung, Na aci Jatinistmen. Yata ngarana bayu sabda had(p), tunggal di gurip jati ning wisesa, Watek nistemen.”
Yata sakitu na tegeng Jatiremsan, uh ya putu remsa(n) niskala, Uh nya mana pawekas na sabda tunggal, Ah na sabda nya ngaran(n)a. Saikang sangamwa sanidwa, maletwa sastra maswang na ika, na sabda kapigang sang uninga hengan. Pun (***)
Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Dari : Gambaran Kosmologi Sunda, Undang A Sudarsa dan Edi S. Ekadjati, Pustaka Kib;at Utama, Bandung - 2006
Gunung Sepuh
Gunung Sepuh
Ajaran Islam
Assahhadu anlah (ha) ilahlalah, / Wassa adu ana mukamadan rasululah./ Sun angawruhi satuhune, / Ora kasinembahan ing, / Hanane kang tetep kang langgeng, / Ka suci kang luwih suci, /Kang murba ing diri, / Ning wujud helmu suhud.
Lah(h)iya maher/luhung,/ Lah iya hora kawula dadi gusti, / Lah iya (ma)her luhung./ Punika tedak saking agama suci, / Saking Kangjeng Pangeran Sumanagara Titis.
Asahhadu sahe karbanyar, / Suci akahheka rasululah, / Banyu suci metuk saking, / Ti mullah karsa allahku, / Hing dina dina Saptu.
Usali parilan anglalahor ri,/ Areba urakatin adaan imaman, / Lilahhi taalah, Alah hu a(k)bar. / Usali parelan magribi, / Sarasa rakatin ada imaman, / Lilahhi taalah, Alaku akbar.
Usali parelan isa’i / Rakataheni adaan imaman, / Lilahhi taalah Alahu a(k)bar. / Kabira walkamdu lilahhi kasirran, / Pasubhanalah hibukratan wahasila. / Subahana rabiyal halin awabikamdihi, / Subana rabiyal alim wabihamdihi.
Ruku.
Samiyalah uliman, / Uoraba lakal hamdu./ Suba(h)ana rabiyal lala wabikam.
Sujud ; tangi sujud.
Wabi parreli wara amni,/ Warah jukrni wadini wah apwani. Atasiyat tulilahhi,/Salaman a(la)eka ahannabiyu,/ Waramaktullahiwahbarrekattuh./ Asalamun alaekatuh,/ Annbiyu warahmattu lahiwabarakattu. Usaliman alaena paella ibadillah him saliim. Hasada hanlahhilah hahilalah, / Waasaduana muhamandfan rasululalah. Ala(h)umasali alah muhamaddin, / Walali muhamad. Samialah huliman kamida, / Hurabana lakal kamdu Rabu samawati wal hardi. Nini serepet kaki serepet, / Si(ng) kida(nga) majangngan nerepet, / Ta sing batu kayu watu.
Pupu repug rerep sirep, / Sirep diingu ku puti. Lebur dadi banyu, / Lebur diksa jara putih, / Sang ratu maring alah, Masup metu maring guha.
Bubar. Cag (***)
Disadur Oleh : Agus Setia Permanna
Dari Koropak 421 Teks 4.
Sumber : Kosmologi Sunda, Undang A. Sudarsa dan Edi S. Ekadjati. Kiblat – 2006
Ratu Pakuan
Ini carita Ratu Pakuan/ Ti Gunung Kumbang/ Gunung Giri Maya Seda/ Petapaan Pwahaci Mambang Siyang/ Nitis ka Rucita Wangi/ Ahis Tuhan Jaya Sakti/ Seuweu Patih Sang Atus Wangi/ Munding Cina pulang dagang/ Basa pula ti lumajang/ Sakelel miduwa basa/ Nu beunghar di pabeyan/ Gunung Tara Maya Seda/ Bukit Si Panglipur Manik/ Patapaan Pwahaci Mambang Kuning/ Nitis ka Manik Dewata
Ka Sang Raja Angsa/ Ahis Ratu Premana Tuhan Paksajati/ Seuweuna Serepong Wangi/ Nu beunghar di Taal Wangi/ Gunung Cupu Bukit Tanporasih/ Patapaan Pwahaci Nirwati/ Nu nitis ka Tambo Agung nu Leuwih kasih/ Ahis Tuhan Rahmacute/ Seuweu Patih Parebu Wangi Serepong/ sira Punara Putih ti Sumedanglarang
Gunung Cupu Bukit Tanpor asih/ Mandala Tanpa Wahanan/ Sri Gina Bukit Manghening/ Patanjala panenjoan/ Gunung Si Purnawijaya/ Peuntaseun Sanghiyang Linggamanik/ Di Sanghiyang Windupatala nu euyeuna/ Gunung Lenggang patapaan Pwahaci Manireka/ Nitis ka Subanglarang/ Ahisna Jayapremana
Seuweuna Jero Kuningan/ Mangkubumi Singapura/ Nu beunghar di Sumurwangi/ Gunung Cupu Bukit Tanporasih/ Mandala Tanpo Manghening/ Sri Gina Bukit Manghening/ Mandala Tejapetala/ Patapaan Hinten Mananggay/ Nitis ka Majalarang/ Ahisna Tajimalela Panji Romahiyang/ Seuweuna Demung Tabela panji Ronajaya
Dayeuhna di Singapura/ Gunung Lenggang Mandala Herang/ Bukit Si Panglipur Manik/ Mandala Tanpa Wahanan/ Sri Gina Bukit Manghening/ Patanjala Panenjoan/ Peuntaseun Sahyang Goan/ Gunung Si Purnawijaya/ Lumenggang larang sorangan/ di Sanghyang Keusik Manik Matu Mirah
hanjuan di kebang homas/ patapaan raga Pwaherang Manik/ nitis kanu geulis rajamantri/ nu geulis palang ngajadi/ nu micaya sisit peuting cangkang beurang/ kala hese panonpoe/ miawak seda karuna/ ahis Tuhan Sunten Agung Sang Raja Gunung/ seuweuna juru labuhan/ dayeuhna di Pagulingan/ mangkubumi di Sumedanglarang/ ngapwahan moheta bedas
nu ngirutan haci dewata/ Gungung Guruh Bukti Sripebakti/ Salaka Sanghyang Nusa/ Di susuku Gunung Kumbang/ Bukit Si Salaka Mirah/ Mandala Sri Kapundutan/ Di Sanghyang Salalading/ Nu mepek na Bumi Manik/ Patapaan Bagawat Sang Jalajala/ Susulan watek Dewata/ Murba di Bumi Pakuan/
Gunung Paguh mandala Kumpay Bwana/ Patapaan Batara Tunggal/ Nu nitis ka Sunten Agung/ Ngapuhan moheta bedas/ Mahanan di Gunung Kumbang/ Gunung Gorak Mandala Terus Patala/ Patapaan Batara Jaya Merang/ Nu nitis ka Amuk Murugul/ Sang Mantri Agung Mereja Sang Mantri Jaya/ Seuweu Tuhan Lampung Jambul/ Kidang Sawakul patumuhan/
Ti nu geulis Sang Titi Sang Geulis Wangi/ Ngapuhan moheta bodas/ Tujuh Sanghyang Mahut Putih/ Nu mungguh di Handaru/ Deung Sanghyang Linggamanik/ Deung Sanghyang Hindithinditan/ Nu mungguh si siki panon/ Deung Sanghyang Karang Curi/ Nu mungguh tumpak di huntu/ Deung Sanghyang Cadas Gumantung/ Nu mungguh di tungtung letah/
Deung Sanghyang Cadas Putih Gumalasar/ Nu mungguh di harigu/ Deung Sanghayang Adong Agung/ Sagede munding saadi/ Nu mungguh tulang tonggong/ Deung Sanghyang Bitung Wulung patet ka langit/ Nu mungguh tumpak di siki eta/ Reujeungna ngajadi Gunung Paguh/ Mandala Hibar Bwana/ Patapaan Batara Wisnu Dewa/
Nitis ka Tajimalela Panji Rohmahiyang/ Gunung Jajar Sri Lenggang/ Patapaan Buyut Sang Herang/ Nitis ka Rahmacute/ Gunung Tilu mandala Reka Maya/ Patapaan Batara Wisnu/ Nitis Jayasakti/ Gunung Manik mandala Si Nata Lenggang/ Patapaan Batara Wisnu Wisesa/ Nitis ka Jayapremana/ Halayna hanteu kabita/ Ku nu geulis tus dilaki/ Dicarita Ngabetkasih/ Kadeungeun sakamaruhan
…….
Bur payung agung nagawah tugu/ Nu sahur manuk sabda tunggal/ Nu deuk mulih ka Pakuan/ Saundur ti dalem timur/ Kadaton wetan buruhan/ Si mahut putih gede manik/ Maya datar ngaranna/ Sunijalaya ngaranna/ Dalem Sri Kencana Manik/ Bumi ringit cipta ririyak/
Di Sanghyang Pandan Larang/ Dalem si Pawindu Hurip/ Bumi hiji beunang ngukir/ Kadua beunang ngareka/ Katilu bumi bubut/ Kahopatna limas kumereb/ Kalima badawang sarat/ Kegenep bumi tepep/ Katujuhna hanjung meru/ Kadalapan tumpang sanga/ Kasalapan pangencayan/ Hanjung pengherit deung rekeng/ Rekeng pagerit deung hanjung/
Ngaranna Dalem kalangsu/ Bumi manik kamaricik/ Ngaranna Ganggang Hopatih/ Bumi ricik di Sanghyang Sumurbandung/ Dina gelar pametonan/ Katanon panto ranjang/ Di Sanghiyang Wana Datar/
Malangna tuah paseban/ Bale bubut bale mangu/ Bale watangan bale tulis/ Lamena di bale sitan pawahanan/ Pamoha pangulag tenah/ Saha nu angkat ti heula/ Tan liyan Girang Nanggaranan/ Nu nangganan para putri nu geulis/ Nu ceput agung bang jaya/ Kandegana Kentring Manik Mayang Sunda/
Bok janur larang bancana/Ahisna Amuk Murugul/Sang Mantri Agung Mareja Sang Mantri Jaya/Seuweu Tuhan Lampung Jambul/ Kidang sawakul patimuhan/ Ti nu Geulis Sang Titi Sang Geulis Wangi/ Bur ti heula ley pandeuri/ Iyu nahun suhunan/ Baluk karas himbal kararange/ Besek jati dipasagi bubuleud emas/
Tetek taleh salaka/ Sasaka gading ditapak liman/ Baaneun ka Pakuan/ Bur jolian homas/ Dipucakan ku camara gading/ Dililingga ku homas/ Ngaranna tan garantay/ Dipuncakan ku mirah/ Tupak dikarang mataja/ Singasari keri kanan/Payung wilis lilingga gading/ Dipuncakan ku manik molah/ Payung getas lilinggaan/ Dipuncakan homas/ Deung payung saberelian/
Beunang ngagaler ku lungsir/ Tapo terung homas keloh/ Gelewer paraja papan/ Kikiceup deungeun liliyeuk/ Deg semut sama diulur/ Betana tatama pindah/ Bur kadi kuta sri manglayang/ Lumenggung di awang awang/ Juru kadi ti pandeuri/ Juru kandaga ti heula/ Deung sawung galing kiwa tengen/ Ditengah kidang kancana/
Saha nju di singabarong/ Bur ti heula ley pandeuri/ Satagana lahin deuhi/ Nu Geulis Tan Bunga Sari/ Ahis Tuhan Bima Raja/ Putri ti Lohdatar Luhar/ Deung nu geulis Sriwati/ Ahisan Munding Dalima/ Putri ti Gunung Kayapu/ Deung nu Geulis Raja Kalapa/ Ahis Tuhan Bima Kalang/ Putri ti Kalapa Jajar/ Deung nu Geulis Limur Kasih/ Ahisna Panji Bomapati/ Putri ti Pasir Batang/ Bur nu nurut lakiyan/ Tujuhan sapilanceukan/ Haritacang Haristacu/ Harikeling Harismaya/ Seuweu Parebu di Tanjung Wetan/ Nu pupus sapihunungan/ Nu hilang ku ketang mosoh ku bajo/ Paheh ku wangi sagara/ Deung nu geulis Dewi Samatra Ratu Larang/
Ahisna Kebo Tape Panji Tagehan Wangi/ Putri ti Tanjung Nagara/ Bur nu nurut lakiyan/ Haning cina Sri Wangi/ Sari Putri Batari/ Tarahan wang/ Seuweu susuhunan Makabo/ Nu pupus sapihunungan/ Deung nu geulis Maya Pakembangan/ Nu pupus sapihunungan/ Hilang di Karang Sidulang/ Deung nu geulis Dewi Banding/ Ahisna munding Dalingin/ Putri ti Kutawaringin/ Deung nu Geulis Aci Manglaya/ Ahisna kebo Manglaya/ Putri Tungtung Pasang/ Deung nu Geulis Dewi Rarage/ Ahisna Tulang Kalang Bate/ Putri ti nusa pali/ Kabogoh kuna jeneng putri/ Hapur kembang hideung santen/ Maromon kenana carang/ Sairung deung Embo Agung/ Satarang deung Raja Angsa/ Sapipi deung Ngabetkasih/ Irung kadi pala kurung/ Panon kadi kaca cina/
Barentik na bulu panon/ Taktak taraju jawaeun/ Hejo kelek teu buluhan/ Ngarana twa si danuh/ Pangaruh reya maru/ Pangawet diboga salaki/ Bengsal teu dipiwarang/ Deung nu geulis Dewi Raja Kabalahan/ Ahisna Lembu Pepeteng/ Putri ti Pasuketan/ Bogoh kuna jeneng putri/ Jembut awak kambuy beuteung/ Parandane digedekeun/ Da ahis kandaga Lante/ Bur ti heula ley pandeuri/ Sataganan lahin deuhi/ Nu geulisna Tunjung Mambang Sari/ Ahisna Gajah Bungbang/ Putri ti Pulo Kambangan
..........
Hana Caraka/ Data sawala/ Pada jaya/ Nya maga batanga/ Sadu pun/ Sugan aya sastra/ Leuwih suda baan/ Kurang wuwuhan/ Beunang diajar nulis/ Gunung Larang Sri Manganti. Cag (***)
Disadur Oleh Agus Setia Permana
Dari Naskah Ratu Pakuan. Oleh Drs. Atja, Ratu Pakuan, 1970.
Disadur dari Lima Abad Sasra Sunda – Sebuah Antologi – Jilid 1,
Geger Sunten – Juni 2000.
Disadur dari Lima Abad Sasra Sunda – Sebuah Antologi – Jilid 1,
Geger Sunten – Juni 2000.
Sirsilah Prabu Siliwangi
Punika Prabu Siliwangi,/ Puputra Mundingsari Ageung,/ Puputra Mundingsari Leutik,/ Puputra Raden Panglurah,/ Puputra Pucuk Umum/ Puputra Sareupeun Nagara,/ Siya puputra Sunan Parung,/ Puputra Sunan Talagamanggung,/ Puputra Sunan Dampal,/ Puputra Sunan Genteng,/ Puputra Wanaperih,/ Puputra Sunan Ciptarengga,/ Puputra Satonga Asta,/ Puputra Eyang Wargasita.
Saderekna Ki Enjot Nayawangsa, / Ki Entol Panji,/ Sadulurna Nyi Asta, / Ki Dipati Talaga,/ Ki Arya Saringringan,/ Ki Mas Yudamardawa,/ Ki Mas Badapati,/ Ki Mas Wangsakusumah,/ Ki Mas Badapati,/ Ngabera Sajiwa,/ Ngabei Sacabawa,/ Ngabei Manggungyuda,/ Satowaan Candrawali,/ Satowaan Kemis, / Satowaan Salasa.
Sunan wanaperih,/ Pawarangna Nyi Masa Palembang,/ Puputra Ki Dipati Darma,/ Puputra Ki Arya Wanaraja,/ Puputra Ki Arya Danupati.
Sadulurna Ngabeui Anggadipa/ Ki Ento Adijaya,/ Raden Adiwinata,/ Raden Abdul,/ Raden Mangri,/ Raden Bito,/ Raden Betri,/ Sang Rantaka,/ Dalem Nalakerti,/ Ki Entol Wargadata,/ Ki Agustanu,/ Ki Entol Wangsataka Makucar,/ Uyut Doyot, / Uyun Lita,/ Uyun Rata.
Ki Dipati Darma/ Puputra Kiyai Wihataka./ Sadulurna Mas Sungataka,/ Ki Mas Singakarta,/ Ki Mas Panji Lasana,/ Nyi Mas Angunsari,/ Nyi Mas Icah,/ Ki Mas Darmayuda.
Ki Dipati Cibun,/ Puputra Pangeran Sacanata./ Sadulurna Raden Sumayuda,/ Raden Jawiyi,/ Raden Wangsanagara (Raden Sumayuda)./ Raden Suradiwangsa,/ Puputra Pangeran Tugung.
Saderekna Pangeran Demang, / Raden Cakranagara, / Raden Bule, / Raden Marsani, / Raden Lulud Pawangi, / Ratu Megu, / Pangeran Demang,/ Pangeran Santri Winata. / Pangeran Sacanata,/ Puputra Raden Jasuta.
Sadulurna Raden Merretadinata,/ Raden Nayawisuta,/ Raden Mabreu,/ Raden Wangsamanggala,/ Raden Kartwangsa,/ Raden Satataruna,/ Pangeran Nanamo,/ Ratu Sri Kadaton,/ Ratu Demuk, / Raden Paragi. / Raden Jasuta,/ Puputra Pangeran Wiranata.
Sadulurna Raden Jamarta,/ Raden Wangsadinata, / Raden Kutadinata, / Raden Mariyu, /Raden ……………….
-o0o-
Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Cuplikan dari : Koropak 421 Teks 1
Dalam Buku : Kosmolofi Sunda, Undang A. Sudarsa dan Edi S. Ekadjati, Kiblat 2006.
Serat Maha Purwa
Murwa
Serat Mahapurwa nyarioskeun lalakon Sang Hyang Adama, Sang Hyang Sita, Sang Hyang Nurcahya, Sang Hyang Nurasa, Sang Hyang Wenang, Sang Hyang Tunggal, sareng Sang Hyang Manikmaya. Wawaton seratan iyeu ngarujuk kana Serat Paramayoga garapan Pujangga Ranggawarsita di Surakarta anu ngarujuk Serat Jitapsara garapan Begawan Palasara di Astina sareng ngarujuk Pustaka Darya garapan Sang Hyang Nurcahya di Lokadewa.
Lalakon Sang Hyang Adama
Kocap kacarita Sang Hyang Adama saparantosna diturunkeun ka alam dunya sareng dihampura dosana, ngadeg raja di Kusniamalabari, ngaratuan sato kewan. Daharna tina pamuja. Sang Hyang Adama nyiptaken taun surya sareng taun candra, teras nyipta Tanajultarki kangge miwitan pepelakan na taun 129 SA atawa taun 133 CA. Teu lami bojona Sang Hyang Adama nyaeta Dewi Hawa babaran kembar dampit putra-putri. Kembar dampit kahiji rupana awon, kadua sae, katilu awon, kaopat sae, kalima awon, kitu saterasna dugi opat puluh dua kali, nanging anu kagenep sareng ka opat puluh hiji teu dampit.
Saparantosna gaduh putra lima dampit, Sang Hyang Adama bade ngajodokeun putra-putrina. Putra anu gagah dijodokeun sareng putri anu awon. Putri anu geulis dijodokeun sareng putra anu awon. Jadi teu dijodokeun saluyu sareng dampitanna.
Ari pangersana Dewi Hawa, putra-putrina dijodokeun saluyu sareng dampitanna, anu gagah dijodokeun sareng anu geulis, anu awon sareng anu awon. Jojodoan iyeu jadi pasulaya antara Sang Hyang Adama sareng Dewi Hawa. Pasulayana ngantos rebutan kawasa ngaluarkeun rahsa anu diwadahan ku cupumanik sareng dipujakeun ka Gustina.
Saparantosna dugi kana wancina, cupumanik dibuka. Rahsa pamuja dina cupumanik Sang Hyang Adama janten babayi nanging ngan raragana wungkul; sedengkeun rahsa pamuja dina cupumanik Dewi Hawa ngawujud getih. Dewi Hawa ngarasa nalangsa ku kaayaan eta.
Jabang bayi anu aya dina cupumanik Sang Hyang Adama kena ku dihim pinasti janten jabang bayi anu sampurna kacaangan ku cahya nurbuat sareng aya sasmita ti Gusti nami eta jabang bayi teh Sang Hyang Sita. Mantenna suka bungah anu teu aya papadana.
Teu lami aya gara-gara, cupumanik Sang Hyang Adama katiup angin puyuh lilimbungan tumiba kana teleng sagara hideung. Cupumanik kacekel ku Danyang Azazil, ratu banujan anu ngawasa sagara hideung.
Ahirna Dewi Hawa manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. Sadaya putra-putrina lobana opat puluh dampit, sareng aya anu dua anu teu dampit nyaeta Sang Hyang Sita sareng Dewi Hunun.
Putra-putri Sang Hyang Adama nyaeta
Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Habila, Dewi Damima, Sang Hyang Isrila, Dewi Sarira, Sang Hyang Israwana, Dewi Mona, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi Dayuna, Sang Hyang Sita, Sang Hyang Yasita, Dewi Awisa, Sang Hyang Sesana, Dewi Aisa, Sang Hyang Yasmiyana, Dewi Ramsa, Sang Hyang Yanmiyana, Dewi Yarusa, Sang Hyang Suryana, Dewi Siriya, Sang Hyang Amana, Dewi Mahasa, Sang Hyang Kayumarata, Dewi Hindunmaras, Sang Hyang Yajuja, Dewi Majuja, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, Sang Hyang Harata, Dewi Haruti, Sang Hyang Danaba, Dewi Daniba, Sang Hyang Bantasa, Dewi Bintisa, Sang Hyang Somala, Dewi Susia, Sang Hyang Jamaruta dampitanna Dewi Malki, Sang Hyang Tamakala, Dewi Tamakali, Sang Hyang Adana, Dewi Adini, Sang Hyang Harnala, Dewi Harnila, Sang Hyang Samala, Dewi Samila, Sang Hyang Awala, Dewi Awila, Sang Hyang Astala, Dewi Astila, Sang Hyang Nurala, Dewi Nureli, Sang Hyang Nuhkala, Dewi Nuhkali, Sang Hyang Nuskala, Dewi Arki, Sang Hyang Sarkala, Dewi Sarki, Sang Hyang Karala, Dewi Karia, Sang Hyang Dujala, Dewi Dujila, Sang Hyang Katala, Dewi Katili, Sang Hyang Arkala, Dewi Arkali, Sang Hyang Mrihakala, Dewi Mrihakali, Sang Hyang Ardabala, Dewi Ardiati, Sang Hyang Sanala, Dewi Peni, Sang Hyang Pujala, Dewi Puji, Sang Hyang Sasala, Dewi Sasi, Sang Hyang Sahnala, Dewi Sani, Dewi Hunun, Sang Hyang Sahalanala, sareng Dewi Sahini
Nanging Sang Hyang Kabila, Dewi Alima, Sang Hyang Basaradiwana, Dewi Dayuna, Sang Hyang Lata, Dewi Uzza, teu manut kana aturan jojodoan Sang Hyang Adama. Sang Hyang Kabila teu saluyu, sareng hoyong dijodokeun ka jodo rayina nyaeta Sang Hyang Habila. Pasulaya rebutan jodo eta dugi ka rebutan pati. Sang Hyang Habila dipaehan ku Sang Hyang Kabila. Saparantosna rayina maot, Sang Hyang Kabila ngahuleng liyeur mikiran kumaha carana ngubur eta layon rayina. Teras aya manuk gaok totoker dina taneuh. Sang Hyang Kabila nurutan manuk gaok ngadamel liang lahat.
Sang Hyang Kabila sareng bojona Dewi Alima jeung Dewi Damima ditundung ku Sang Hyang Adama, teras ngalalana dugi ka tanah Afrika, disarengan ku rayina Sang Hyang Basaradiwana, sareng Dewi Dayuna. Kitu oge Sang Hyang Yajuja sareng dampitanna Dewi Majuja nyusul Sang Hyang Kabila ka tanah Afrika. Sedengkeun Sang Hyang Lata Sareng Dewi Uzza ngalalana ka tanah Asia.
Saterasna Sang Hyang Adama ngaratuan sato-kewan sareng anak-turunanna.
Lalakon Sang Hyang Sita
Saparantosna dewasa Sang Hyang Sita dipasihan jodo bidadari ku Gusti. Nami bojona Dewi Mulat. Rumahtanggana silih asah silih asih silih asuh.
Kocap kacarita, Danyang Azazil ratu banujan di Sagara Hideung hoyong ngajodokeun putrina anu namina Dayang Dalajah ka turunan Sang Hyang Adama sangkan bisa ngaratuan bangsa manusa. Danyang Azazil ngaboyong putrina ka Kusniamalabari. Kusaktina Danyang Azazil, putrina malih rupa janten Dewi Mulat. Sedengkeun Dewi Mulat anu asli kasarung leungit tanpa lebih ilang tanpa karana disumputkeu ku Danyang Azazil.
Kasurung ku gandrung kasorang ku cinta, Sang Hyang Sita saresmi sareng Dewi Mulat mamalihan. Kama manjing ing kenyapuri Dayang Dalajah kena ku dihim pinasti, cabar tina mamalihanana lajeng mulang ka Sagara Hideung sareng ramana Danyang Azazil. Dewi Mulat anu asli parantos katingali deui, sare sareng Sang Hyang Sita.
Dewi Mulat ngandung jabang bayi. Dina wancina ngalahirkeun, wayah janari Dewi Mulat babaran kembar, anu kahiji mangrupi bayi lalaki, anu kadua mangrupa cahaya. Wanci sarepna dina poe anu sami, Dayang Dalajah oge ngalahirkeun wujudna rahsa, lajeng dibawa ka Kusniamalabari Ku Danyang Azazil.
Rahsa sareng Cahaya gumulung ngahiji jadi bayi lalaki anu kalimputan ku cahaya gilang gumilang teu tiasa digarayang.
Eyangna, Sang Hyang Adama masihan aran ka eta bayi kembar. Anu kahiji namina Sang Hyang Nara, anu kadua Sang Hyang Nara, margi kalimputan cahaya katelah Sang Hyang Nurcahya.
Saparantosna dewasa, Sang Hyang Nasa suka kana elmu agama anu diwedar ku eyangna Sang Hyang Adama. Sedengkeun Sang Hyang Nurcahya suka tatapa di leuweung luwang-liwung, di pucuk-pucuk gunung, atawa dina jero-jero guha.
Sang Hyang Nurcahya suka ngalalana ngalanglang buana, teras papendak sareng Danyang Azazil anu malih rupa janten maharesi anu sakti mandraguna pasagi ku pangarti pinuh ku elmu jembar ku pangabisa. Sang Hyang Nurcahya guguru ka Danyang Azazil, diwuruk diwulang olah kanuragan, kasakten, elmu panemu jampe pamake, kawedukan, kabedasan. Sang Hyang Nurcahya teu tutung ku api teu baseh ku cai teu teurak ku badama, bisa mancala putra mancala putri, bisa ngaleungit tanpa lebih ilang tanpa karana, bisa ngagegana mapak mega jumantara, bisa ambles bumi neuleuman sagara.
Saparantosna tamat guguruna, Sang Hyang Nurcahya mulang ka Kusniamalabari. Sang Hyang Adama kaget ngaweruhan kaayaan incuna. Sang Hyang Nurcahya benten pisang sareng kembaranna Sang Hyang Nasa. Nanging Sang Hyang Adama teu kasamaran yen eta sadaya lantaran Danyang Azazil.
Sang Hyang Adama ngadawuhan putrana Sang Hyang Sita ngabaran yen Sang Hyang Nurcahya isukan bakal mukir tina agama Sang Hyang Adama lantaran nganut ajaran Danyang Azazil. Sang Hyang Sita ngahuleung ngaraga meneng, kaduhung ku kalakuan Sang Hyang Nurcahya.
Dina umur 990 tahun Sang Hyang Adama tilar dunya. Sadaya elmuna diwariskeun ka Sang Hyang Sita; sedengkeun kakawasaanna diwariskenana ka Sang Hyang Kayumarata, putrana anu ka tilu belas. Pambagian eta dumasar kana kaunggulan putra-putrana. Sang Hyang Sita janten pangawasa babagan rohani; sedengkeun Sang Hyang Kayumaratan janten pangawasa babagan jasmani.
Lalakon Sang Hyang Nurcahya
Maotna eyang Sang Hyang Adama janten memengen incunna nyaeta Sang Hyang Nurcahya. Anjeuna ngaraos kaduhung margi Sang Hyang Adama kena lara pati. Upami anjeunna masih netepan elmuna Sang Hyang Adama, pinasti anjeunna bakal kena ku lara pati. Teras Sang Hyang Nurcahya nilar Kusniamalabari bade milari elmu anu hanteu kena ku lara pati sangkan hirupna mulus rahayu lestari abadi.
Sang Hyang Nurcahya ngalalana dugi ka luar batas nagari Kusniamalabari. Di tepis miring anu tumuju ka leuweung liwang-liwung, Sang Hyang Nurcahya papendak sareng Danyang Azazil. Anjeunna dibantun ka talatah Awinda nyaeta wewengkonna para siluman, anu kacida wingitna, poek-mongkleng, sareng tiis-tingtrim, ayanna di puser bumi belah kaler, anu teu kaambah ku cahaya panon poe. Di dinya ayana Tirtamarta Kamandalu, nyaeta cai kahuripan anu kaluar tina mustika mega.
Sang Hyang Nurcahya sareng Danyang Azazil muja ka Gusti sangkan dipasihan Tirtamarta Kamandalu. Lajeng aya mega lalambakan mocoran cai kahuripan tina Sagara Rahmat. Sang Hyang Nurcahya disuruh mandi sareng nginum Tirtamarta Kamandalu. Sang Hyang Nurcahya hoyong ngawadahan eta cai kahuripan nanging teu mawa wadah. Danyang Azazil masihan wadah namina Cupumanik Astagina anu saleresna kagungan Sang Hyang Adama waktu katiup angin puyuh liliwungan lagrag dina teleng Sagara Hideung wewengkonna Danyang Azazil. Cupumanik Astagina gaduh kasaktian sadaya anu diwadahan ku eta cupu moal bakal seep.
Lajeng Sang Hyang Nurcahya kaluar ti talatah Awinda, sareng Danyang Azazil leungit tanpa lebih ilang tanpa karana. Sang Hyang Nurcahya neraskeun lalampahanna sorangan. Di hiji talatah anjeunna mendak hiji tatangkalan anu akarna tiasa ngalantaran hurip kajati mulang ka asal kebo mulih makandangan, sumber kahirupanna alam dunya, anu katelah Lata Maosadi.
Wancina Sang Hyang Nurcahya bade mulang ka Kusniamalabari bingung kasarung teu emut kamana jalanna. Anjeunna kalunta-lunta ngalalana ngambah jurang jungkrang, gunung nangtung, leuleuweungan.
Dina hiji poe anjeunna anjog ka sisi sagara, sareng ningali aya dua mahluk nangtung di luhur sagara. Sang Hyang Nurcahya nampak sancang leumpang di luhur cai nyaketan eta mahluk. Anu kahiji namina Danyang Haruta, anu kadua Danyang Maruta. Baheulana mah eta mahluk teh namina Sang Hyang Isyana sareng Sang Hyang Isaya anu meunang bebendu ti Gusti katulah janten banujan nyaeta bangsa jin.
Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngawuruk kaweruh Sang Hyang Nurcahya babagan lumakuna bumi, panon poe, bulan, bentang, anu katelah elmu palakiah, sareng elmu hikmah.
Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjena hoyong terang sorga. Danyang Haruta sareng Danyang Maruta ngadongeng yen soga eta ayana dina hulu walungan anu pang ageungna di talatah Afrika. Sang Hyang Nurcahya percanten ka eta dongeng lajeng ngalalana milarian sorga nutuykeun eta walungan.
Sang Hyang Nurcahya papendak sareng paman jeung bibina, nyaeta putra-putri Sang Hyang Adama anu ka lima belas namina Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nuju tatapa di sisi eta walungan. Sang Hyang Nurcahya nyarita yen anjeunna putrana Sang Hyang Sita. Sang Hyang Lata sareng Dewi Uzza nampi kadatangan Sang Hyang Nurcahya, lajeng diwuruk elmu kaweruh sadurung winarah sadaya lalakon anu parantos atawa bakal kasorang.
Lajeng Sang Hyang Nurcahya neraskeun milarian sorga dugi ka talaga Jambirilahiri di hulu walungan anu ayana di pucuk Gunung Kaspia. Sang Hyang Nurcahya ngahuleng ngaraga mineng kaduhung ku bingung margina teu mendakan ayana sorga.
Aya sora tina jero kawah Gunung Kaspia anu api sareng latuna pating kolenyay murub-mubyar, ngaku-aku yen mantena eta Gusti Amurba Bumi anu kagungan sora sareng naraka. Eta sora teh dadamelan Danyang Azazil anu malih warna. Sang Hyang Nurcahya mesat ka jumantara ngadep Gusti Amurba Bumi nyuhun diweruhan ayana sorga. Sang Hyang Nurcahya lebet kana sosoca anu katelah Ratnadumilah, ningali kaendahan sadaya eusi sogra.
Saparantosna kaluar tina jero sosoca, Danyang Azazil anu malih warni jadi Gusti Amurba Bumi masihkeun Ratnadumilah ka Sang Hyang Nurcahya. Kasaktian eta sosoca teh sadaya anu dipikacipta aya, anu dipikahayang datang, teu keuna ku tunduh, teu keuna ku laralapa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya diwuruk elmu pangiwa panitisan, manjing suruping pati, lampahna cakramanggilingan.
Sang Hyang Nurcahya teu hayang mulang ka Kusniamalabari. Danyang Azazil nuduhan hiji talatah anu tiasa didunungan ku Sang Hyang Nurcahya anu katelah Lokadewa. Lajeng Sang Hyang Nurcahya angkat ka eta tempat.
Di Lokadewa, Sang Hyang Nurcahya neraskeun tapana di pucuk gunung nutuykeun lampahna panon poe. Wayah janari nyanghareup ka wetan, tengah poe nyanghareup ka luhur, wayah sareupna nyanghareup ka kulon. Lamina eta tatapa tujuh taun, dugi anjeuna ngaraga sukma lebet kana alam Sunyaruri awang-uwung, nyaeta alam Banujan. Sang Hyang Nurcahya dumunung di eta alam lamina sarebu taun.
Kocap kacarita aya hiji ratu banujan anu ngadanyangan Lokadewa namina Danyang Maladewa, putrana Danyang Harataketu. Anjeuna nuju ngider bumi ningali aya cahaya murub-mubyar sanes surya gilang gumilang sanes bentang kadia sosoca sanes candra, nanging cahaya sukma trahna Sang Hyang Adama.
Danyang Maladewa bade nyepeng eta cahaya nanging teu tiasa. Lajeng janten bandayuda ogol begalan pati sareng eta cahaya sukma anu ngaku-aku Amurbamisesa Alam. Danyang Maladewa kalah taluk ka Sang Hyang Nurcahya, anu saterasna ngadeg ratu di Lokadewa sareng migarwa putrina Danyang Maladewa anu katelah Dewi Mahamuni. Sadaya kulawarga sareng wadiabala Danyang Maladewa sami ngadep taluk hamarikelu ka Sang Hyang Nurcahya anu kasebat Dewata nyaeta guru linuhung Lokadewa. Eta wiwitanna para dewa disebat Sang Hyang magi julukan anu diagem ku Sang Hyang Nurcahya.
Kocap kacarita Sang Hyang Nurcahya julukanana Sang Hyang Dewata, Sang Hyang Dewapamungkas, Sang Hyang Atmadewa, Sang Hyang Sukmakawekas, Sang Hyang Amurbengrat, Sang Hyang Manon, Sang Hyang Permana, Sang Hyang Permata, Sang Hyang Mahawidi, Sang Hyang Mahasidi, Sang Hyang Mahamulia, Sang Hyang Kahanantunggal, Sang Hyang Jagatmurtitaya, eta putrana Sang Hyang Sita, incuna Sang Hyang Adama.
Sang Hyang Nurcahya gaduh putra tunggal ti garwana Dewi Mahamuni, anu namina Sang Hyang Nurasa margi kacipta tina aworna cahaya sareng rahsa anu disiram Tirtamarta Kamandalu.
Lalakon Sang Hyang Nurasa
Saparatosna Sang Hyang Nurasa dewasa, lajeng Sang Hyang Nurcahya ngawariskeun karaton ka putrana sareng masihan Cupumanik Astagina, Lata Maosadi, sareng Ratnadumilah. Sang Hyang Nurcahya lajeng nyipta Pustaka Darya, nyaeta seratan dina emutan, mantra tanpa sora, sora tanpa sastra, anu nyaritakeun lalampahan anjeunna. Pustaka Darya oge dipasihkeun ka Sang Hyang Nurasa. Cag (***)
Disadur Oleh : Agus Setia Permana
Dari : permenkaretmolor.multiply.com
(apa kabar mas permenmolor : by puyya)
Langganan:
Postingan (Atom)
Hatur Punten
Untuk perbaikan dan sarana dimohon untuk tinggalkan PESAN, Jawaban dan Hasinya dapat dilihat di BLOG SANG RAKEAN. Hatur Nuhun